- Abang-abang lambe= Ukur ngagenahkeun batur wungkul.
- Abong biwir teu diwengku, abong letah teu tulangan= Ngomong henteu dipikir heula, tungtungna matak pikanyerieun batur.
- Adat kakurung ku iga= Laku lampah kurang hade ami hese di-leungitkeunana.
- Adean ku kuda beureum= Ginding ku papakean/barang beunangnginjeum, atawa agul ku banda batur.
- Adigung-adiguna= Gede hulu, boga rasa leuwih punjul ti batur,kaciri dina laku lampah jeung omonganana.
- Agul ku payung butut =Jalma nu sok agul nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula, sanajan ayeuna hirupna taya kaboga.
- Akal koja =Pinter dina kagorengan.
- Aki-aki tujuh mulud =Geus kolot pisan.
- Aku-aku angga= Ngan saukur ngaku ngarasa nu boga, padahal saenyana mah milik batur.
- Alak paul= Kacida jauhna.
- Alak-alak cumampaka Niru-niru atawa hayang nyaruaan saluhureun; pupujieun; ieu aing.
- Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa.
- Along-along bagja Teu tulus meunang bagja.
- Alus laur hade ome =Tegep dedeg pangadegna.
- Alus panggung= Hade dedeg pangadegna.
- Ambek nyedek tanaga midek= Kacida ambekna ngan teu bisa ngalawan lantaran moal pikuateim.
- Ambek sadu santa budi =Saleh hate, lemes budi, sabar darana.
- Ambekna sakulit bawang = Babari ambek rosa.
- Ambon sorangan =Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
- Amis budi =Hade budi parangi, someah, mun nyarita sok dibarung ku imut.
- Amis daging =Babari pisan katerap kasakit
- Anak dua keur gumunda =Awewe nu karek boga anak dua, keur meujeuhna tegep, pikabogoheun.
- Anak hiji keur gumeulis =Awewe" nu karek boga anak hiji, katenjona teh sok beuki geulis bae, komo nu bisa ngurus awak mah.
- Anak merak kukuncungan =Kahadean atawa kagorengan anak ngala ka indung-bapana.
- Anak tilu keur kumusut =Upama geus boga anak tilu, awewe nu teu bisa ngurus awak katenjona sok karusut, geus teu pati luis.
- Anggeus-anggeusan= Bebeakan.
- Anjing ngagogogan kalong =Mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun.
- Apal cangkem= Apal tapi teu nyaho hartina.
- Aridiarah supana, kudu dijaga catangna =Ari aya barang nu diala hasilna kudu daek ngurusna.
- Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed =Najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora.
- Asa aing uyah kidul=Boga rasa panggindingna, pangkasepna, pangtegepna atawa pangpunjulna.
- Asa bucat bisul =Ngarasakeun lugina sanggeus ngarengsekeun pagawean anu beurat, atawa sanggeus lesot tina kasusah.
- Asa dijual teu payu =Cuang-cieung euvveuh batur lantaran ditinggalkeun di panyabaan ku anu ngajakna.
- Asa dipopokan tai =Ngarasa pohara diwiwirangna.
- Asa dipupuk birus= Ngarasa tibra hate.
- Asa ditonjok congcot =Kacida atohna, bungah meunang rejeki nu teu disangka-sangka.
- Asa euweuh beungeutan= Kacida erana.
- Asa kabur pangacian =Kacida reuwasna, nepi ka teu puguh cabak; asa leungit sumanget
- Asa kagunturah madu kaurugan menyan putih =Kacida bungahna jeung kacida bagjana.
- Asa katindihan langit= Henteu aya harepan.
- Asa kiamat= Pohara sedihna jeung susah luar biasa.
- Asa mobok manggih gorowong= Kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.
- Asa nyanghulu ka jarian =Teu ngeunah rasa lantaran kudu nga-dunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna.
- Asa peunggas rancatan= Leungiteun batur nu sok nalang dina pagawean.
