Kumpulan Sajak Sunda






Gunung nu biasa nyenangkeun
Ku segerna hawa
Ku iuh na tangkal
Ku tiisna angin
Ku endahna halimun
Kiwari geus rea nu pundung
           Sagara nu biasa mere maweh ka manusa
           Ku endahna basisir
           Ku borelakna cai
           Ku harta hewani
           Ku harta botani
           Kiwari geus mimiti rea nu murka
Tanneuh darat nu biasa nyangga kahirupan manusa
Ku ratana
Ku caina
Ku gemburna
Ku suburna
Kiwari geus rea nu teu misobat
                    Kiwari rea gunung anu pundung
                    Ngutahkeun batu jeung keusik hurung
                    Nabeuleum pangeusi kampong
Kiwari rea sagara nu murka
Caina hanjat ka darat narajang manusa
Tsunami nandasa jalma jeung pakayana
                Kiwari taneuh ge rea nu sangar
 nu longsor nu ambles nu ngahgar
pakaya jalma rea nu bangkar




TEKAD

(Karya:Kis Ws)
Nyoreang ka alam tukang jaman tandang ku pakarang
prang-pring bambu runcing,maju rampak ngabedah bentang
maju......maju.....! malar buru-buru cunduk ka peuntas ditu
ka taman endah nu marakbak bangun tembong teu anggang
panyileukan umat nu lapar ku kawibawaan jeung kaadilan

Kiwari geus meh sapuluh taun kebat lumampah
nyoreang jalan nu teu diamparan ku kembang
maju bari nahan kanyeri nincakan karikil seukeut
tapi itu itu taman panyileukan bet masih jauh
semet tembong lapat-lapat
Ya Robbi! Singhoreng bet tembong gelor.....

Rombongan nu asal rempeg sabilulungan
ayena aya nu misah ngadon leumpang sasamayan
sawareh geus robah kiblat,kabengbat ku nu ngalalar saliwat
tapi nu bedas tekadna,atawa mulang ngaligincing lantaran kecing
bari yakin yen mungguh tangkal ros rimbil ku cucuk
sarta nujejerih kacugak,mo laksana bisa metik!

LEUMPANG PEUTING

(karya:Rachmat M.Sas Karana)
Suku beurat momot beusi
kuring leumpang mapay-mapay jalan sepi
dayeuh kadeudeuh tibra keur ngimpi
dikeukeupan angin peuting
ngampar di luhureun wuwung
                        
Dua budak arulin di sisi jalan
                          tanpa bal tanpa panggal
                          kaleci jeung momobilan
                
Dua budak adi-lanceuk
dakina kandel bajuna saroek
teu nyahoen hartina waktu
bulan ngempur di langit biru
(kuring ngraketkeun beuheung baju)

                       Beuteungna nu tingkurubuk
                       seurina anu ngagakgak
                        pribumi anu dareh deh
                        ngajak kuring sangkan reureuh
Saha nu ngalahirkeunka alam dunya
saha nu ngalungkeun ka dada kota
ti poe ka poe tambah loba bae
                         Suku beurat momot beusi
                         kuring leumpang mapay-mapay jalan sepi




KANYAAH

Na panon terus katempo
Na hate teu weleh nyantel
Sarengkak saparipolah
Estu mantak tumaninah
Mun nyarita mantak betah
Mun seuri mantak kataji
        Ninggang kana paribasa
        Keur peureum angger kadeuleu
        Keur benta pasti karasa
        Kanyaah muga tong kendat
        Kaasih mugi tong indit
        Nyimbeuhan jeung ngabajuan
Dimana rasa paanggang
Buru-buru hayang mulang
Gera hayang ngaheureuyan
        Duh gusti nu maha asih
        Nimat lahir nimat batin
        Sing nganteng tembus ka ati
        Tina rohmat nu katampi
Anjeun anu maha welas
Ngaleler hiji amanah
Sareatna hiji budak
Pikeun diriksa dijaga
Dunya rawuh akheratna
         Mugi panceg ka Yang Widi
         Iman ka MahaKawasa
         Nyangkaruk na jero dada
         Teu lesot salawasna 

LILIR

harita lain ayeuna
ngeserna waktu mawa robah hiji tangtungan
asalna taya kabisa
mimiti bisa nurutan
sabudeureun nu nurunkeun katresna
ngahudang rasa kahayang
lengkah nu rumanggieung da puguh can panceg napak
lalaunan dibebenah dihadean
mimiti kaharti maksudna sora
          kahayang mimiti tembong
          mun boga niat dipanglon
          nyalangkrung tembong cipanon
          mun kahayang can kalakon
          hamo bisa dibebenjo
renghap ngarongheap
ngulisik na lebet manah
ngalilirkeun kanyaah hiji wanoja
na dirina nyangkaruk tur betah
rasa nu teu bisa sirna
ku guludug ku gelap ku caah rongkah
          najan kanyeri,kapeurih,kasangsaraan
          landung salapan bulan
          murilitna kanyeri mangsa rek medal
          taya gurat ngendat
          sapisan ngalayang kabawa ingkah
          ku goakna sora budak.

NYUPRIH PANGARTI

(Karya Heni Astriani)
Diwajibkeun kupangeran
ka umatna anu iman
nyuprih elmu bebeneran
sangkan hirup narawangan

Kudu suhud reujeung tukuh
ulah galideur talangke
sabab waktu terus mangprung
moal ngadagoan nu ngedul

Hanjakal moal ayeuna
belet bodo karasa jaga
batan kaduhung panungtung
mening tisusut tidungdung

JALAN

(karya Aldi Jaelani)
Di langit aya bentang
nu nyaangan pawenangan
dina hate aya iman

palita kahirupan

Tapi remen medem jalan sorangan
tisoledat tikosewad
salah jalan
tigebrus kana jarian

Jalan ngembat tur rumpil
leueur kudu diiteukan
poek kudu didamaran
hujan kudu dipayungan
sasab kudu nanya jalan 
mun hayang tepi kana jalan tujuan

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »

2 komentar

komentar
1 Januari 2018 pukul 11.20 delete

Kami parusahaan dinamis ngajadikeun bantuan keuangan. jasa rendered ngawengku; refinance, pamutahiran imah, injeuman investasi, gajian otomatis, konsolidasi hutang, garis kiridit, gajian bisnis, gajian pribadi, injeuman mobil, injeuman otomatis.

Dupi anjeun peryogi bantuan keuangan, urang masihan kaluar sakabeh tipe gajian kana ko-beroperasi awak na individu pribadi merlukeun injeuman dina laju dipikaresep minimal. Mun resep jasa kami ngahubungan kami kalayan informasi nu di handap.

Nami lengkep:.
Kontak Alamat :.
Telepon :.
Nagara :.
Jumlah Diperlukeun salaku injeuman :.
Injeuman Lilana :.
Sex :.

Kuring bakal punten janten di layanan anjeun,

satia,
 
Kontak Nami: Michael Wilson
Kontak surélék: mw1465773@gmail.com

Reply
avatar
3 April 2018 pukul 22.50 delete

Pencipta pusisi musibah itu siapa?

Reply
avatar
gholextrezz@gmail.com. Diberdayakan oleh Blogger.

Arsip Blog

Toad Jumping Up and Down

Pengikut