Doel Sumbang. Lirik

Nini-n-ni Luar Negri

Nini nini peot geus gomplok ku huis
Siga budak anu murag bulu bitis
Unggal poe gawe ngador jeung ngageulis
Pake bedak pake lipstik
Pake shadow rambut palsu
Siga jurig tangkal waru
Make baju necis hayang jiga artis
Ucad aced hayang jiga peragawati
Sura seuri huntu tinggal tilu siki
Calangapna gede teuing
Nepikeun ka asup angin
Mindeng pisan kabesekan

Nangkring di jalan tikungan
Ngaheureuyan budak bujang
Poho umur poho incu
Asa aing geulis keneh
Sura seuri
Tual toel
Gura gero
Kucap kiceup
Umat imut
Gutak gitek
Gubay geboy
Ucad aced
Asa kewes
Cumentil leuwih ti hostes.


Awewe Sapi Daging
ngaku manusia modern
berkarier penuh obsesi
hayang jadi lalaki
jaman emansipasi
bari manehna teu ngarti
bisnis beurang peuting
bisnis naon duka teh teing

salaki di imah
ngajaga tulak panto
budak diasuh
cukup ku suster jeung babu

hayang mobil mewah ngabelaan jadi runtah
ngarepkeun ti salaki duitna teu cukup wae
emas berlian renceum ngaku bati tina bisnis
padahal hadiah ti rupa-rupa buaya

awewe nu kieu lain awewe modern
tapi sapi daging peunciteun tukang jagal
menang maju teu meunang jadi lalaki
montong ngawalan kodrat
bisi ngadon jadi bejad



Col Blem

col blem col blem
ari jelma ayeuna
teu koop boga kawasa
asa aing pangluhurna
sagala tara tatanya
dah ceunah teu perlu nanya
da teu sieun kumaha
col blem col blem
col blem col blem
sagala rupa dihakan
euweuh nu wani nyarekan
sieun ku kakawasaan
sagala rupa dicokot
euweuh nu wani nyarongot
sieun kalahkah dicopot!
jalma leutik kabeukina paling kejo
eta oge senen kemis
bari saukur jeung buncis
jalma gede lampah loba nu teu hade
asa gede asa gede
sagala hayang nu gede
leuweung, gunung, kebon, walungan,
laut, sawah, malahan getih batur geh dihakan
meungpeung aya kasempetan
meungpeung kuat ku jabatan
jalma sengsara
sanajan hidup sengsara
kdu maok bulak balik mikir heula
nu beunghar sagala aya
malingan duit nagara
meni teu gableg ka era
nu leutik malarat
loba anu daek sholat
sok sieun lamum maksiat
nu gede konglomerat
loba nu jaradi bangsat
iman renghat moral bejad
hareudang krisis moneter
ku dolar rupiah teler
nu leutik gugurubugan
siga jaer kasaatan
nu loba duit di bank
ngadadak mareuli gudang
loba oknum haram jadah
paresta narimbun barang
col blem col blem
col blem col blem
sembako sembako
kamana atuh sembako
sembako bingung cingogo
cicing di gudang nu gelo!
jalma leutik mah siga sireum
meus meus katincak meus-meus katincak
keun sing sabar wae
ulah hayang nyoco
angguran mah urang leuwih deukeut ka gusti
da hirup mah kapan muter
suga isuk pageto mah urang aya diluhur
ngan sing inget
mun geus diluhur
ulah siga nu garelo nu didongengkan tadi
Omat Nya!
sakitu wae lah ti kuring mah
lamun kuring kurang hade nyarita
hampura we dah kuring kurang nyakola
eta oge lain teu hayang sakola
ngan kapan sakola ayeuna mah sagala kudu
ku duit
ku duit Abah Eon ku duit!
aya duit bisa sakola
soal otak nomer dua
da ceunah soal angka peunteun mah bisa
diatur ku dana
kitu oge ceuk beja (harunten ka baraya di P dan K)
Lamun seug bener teh eta beja
pantesan wae atuh
ayeuna loba nu boga gelar sarjana
tapi ngan saukur gelar
uteukna mah biasa biasa saja
hah hah hah hah !


Gogog

ting harewas ngaromongkeun
dunungan
ngagogoreng nepi ka bebeakan
abang gogog
teu nyaho ditambah wadi
nyatu kurang gogog ngagaik
nyatu cukup angger babaung
si dunungan liereun sirahna
nenjo polah gogog kukutanana
diukut kumaha di piceun teu tega
da kaasuh ti kirikna
diukut kumaha di piceun teu tega
teu kuat ku babaungna
na ngogogog namina gogog
nu ngagaik namina gogog
nu babaung namina gogog
anu goreng hate
gogog keneh!



