Asep Darso. Lirik

  Dina Amparan Sajadah

Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-daya

Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti
Ya Allah Robbul Izzati

Taya deui panglumpatan
Taya deui pamuntangan
Mung Allah Pangeran Abdi
Pangeran anu sajati.




  Halangan Diri
 


Na kunaon sagala rupa
Ngan aral gagal,gagal jeung gagal
Soal cinta jeung usaha

Kandas pamaksadan

Kamudahan bet ngabalieur
Kalah ka ngan  naronggongan
Paruntungan lumpat ngajauhan
Naha...naha kunaon


Boa-boa halangan diri

Nu mangrupi dosa-dosa
Kajongjonan kangeunahan
Ngumbar-ngumbar larangan

Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Nu ngajajar mani panjang
Sapanjang jalan kareta

Aduh gusti...aduh gusti kumaha ngentengkeunnana
Aaduh gusti...aduh gusti kumaha ngbebaskeunna


Panon cireumbay mapay-mapay pipi
Ragragan kana sajadah
Nginget-nginget laku lampah
Ninggang salah jeung salah

Hate anu merit
Hate anu ngajerit

Kabeulit ku dosa-dosa
Biwir nu ngageter ngedalkeun rasa jiwa
Ampun-ampun duh gusti

Share this

Related Posts

First
gholextrezz@gmail.com. Diberdayakan oleh Blogger.

Arsip Blog

Toad Jumping Up and Down

Pengikut