Nakula - Sadewa



Nakula sareng Sadewa teh kembar,putra Pandu Dewanata ti Dewi Madrim.
Ti bureyna keneh,eta putra kembar teh parantos dikantunkeun ku ibu-ramana.
Jalaran kitu eta dua Pandawa teh dirorok ku Dewi Kunti Nalibrata,sasarengan sareng para Pandawa sanesna.Dina enggoning ngamumule Nakula sareng Sadewa,Dewi Kunti sapertos ka putra anjeunna,teu ngaraos ku putra kawalon.
   Dina carios Pandawa nyamar di nagara Wirata,Nakula digentos namina jadi Pinten,Sadewa jadi Tangsen.
Aranjeunna satria kembar anu ngulik dina bagbagan tatanen sareng miara sasatoan,kangge ngaronjatkeun kahirupan sareng kahuripan.
     Nalika Brata Yuda Nakila sareng Sadewa kedah nepangan uwana (Adipati Salya) di pasanggrahan para Korawa.
Maksadna supados tiasa terang kana pangapesan Adipati Salya.Margi upami teu kitu,para Pandawa pinasti bakal moal kiat ngayonan pangadiwasa Salya.
Kitu alpukahna Batara Kresna minangka juru siasat dina Perang Brata ti pihak Pandawa.
Wanci wengi harita teh,Nakula sareng Sadewa sumping ka panglinggihan Adipati Salya di Kuru Setra;seja nyanggakeun nyawa,supados ditelasan ku Salya.
Adipati Salya Kalintang hareugeueunana basa ningali suanna palay dipateni ku anjeunna.
Sedengkeun eta putra kembar teh kalintang diwanti-wantikeunnana ku ibuna (Dewi Madrim raina Salya anu mung hiji-hijina) supados dipiheman,dipiasih sareng dididik kasantikaan.
Kumargi emut kawajiban kakulawargian,Salya masihkeunpangapesanana ka Nakula-Sadewa.
Saparantos kitu eta putra kembar teh mulih ka Pasanggrahan Pandawa di Kuru Setra.
Ahirna Salya palastra ku Darmakusumah dina Barata Yudha.
Cindekna Nakula-Sadewa teh kalintang ageung jasana,margi upami Pandawa teu kagungan si Kembar tea,pamohalan Pandawa bakal kengig tarung dina Perang Barata.
  Nakula bumen-bumen di Sawo Jajar,Sadewa linggih di Bumi Retawu.Nanging saparantos Perang Barata,aranjeunna janten raja di nagara Mandaraka,tilas nagara eyangna nyaeta Prabu Mandrapati.
   Nakula kagungan garwa ka Dewi Werdaningsih,Sadewa ka Dewi Sadarmi putra Bagawan Tambangpetra ti patapan Perang Alas.Aranjeunna ngiring ka puncak Himalaya,seja moksa.



Katerangan

ti bureyna = ti leuleutik
putra kawalon = anak tere
bagbagan = widang
pasanggrahan = pareureuhan
pangadiwasa = kasaktian = kagagahan
kasantikaan = elmu
Perang Barata = Barata Yuda = perang wargi antawis Korawa sareng Pandawa = Perang turunan
           Barata (Pandawa anu bajoang nagih hakna nagara Astina anu dikoretkeun ku para Korawa)
pangapesan = permatina = apesna

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »
gholextrezz@gmail.com. Diberdayakan oleh Blogger.

Arsip Blog

Toad Jumping Up and Down

Pengikut