Prabu Pandu Dewanata Raja Astina





 Raden Pandu Dewanata putra Bagawan Abiasa (Kresna Dipayana) ti Dewi Ambalika.
Rakana namina Destarata,teu ningal.Rayina cingket nu wastana Raden Yamawidura.
Pandu kagungan wanda sampulur,satria anu kalintang kasepna sareng sakti mandraguna.
Jalaran kitu anjeunna di jadikeun raja di nagara Astina.
Raden Pandu kenging Dewi Kunti Nalibrata ti Mandura,hasil saembara.
Di tengah jalan dipegat ku Bangbang Narasona;teras perang.
Narasona kawon,lajeng masrahkeun raina nya eta Dewi Madrim,kangge pigarwaeun Pandu.
Bade mulih ka Astina,Pandu dipegat deui ku Aria Anggandara (Sangkuni)
Margi Sangkuni palayeun pisan ka Dewi Kunti.
Pandu perang sareng Sangkuni.Sangkuni kawon ,teras masrahkeun rakana
anu jenenganna Dewi Anggandari kangge pigarwaeun Pandu.
       Nu jadi garwa Pandu mah mung dua nyaeta Dewi Kunti Nalibrata
sareng Dewi Madrim.Margi Dewi Anggandari mah dipigarwa
ku rakana,Destarata tea.
   Prabu Pandu Dewanata kagungan putra lima,anu di sebut Pandawa Lilima.
Anu di maksad Pandawa Lilima teh nyaeta nu cikal Samiaji biasa disebut Darma Kusuma,
nu nomer dua Bima atanapi Bratasena,katilu Arjuna,kaopat Nakula
sareng anu bungsu Sadewa.
Dewi Kunti putrana tilu nyaeta Samiaji,Bima sareng Arjuna.
Anu kembar nyaeta Nakula sareng Sadewa putra Pandu ti Dewi Madrim.
    Dina carios Kangsa lahir,Prabu Pandu Dewanata dipinang
sarayaana ku Basudewa  raja Mandura.Margi Prabu Basudewateu kiat ngayonan raja buta
Gorawangsa anu ngagadabah istrina.Gorawangsa kawon sareng perlaya ku Pandu.
     Waktos bubujeng di alas Paringgadingacala,Pandu kantos manah mencek dugi ka maotna.
Padahal eta mencek teh Resi Kumindana anu nuju nyamur.
Prabu Pandu disupata ku eta resi.
    Prabu Pandu Dewanata pupusna ku supata Resi Kumindana.
Saateuacan pupus,anjeuna nitipkeun nagara Astina sareng kulawargina
ka Destarata.Saupami Pandawa parantos sawawa,Astina kedah di pasrahkeun ka Pandawa.
    Dewi Madrim ngiring pupus ka carogena.
putrana nyaeta Nakula sareng Sadewa dititipkeun ka Dewi Kunti Nalibrata
sareng ka uwana (Narasoma/Salya).
Narasoma dipunut supados ngadidik putra kembarna.

Katerangan

bagawan = pandita anu kawitna jadi raja
wastana = namina=ngaranna
sampulur = sae teu aya cawadeunnana
wanda = dedegan awak
gagah sakti mandraguna = sakti nu teu aya tandingana
marga = jalan
pigaraeun = pipamajikaneun;garwa=pamajikan
Pandawa Lilima = Putra Pandu anu lima (Samiaji,Bima,Arjuna,Nakula, sareng Sadewa)
ngayonan = ngalawannan;minangsaraya = menta tulung
ngagadabah = ngahina
perlaya = palastra = maot
Pringgadingacala = leuweung gerotan = leuweung geledegan
kantos = kungsi
bubujeng = moro
nyamur = nyamar = mindah rupa
sawawa = dewasa
disupata = ditulah = disapa

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »
gholextrezz@gmail.com. Diberdayakan oleh Blogger.

Arsip Blog

Toad Jumping Up and Down

Pengikut