ARJUNA









Arjuna teh putra Panduanu panengah,nu manawi  sok di sebat Panengah Pandawa.
Kangge Dewi Kunti Nalibrata mah anjeunna the putra anu bungsu.
    Anjeunna salah sawios satria anu smpulur.
Pamulu nurut di ibu,wanda ngarah ka rama.Rarayna bodas ngadaun sureuh,damis gula sapasi,
Soca sipit,angkeut endog sapotong.
Sipatna ampuh lungguh ,lantip sareng tartib,amis budi,sae basa hade tata,hormat tilawat ka sepuh
Sujud ka guru,takwa ka Nu Maha Kawasa.
Arjuna satria anu gagah sakti mandra guna.
Kenging di  sebutkeun lalagi langit lalanang jagat.
Margi anjeunna mah gentur tapakur ti kapungkur,tamat tatapana,mati geni ti aalit,biasa tapa brata ti bubudak;Arjuna jadi kakasihnadewa.
Watekna dipiasih ku istri,dipinyaah ku somah.
Numawi moal mantak hemeng upami janten panonobanpara mojang,rebutan para kania,dipisono para wadon,kawuwuh ahli kabudayaan sareng kaseniann.
     Dina carios babad Alas Amer,Anjeunna ngawonkeun Prabu Janaka raja siluman.
Ti wangkid harita anjeunna disebat Raden janaka.
      Nalika lalampahan Mintaraga,anjeunna kiat ku panggoda para widadari waktos tatapa,sareng gogoda rancana sanesna.
Hasilna Arjuna kenging Pasupati,pangleler Batara Guru anu didugikeun ku Batara Indra.
Eta Pasupati the kangge ngayonan Prabu Niwatakawaca ti nagara Imantaka anu ngamuk di Sawarga;anu palayeun ka Dewi Supraba.Sabda Niwatakawaca palastra,Arjuna kenging hormatan tiasa linggih ti Sawarga salami 40 dinten 40 wengi.
         Waktos Barata Yuda,seueur pisan para Korawa anu palastra di palangan juang Kuru Setra ku Arjuna.
Di antawisna,Jayadreta,sareng Adipati Karna,sareng seueur-seueur deui.
        Arjuna kagungan istrina seueur pisan,nanging anu saleresna mah mung Dewi Subadra putra Prabu Basudewa ti Mandura;sareng Dewi Srikandi putra Prabu Drupada ti nagara Cempala Dirja.
Putra ti Dewi Subadra nyaeta Raden Abimanyu.
          Arjuna nyepeng kalungguhan minangka Adipati di Madukara.
Saparantos Barata Yuda anjeunna ngiring ngalih ka Astina sareng para saderkna.
Kitu deui anjeunna oge angkat ka puncak Himalaya,palay moksa.


KATERANGAN
Pamulu=sipat,pasemoan
Wanda=dedegan badan
Ngadaun seureuh=sapertos daun seureuh
Damis=pipi,gula sapasi=pasian gula=gula anu dipasi
Endog sapotong=lonyod
Hormat-tilawat=sumujud
Mandra-guna=sakti taya tandingna
Lalaki langit,lalanang jagat=pangsaktina di sakolong langit
Gentur=asak,tamat,kiat
Mati geni=paeh sajeroning hirup
Tapa brata=tatapa;somah=menak
Wadon=istri,wanita
Kawuwuh=katurug-turug,dibarengan
Nalika=waktu;wangkid=danget=waktu
Pangleler=pamasihan=pamere
Palang juang=medan juang=medan jurit=medan perang.





Share this

Related Posts

Previous
Next Post »
gholextrezz@gmail.com. Diberdayakan oleh Blogger.

Arsip Blog

Toad Jumping Up and Down

Pengikut