Kumalayang

( Alah, kieu geuning kasiksa nya ari boga rasa suka, terus teu wani nyarita,
 terus kitu awewena komo deui meuren nya teu wani nyarita, jadi balueung ah teu ngarti )

Teuing dimana
Teuing iraha
Asup na rasa
Kana jero dada
Ujug-ujug nyampak bari nyiksa
Ka edanan ku bebeakan

Mungkir teu bisa
Hate rumasa
Boga kacinta
Geude ka bina-bina
Pikir manteng ukur kadidinya
Teu irah heunteu dimana

Lamun ti beurang
Pikiranku melayang
Aya kameulang aya rasa hariwang,
Aduh...Aduh...Aduh...

Peuting mun sare
Ngan kaimpikeun bae
Taya lian ngan ukur didinya

( Sami,,Sami )
Urang pada boga rasa
( Sami,,Sami )
Ngarasa kasiksa
( Sami,,Sami )
Sieun rek wakja balaka
Nya kumaha..Kumaha atuh kumaha

( Nya kudu di Kumaha atuh da ari pada-pada teu wani nyaritamah, nahan. 
Rek neangan panglayar...era, ari teu make panglayar pasti lila... )



Jampe-jampe Harupat

Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Sing jauh tina maksiat anaking
Ngarah salamet akherat

Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Susah senang omat sholat anaking
Beunghar kade poho zakat

Jampe-jampe harupat
Pek dudunya satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek hirup saumur dunya

Jampe-jampe harupat
Prak ibadah satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek cacap engke sareupna

Dodoja datang tong kalut
Sanghareupan make imut
Ulah rek aral subaha anaking
Sing percaya ka nu kawasa

Maha welas maha asih
Moal aya pilih kasih
Sagala nu karandapan kuhidep
Tangtuna bongan sorangan

Ti bapa ieu pepeling
Ngarah hidep hirup salawasna eling
Heunteu berang heunteu peuting
Hidep kudu soleh satungtung nyaring



Urang Sunda

Urangang sunda ka marana
Urang sunda di marana
Urang sunda, urang mana
Urang sunda, Anjeun saha

Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa
Naha ngan saukur lalajo bari tumenta
Gancang geura hudang buka ceuli buka mata
Geura tembongkeun urang sunda oge bisa

Tembongkeun urang ge bisa mela nagara
Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin
Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa
Lain saukur bisa unggut jeung kumawula

Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan

Anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli
Anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
Atawa calangap ngitungan bentang di langit

Mun urang kabeh reueus jadi urang sunda
Pikiran deui naon nu dipikareueus
Lamun urang sunda kabeh jadi si kabayan
Kuring melang hiji waktu urang kababayan
Urang bakal kababayan, ukur bisa kababayan, salawasna kababayan

Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan


Kumaha


Nah… hanjakal pisan
Basa anjeun datang
Kuring geus duaan

Mun seug lelengohan
Moal mikir panjang
Sadia marengan

Duh… enyaan…
 silih pikasono, silih pikadeudeuh, silih pikanyaah

Kumaha…
Nya kudu kumaha
Da kuring ayeuna
Geus aya nu boga


Hampura…
Nya kuring hampura
Najan dikumaha
Moal rek ngadua



Cak-cak

mun kuring ker hayang nyumput
cak caK aya didinya
mun kuring keur hayang panggih
cak caK aya didinya
mun kuring keur narik sorong
cak caK aya didinya
mun kuring keur baed pundung
cak caK aya didinya

seuri anteung ngabayangkeun
nya ngabayangkeun manehna,
seuri tibra ngimpikeun,
nya ngimpikeun manehna

Lamun cak cak bisa nyarita
hariwang sieun bebeja
lamun cak cak bisa nyarita
sok sieun sabalakana
ngadongeng kuring kumaha
sanajan bari jeung eunya

untung cak cak teu bisa nyarita
muga-muga salawasna (2x)

tong siah tong bisa ngomong ach,
bade kamarana ari cak cak?




Lalaki

''Sampurasun dulur....

Lalaki teu beda jeung ucing garong
teu kaop ningali lauk
teu di mana teu nu saha
hayang ngalegleg wae

Lalaki teu beda jeung anjing kampung
dibere roti jeung susu
diluar ningali tulang
hayang ngalamot wae

Sanajan boga kabogoh
siga ratu kecantikan
ti luar nempo nu jebleh
mun teu nyoba panasaran

Lamun nyiar pamajikan
hayangna anu parawan
bari manehna sorangan
urut entog, urut hayam

Lalaki.. lalaki.. .anjing kampung
Lalaki.. lalaki.. .ucing garong
Lalaki.. lalaki.. .oray kadut
Lalaki.. lalaki.. .careuh bulan
Lalaki.. lalaki.. .buaya lapar
Lalaki.. lalaki.. .meong congkok
Lalaki.. lalaki... kadal menteng
Lalaki.. lalaki... super wadul

(Teu kabeh lalaki euy,nu bageur aya,nu soleh aya nu cunihin loba,nu ciga ucing garong emang loba pisan....hahaaa)

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »
gholextrezz@gmail.com. Diberdayakan oleh Blogger.

Arsip Blog

Toad Jumping Up and Down

Pengikut