Barakatak. Lirik


Cikopi Jeung Bala-Bala

 Cikopi jeung bala -bala
katingal mah matak kabita
rek mahugi ka manehna
hanjakal duit teu boga

Cikopi jeung bala -bala
diraosan meuni edun
boga janji ka manehna
rek narosan sasih payun

Rek ngaraosan cikopi jeung bala2
rasana meuni leugit, dituangna sore
rek narosan hayang kawin jeung manehna
tapi teu boga duit tungtungna nyeuri hate

Teu bisa kumaha.... ( kabogoh direbut batur )
Heunteu walakaya... ( kabogoh kawin jeung batur )




Duka Teuing

Duka teuing kunaon
Mun nempo anu demplon
Teu bisa miceun panon
Sok hayang geura leleson

Duka teuing kunaon
Meuni bun ceuli panon
Noong anu keur ocon
Sok hayang milu ka enggon

Duka teuing kumaha
Meuni asa kabita
Nempo bitis nu geulis
Ngadadak sok panas tiris

Duka teuing palaur
Heureuy jeung anak batur
Ocon diluhur kasur
Katewak di cereg tuur

Duka teuing ceuk saha
Mun hayang ka si eta
Ngomong tong hare hare
Dijamin pasti dibere

Duka teuing ku saha
Da kuring teu rumasa
Can kawin geus eusian
Budakna euweuh bapaan

Duka teuing ku aneh
Siga istri nu sholeh
Aya ku lebar teuing
Sok ngalayab unggal peuting

Duka teuing ku heran
Ngaku masih parawan
Tapi teu kanyahoan
Tos loba nu ngaraosan




Barade

Bararade ieu
Bararade ieu
Bararade bade bade bade ieu

Jalan dewi sartika
Jeung lapang Tegal Lega
Mun wanci sareupna
Retesna sabada isya
Loba ucing geuring
Ngalayap nepi ka peuting
Ngadon dagang ping ping
Keur lalaki nu curaling

Mengkol ka Gardujati
Katelahna kebon tangkil
Wilayah nu pasti
Saritem tempat nu nyempil
Gang pabaliut
Nawisan barang nu nyumput
Jalu nu kapincut
Kakamar langsung diurut

Barade bararade ieu
Nu ngagaleuh barang anu geuleuh
Barade bararade ieu
Mangga cobi pasti hoyong deui
Barade bararade ieu
Atos nyobi si ujang kapatil
Barade bararade ieu
Tos kapatil si ujang anu kasiksa

Bararade ieu
Bararade ieu



Sesebredan

sesebredan yeuh sesebredan
teu akur jeung babaturan sesebredan
sesebredan yeuh sesebredan
teu kaop manggih milik sok sesebredan

Bangsa urang mah teu beda eujeung hayam
Manggih beas giling malah silih pacok
Teu akur jeung dulur sok komo jeung batur
meunang proyek silih dengkek sesebredan

sesebredan yeuh sesebredan
teu akur jeung babaturan sesebredan
sesebredan yeuh sesebredan
teu kaop manggih milik sok sesebredan

Sesebredan ieu sesebredan
jalma nu reuseup kana papaseaan
Sesebredan ieu sesebredan
ngabelaan harta reuseup riributan
Sesebredan ieu sesebredan
lampah setan hayang seubeuh sorangan
jurig harak teu inget ka babaturan



Buta Hejo

Aya buta keur kaedanan
bebeakan neang kadaharan
bebeakan sagala dihakan
buta hejo eta ngaranna

Aya buta keur kaedanan
bebeakan neang kakayaan
bebeakan neang kasenangan
Buta hejo eta ngaranna

teu paduli meunang timana
teu paduli halal heunteuna
teu paduli batur sangsara
teu paduli batur kasiksa

Buta hejo buta kejo
sama2 buta gelo
buta hejo alah buta kejo
sama2 kudu ditorpedo

Aya buta keur kaedanan
bebeakan neang kakayaan
bebeakan neang kasenangan
Buta hejo eta ngaranna

Aya buta keur kaedanan
bebeakan neang kakayaan
bebeakan neang kasenangan
Buta hejo eta ngaranna

teu paduli meunang timana
teu paduli halal heunteuna
teu paduli batur sangsara
teu paduli batur kasiksa



Duit Sarebu

Duit sarebu
resiko sapuluh rebu
eunggeus boga sapuluh rebu
resiko saratus rebu

saratus rebu....
resiko sajuta rebu
enggeus boga sajuta rebu
kabutuhan salaput hulu

Di jaman ayeuna teu aya hartina
duit sarebu pake resiko nyeuri hulu

Duit sarebu ngan ukur sarebu
teu cukup keur meuli baju
Duit sarebu ngan ukur sarebu
nganjuk kopi sareng tahu
Duit sarebu ngan ukur sarebu
teu bisa meuli sapatu
Duit sarebu ngan ukur sarebu
tungtungna nyelap dina huntu 

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »
gholextrezz@gmail.com. Diberdayakan oleh Blogger.

Arsip Blog

Toad Jumping Up and Down

Pengikut