BATARA KRESNA (BAMBANG ARYANA)

BATARA KRESNA (BAMBANG ARYANA)

    Bambang Aryana teh nami Kresna nuju rumaja.Anjeunna putra Prabu Basudewa raja Mandura ti Dewi Rohini.
Aryna kagungan raka sarama ti Dewi Maherah nyaeta Raden Kakasrana atanapi Prabu Baladewa,sareng kagungan rayi istri sarama ti Dewi Badraini anu Wastana Dewi Subadra atanapi Dewi Mayang Anum anu biasa sok disebat Dewi Rara Ireng.
Prabu Kresna teh titisan Dewa Wisnu salirana camani,jalaran kitu sok biasa disebat Batara Kresna.
Anjeunna jadi raja di nagara Dwarawati anu puseur dayeuhna di Jenggalamanik.
      Prabu Kresna pinter nyarios,gagah sakti.Anjeunna kagungan senjata panah Cakra anu ampuh.
Kumargi kitu upama aya musuh eta senjata ku anjeunna tiasa digunakeun.
Jabi ti eta Prabu Kresna kagungan jimat Kembang Cangkok Wijayakusumah Kangge ngadamangkeun anu teu damang atanapi anu pupus nu ta eu acan dugi kana waktosna.
Prabu Kresna wruh saduruh winarah,margi kagungan jimat Gambar Lopian.
Ku eta tilu pusaka Prabu Kresna salamina wijaksana,jembar panalar,landung kandungan laer aisan,leuleus jeujeur liat tali.
   Nalika dibabarkeun ibuna ngantunkeun,lajeng Prabu Kresna dirorok ku Sagopa-Sagopi di Widarakanang.
Tilu putra ngahiji dimumule ku Sagopa.(Tilu putra teh nyaeta Aladra/Baladewa,Arayana/Kresna sareng Dewi Mayang Arum/Subadra).
     Dina carios Kangsa Adu Jago,Narayana sareng Kakasrana/Aladra kantos ngarempug Kangsa.
Kangsa teh nyaeta putra Dewi Maherah (ibu Aladra) ti Gorowangsa anu nyamur jadi Prabu Basudewa.
Jadi Aladra ka Kangsa teh rayi saibu,misah rama.
     Prabu Kresna teh kagungan garwa opat.Kahiji Dewi Rukmini putra raja Kumbina (Cumina) kagungan putra Siti Sondari;anu kadua nyaeta Dewi Jembawati putra Prabu Jembawan(putuna Gunawan Wibiksana),kagungan putra wastana  Samba Purwaganda;nu katilu Dewi Satiaboma putra Prabu Setiajit (Prabu Ugraena) ti nagara Laesan Pura,kagungan putra Raden Sencaka;dupi anu ka opat nyaeta Dewi Pertiwi putra raja Sapta Patala,kagungan putra wastana Raden Bambang Suteja.
        Dina carios Kresna Duta,Kresna diiring ku para Dewa ngangge kkareta emas
Prabu Suyudana pasini bade masihkeun  Nagara Astina sabeulah.Nanging kaasut ku Adipati Sangkuni,antukna timbul Barata Yuda marebutkeun Nagara Astina.
      Nalika Barata Yuda,Kresna jadi juru taktik perang ti pihak Pandawa.
Sadayana musuh tiasa dikawonkeun ku para Pandawa  ku siasatna Batara Kresna.
   Prabu Kresna pupusna ku Paninggaran nalika nuju moro.
Anjeunna nuju kekecewekan mersihan sampeanana dina biwir talaga,ku Paninggaran disangka mencek,lajeng dipanah,Kresna ajal.


Katerangan 

camani = hideung
ampuh = matih
jembar panalar = seueur pangaweruhna
landung kandungan laer aisan leuleus jeujeur liat tali = ageung tinimbangan = asak tinimbangan
pasini = jangji = subaya
kaasut = kapangaruhan = kaangsonan
taktik = siasat
paninggaran = tukang moro sato di leuweung.
 


gholextrezz@gmail.com. Diberdayakan oleh Blogger.

Arsip Blog

Toad Jumping Up and Down

Pengikut