Amanat Prabu Siliwangi

Hei..rahayat Sunda, iyeu kula datang, rek neupikeun hiji pamenta
kula ka arandika…..kula hayang nenjo sunda ngahiji dina lampah
jeung paripolah, sadogdog saigeul sapihadean, kacai jadi
saleuwi kadarat jadi salogak (kacai keur susuci kadarat keur ibadah)
Hiji amanat kula sing inget jeung kade poho,
“PAKUSARAKAN”,
 ulah paaing-aing, asa aing pang jayana asa aing
pang kakoncarana, asa aing pang akangna,
arandika salaku urang sunda hirup teh kudu silih mawangi, ulah julid ati
Rahayat sunda sakabeh, sadaya seuweu putu
SILIWANGI boh nu di priangan, nu di cirebon,
nu di banten oge seuweu putu sadaya anu aya dibuana
pancatengah..kula mihape kade pisan ulah
silih pagetreng jeung sasama putu SILIWANGI,
hade goreng masih dulur sorangan, mun salah ganjang omean
mun bener geuwat tutuekeun, Kade ulah jadi putu SILIWANGI
anu munafek, poho kalembur matuh banjar karang pamidangan, poho kageulung kade
yeuhh arandika sing inget timana keur dimana jeugn rek kamana
Nitip kula nagri sunda anu endah…

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »
gholextrezz@gmail.com. Diberdayakan oleh Blogger.

Arsip Blog

Toad Jumping Up and Down

Pengikut