Adab Motong Kuku



  1. .Kuku ulah diantep manjangan salila 40 poe saba'dana dipotong kukuna.
     Ngadawuh Anas bin Malik:
    "Tos ditangtoskeun waktosna ka kami nyukur kumis, motong kuku, nyabut bulu kelek 
    jeung bulu ari- ari supaya kami teu ngantep nepi ka 40 peuting". (HR.Muslim).
  2. Disunnahkeun motong kuku dina poe senen, kemis jeung juma'ah.
    Diriwayatkeun ku Abu Hurairoh ra: "Saestuna Rosululloh SAW motong kuku
    jeung nyukur kumis dina poe juma'ah samemeh anjeuna kaluar pikeun netepan (jum'ah)".
    (HR.Al-Bazzar jeung Thobroni).
    Diriwayatkeun ku Abu Sa'id Al-Khudri jeung Abu Hurairoh ra: "Saha-saha anu mandi
    dina poe juma'ah, motong kuku, make seuseungitan sarta make pakean anu
    pangalusna, terus kaluar ti imah sahingga nepi ka masjid manehna henteu ngalengkahan
    jalma-jalma anu geus aya dina shof (barisan), terus maneh sholat (sunnat) naon bae sarta cicing
    nalika imam keur khutbah sarta jempé nepi ka anggeus sholat, mangka eta jadi tetebus dosa ti juma'ah ka juma'ah saméméhna". (HR.Ahmad).
    Nurutkeun Ibnu Hajar ra, disunnatkeun motong kuku dina poe kemis, atawa dina poe juma'ahisuk-isuk, atawa dina poe senen.
    Nurutkeun Imam Syafi'i, disunnatkeun motong kuku samemeh sholat juma'ah sarengsena
    mandi, ngosok huntu, make seuseungitan sarta make baju samemeh ka masjid.
    Malah hiji hadits anu diriwayatkeun ku Syekh Baijuri jeung Ibnur Rifah nyarioskeun
    Rosululloh SAW parantos ngadawuh: "Sing saha anu motong kukunana dina poe:
    1) Sabtu: Mangka kaluar tina awakna obat jeung asup kana dirina panyakit.
    2) Minggu: Mangka kaluar tina dirina kabeungharan jeung asup kamiskinan.
    3) Senen: Niscaya kaluar tina dirina panyakit gelo jeung asup sehat.
    4) Salasa: Niscaya kaluar tina dirina sehat jeung asup panyakit.
    5) Rebo: Niscaya kaluar tina dirina was- was jeung asup kana dirina kahinaan.
    6) Kemis: Niscaya kaluar tina dirina panyakit gelo sarta asup kana dirina cageur tina panyakit.
    7) Juma'ah: Niscaya kaluar dosa-dosana seperti nalika dilahirkeun ku indungna sarta asup kana dirina
    Rahmat ti Allah Ta'ala. 
  3. Urut potongan- potongan kukuna disunnatkeun dikubur.
    Perkara ieu parantos diriwayatkeun dina
    Kitab Fathul Bari nalika Ibnu Umar ra anu ngubur potongan
    kukuna. 

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »
gholextrezz@gmail.com. Diberdayakan oleh Blogger.

Arsip Blog

Toad Jumping Up and Down

Pengikut