- Asa rawing daun ceuli= Mindeng ngadenge omongan anu henteu ngeunah.
- Asa tungkeb bumi =alam Kacida bingungna.
- Asak jeujeuhan= Dipikiran heula masing anteb.
- Asak warah= Hade atikan, basa jeung paripolahna merenah.
- Atah adol =Kurang ajar, kurang pangawarah.
- Atah anjang =Langka silih anjangan.
- Atah warah= Kurang atikan, sabalikna tina asak warah.
- Ateul biwir= Sok getek hayang bae ngomong sanajan teu perlu dicaritakeun.
- Ateul dampal leungeun= Gereget hayang nampiling.
- Ati mungkir beungeut nyanghareup =Caritaan jeung kalakuan henteu terus nepi kana hate, sabab di hareupeun hade di tukangeun ngagorengkeun.
- Atung eneh atung eneh= Kitu-kitu keneh.
- Aub payung sabet sapon saba-soba= Nuduhkeun wawatesan pakuwon.
- Awak kawas badawang =Jangkung gede teu matut.
- Awak sabeulah =Henteu boga salaki atawa pamajikan.
- Awak sampayan= Make pakean kumaha oge pantes bae.
- Awak satilas =Jangkung lenjang.
- Awet jaya= Katenjona siga ngora bae.
- Awet-rajet= Dilarapkeun ka nu laki-rabi, lana tapi rea paceng-kadanana.
- Awewe mah dulang tinande =Awewe mah biasana kumaha lalaki/salaki.
- Awewe mah tara cari ka Batawi= Awewe mah tara nyiar kipayah.
- Awi sadapuran tara lempeng kabeh= Najan sarua saturunan, tapi perkara milik jeung rejeki mah tara sarua.
- Aya astana sajeungkal =Datangna ajal teu gumantung kana umur panjang. Naon-naon anu dianggap jajauheun, bisa wae kajadian.
- Aya bagja teu daulat= Rek meunang kauntungan atawa kabagjaan, tapi henteu tulus.
- Aya cukang komo meuntas= Kabeneran aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
- Aya dina sihung maung= Dilarapkeun ka jelema nu loba hubungan jeung gegeden, jadi gampang meunang pitulung.
- Aya gantar kakaitan =Aya hal arm teu sapuk jeung hatena tapi teu dikedalkeun, henteu iklas pisan; atawa aya perkara atawa kajadian riaon-naon nu pasambung jeung kajadian anu ti heula.
- Aya jalan komo meuntas= Aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
- Aya jodo pakokolot= Bisa ngajodo sanggeus papada kolot.
- Aya jurig tumpak kuda =Datang milik anu henteu disangka-sangka.
- Ayakan tara meunang kancra =Jelema bodo moal sarua gajihna atawa panghasilanana jeung jelema pinter.
- Ayak-ayak beas, nu badag moncor nu lembut nyangsang =Nuduhkeun kaayaan anu teu sawajarna upamana bae anu dihukum teh anu teu pira kasalahanana, ari nu gede kasa-lahanana teu dihukum.
- Ayang-ayangan =Tumerap kana perkara anu rea rambat kamalena.
- Ayem tengtrem =Euweuh kaributan atawa bancang pakewuh.
- Ayeuh ngora =Tumerap kana turunan nu maraot ngora-ngora.
- Babalik pikir= Ngarobah lampah goreng kana hade.
- Babon kapurba ku jago= Awewe kudu nurut ka salaki.
- Bagja kamanyangan= Bagja gede.
- Bahe carek= Gampang nyarekan.
- Balabar kawat= Saembara.
- Baleg tampele =Mojang anu keur mangkat beger, tapi eraan keneh lamun panggih jeung lalaki.
- Bali geusan ngajadi =Lembur matuh, lemah cai, tempat lahir.
- Balik jarami =Ngagarap sawah anu kakara anggeus dipibuatan.
- Balik ngaran =Maot di lembur batur.
- Balung kulit kotok meuting =Kanyeri baheula ten leungit-leungit, henteu beresih pisan hatena, masih keneh ngunek-ngunek.
- Balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan= Rido, iklas, suka pisan.
- Bancang pakewuh= Pikasusaheun, picilakaeun.
- Banda sasampiran, nyawa gagaduhan =Ulah boga angkeuhan yen banda jeung nyawa bisa diatur ku urang.
- Banda tatalang raga =Leuwih hade ngorbankeun harta, tibatan cilaka awak.
- Bangkong kolentang =Sagala euweuh, teu boga duit pisan.
- Banteng ngamuk gajah meta= Kajadian atawa ririweuhan anu dipikasieun jeung dipikagigis.
- Banting tulang =Digawe popohoan.
- Bapa heman= Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadean.
- Batan kapok kalah gawok =Kalah beuki maceuh.
- Batok bulu eusi madu Henteu cocog jeung panenjo; siga bodo tapi pinter, siga miskin tapi beunghar jeung sajabana.
- Batok kohok piring semplek= Paparabotan nu taya hargana.
- Batu turun keusik naek =Cangkang sisindiran nu hartina itu purun kuring daek, dilarapkeun ka jalma anu sarua micintana.
- Batur ngaler ieu ngidul= Lain-lainna deui jeung nu keur diomongkeun ku batur.
- Bau-bau sinduk =Baraya keneh sanajan laer.
- Beak dengkak= Geus beak tarekah.
- Bear budi =Gumbira.
- Bebek ngoyor di sagara, rek nginum neangan cai =Lubak-libuk tapi henteu bisa kapake lantaran lain hakna.
- Bedah bendungan= Kalah wowotan ku gogoda nu pohara.
- Bengkok tikoro= Teu kabagean kadaharan istimewa, lantaran teu datang atawa geus beakeun manten.
- Bengkung ngariung bongkok ngaronyok= Kajeun ripuh asal teu jauh jeung anak-incu.
- Bentik curuk balas nunjuk, capetang balas miwarang= Kabisana ngan nitah, teu daek prak sorangan.
- Beungeut nyanghareup ati mungkir= Henteu terus jeung hate.
- Beunghar memeh boga =Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaandirina.
- Beurat birit =Hese ditutah-titah, kedul.
- Beurat nyuhun beurat nanggung= Kacida tumarimana.
- Beurat nyuhun beurat nanggung= Kacida narimakeunana kana kahadean batur, lantaran ditulungan dina waktu keur kacida butuhna.
- Beureum paneureuy =Hese pisan hasil maksud.
- Beuteung anjingeun =Beuteung anu gede ka luhur.
- Beuteung mutiktrik berekat meunang =Dahar seubeuh di nu hajat, ari balik mawa berekat.
- Beuteung si eta mah ruas bungbas =Teu aya kaseubeuhan.
- Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar =Jaman geus robah, jelema oge loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna.
- Bilatung ninggang dage= Jelema teu jujur meunang kadudukan atawa kasempetan anu matak nguntungkeun keur dirina.
- Birit aseupan =Jelema nu diukna teu daek cicing, nyanggeyeng ka ditu, nyanggeyeng ka dieu.
- Bisa ka bula ka bale =Bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan, atawa bisa gawe kasar jeung gawe lemes.
- Bisa lolondokan =Bisa nuturkeun adat sakarep batur supaya akur, bisa ula-ilu.
- Bisi aya ti cai ti geusan mandi =Bisi aya nu kasigeung atawa ka-toel mamaras rasana.
- Biwir nyiru rombengeun =Sagala dicaritakeun anu saenyana kudu dirasiahkeun.
- Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah= Darma nepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
- Bobo sapanon carang sapakan= Teu puguh undak-usukna, teu beres entep seureuhna; eta babasan sok dipake pamungkas carita, sasadu bisi salah pok-pokanana atawa pereleanana.
- Bobor karahayuan =Katarajang apes, cilaka, atawa meunang kasusah.
- Bobot pangayon, timbang taraju= Pangadilan, timbangan nu adil.
