Darmakusumah









 Darmakusumah teh putra Dewi Kunti Nalibrata ti Pandu Dewanata anu cikal.
Biasa di sebat Puntadewa atanapi Kontea .Jalaran anjeunna putra Pandu nu pangageungna,nya dijantenkeun raja di Amarta.
    Nalika di leuweung (alas) Amer,Kontea nawonkeun raja siluman,jenengannana Darmakusumah.
Saparantos kawon,raja siluman teh nitis ka Kontea.
Nya ti waktos harita Kontea teh ngangge lalandian Darmakusumah .
Alas Amer janten nagara Amerta.
    Darmakusumah kagungan kgarwa ka Dewi Drupadi putri raja Durpada  (Drupada) ti nagara Campala Dirja.
Aranjeunna kagungan putra pameget,jenenganana Raden Pancawala.
      Prabu Darmakusumah raja Amarta anu minandita.
Anjeuna sabar tawekal,adil sareng wijaksana.Anjeuna mikaasih ka rahayatna,sareng leket kana agamana.
Anjeuna salami gumelar di marcapada teu kantos nganyerikeun jalmi .
Iyeu teh sipat anjeunna ti aalit.Anjeunna kagungan jimat Jamus Layang Kalimasadha deuih.
      Dina Brata Yuda Prabu Darmakusumah kedah ngayonan Adipati Salya ti Mandaraka.
Anjeunna teu sanggemeun perang,jalaran ti bureyna keneh oge tara perang.
Jabi teu tiasaeun perang teh,kapan Adipati Salya teh kalebet sepuhna keneh.
Nanging ku alpukahna Prabu Kresna,Darmakusumah ngawengkangkeun panahna anu dibantu ku sukmana Bagaspati(mertua Salya),akhirna Salya ngemasing pati.
    Pupusna Salya dibantu ku pamales mertuana.Jalaran,kapengker mertuana ditelasan ku Narasoma (Salya).
Salya nelasan mertuana teh,awit ngaraos lingsem kagungan mertua danawa.
Sabda Barata Yuda ,Darmakusumah jeneng raja di Astina,salami 36 taun.
Saterasna Prabu Darmakusumah miwah para Pandawa sanesna arangkat ka Gunung Himalaya.Dupi maksadna taya sanes palay moksa.
     Darmakusumah angkat nyalira ka luhur puncak eta gunung,margi para wargina mah parantos pupus di sapanjang jalan.Mung anjing anu nyarengan Darmakusumah ka eta puncak gunung teh.
Di tengah perjalanan,Darmakusumah aya nu ngawagel nyandak anjing.Nanging anjeunna teu kersaeun  paturay sareng nu ngarencangna.
Margi eta anjing teh kalintang satiana ka anjeunna.
  Saparantos dugi ka puncak gunung,anjing teh janten Batara Darma.Batara Darma teh nyaeta  nu ngayugakeun Darmakusumah nalika Pandu kenging supata ti Resi Kumindana tea.
   Ku margi kitu Darmakusumah mah lebet ka Sawargana teh sareng jasad kasarna.Jalaran anjeunna mah teu ngagaduhan dosa salami di Marcapada.
    Nalika dugi ka sawarga,Darmakusumah hemengeun,margi para wargina teu aya,nu aya di dinya teh Suyudana miwh Kurawa wungkul.Dupi para Pandawa mah arayana teh di Naraka.
Jalaran Darmakusumah welas asih ka para wargina,anjeunna teu kersaeun wangsul deui ka Sawarga,palay tetep di naraka.
   Ku margi Darmakusumah alimeun mulih deui ka Sawarga,antukna anu tadina Naraka tempatna para Pandawa sanesna digentos jadi Sawarga.
Sawangsulna anu tadina Sawarga tempat para Korawa sareng Suyudana,robah jadiNaraka.
  Kajantenan iyeu teh ngalambangkeun,rehna Suyudana sareng Korawa seueur dosana.
Janten aranjeunna diganjar heula dina waktos sakedap pisan.Sawangsulna Para Pandawa mah di Marcapadana teh seueur midambel kasaean tur sakedik kaawonanna,janten di Naraka heula sakedap.
Saterasna Pandawa mah ditempatkeun di Sawarga salilana. 








Share this

Related Posts

Previous
Next Post »
gholextrezz@gmail.com. Diberdayakan oleh Blogger.

Arsip Blog

Toad Jumping Up and Down

Pengikut