- Bodo alewoh= Bodo tapi daek tatanya.
- Bodo katotoloyoh= Tara daek tatanya, tara daek nurut kana nasehat batur.
- Boga pikir rangkepan= Henteu bolostrong, henteu ujug-ujug percaya kana omongan batur anu manis.
- Boga sawah saicak =Boga sawah saeutik.
- Bogoh nogencang =Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
- Bojo denok sawah ledok =Hirup senang lantaran boga pamajikan tegep jeung banda cukup.
- Bongkok meongeun =Semu bengkung ka tukang palebah cangken.
- Bonteng ngalawan kadu =Nu leutik ngalawan ka nu gede.
- Borangan ku surak= Eraan dina gempungan jalma rea.
- Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah =Jalma beunghar nepi ka barangteundeun teu puguh tempatna sabab barangna loba.
- Bubu ngawaregan cocok =Mere nasehat atawa nyieun aturan anu balukarna nguntungkeun sorangan.
- Buburuh nyatu diupah beas= Neangan pangarti bari meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan.
- Budak bau jaringao keneh =Budak can aya kanyaho, budak olol-leho.
- Budak olol leho keneh =Pamoyok ka jalma ngora nu tacan boga pangalaman dina pagawean.
- Budak rodek hulu= Budak can aya kanyaho.
- Budi santri legeg lebe, ari lampah euwah-euwah =Jelema anu omongan jeung kalakuanana kawas enya jelema bener, padahal saenyana mah jahat.
- Bujang jengglengan =Jajaka tulen sarta tegep.
- Bujang tarangna =Lalaki anu can kawin geus teu bujang deui.
- Bulan alaeun= Kakandungan anu geus nincak salapan bulan.
- Bulu taneuh= Tukang tani, patani.
- Buncir leuit loba duit= Beunghar, taya kakurang.
- Bungah amarwatasuta =Bungah sagede anak gunung, bungah pisan.
- Bungbulang tunda =Tunda talatah, dikeunakeun ka jalma nu dititah baranggawe tara prak ku sorangan, tapi kalah sok nitah deui ka batur.
- Buntu laku= Teu bisa neruskeun usaha atawa pagawean.
- Buntut kasiran =Koret, kumed, medit.
- Bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang= Hirup senang taya kakurang, salilana ginding.
- Burung palung dulur sorangan= Sanajan ngewa/ambek ka dulur/ baraya nu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu weleh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana,henteu ngantep.
- Buta terong =Pamoyok ka jelema nu goreng patut, katurug-turug sagala beuki.
- Butatuli =Teu nyaho naon-naon.
- Caang bulan dadamaran =Migawe hal nu teu perlu deui.
- Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan =Rido pisan.
- Caang padang narawangan =Caang pisan atawa bisa nenjo ku panon batin ka tempat gaib.
- Cacah rucah atah warah =Somah nu dianggap taya ajenna sarta bodo.
- Cacarakan= Kakara diajar, tacan bisa bener.
- Cadu mungkuk haram dempak= Sumpah yen bener-bener embung, atawa moal ngalampahkeun salah sahiji perkara.
- Cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo= Sagala teu ngeunah lantaran keur susah atawa keur gering. Cai di hilir mah kumaha ti girangna Ra'yat leutik sok nyonto kalakuan parningpinna.
- Caina herang laukna beunang= Hasil maksud ku cara lantip bari teu aya pacengkadan.
- Campaka jadi di reuma= Nu geulis urang kampung/lembur lain pipanteseunana aya di pasisian. Campur kaya Tepung kaya atawa kaya reujeung kaya, harta banda babarengan nu rimbitan.
- Cangkir emas eusi delan =Jelema anu omonganana alus, tapi saenyana hatena goreng.
- Cara hurang, tai ka hulu-hulu =Bodo pisan.
- Carang takol= Jelema anu langka pisan ngomong, ari teu perlu-perlu teuing mah.
- Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket= Ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakewuh.
- Cecendet mande kiara, cileuncang mande sagara= Nu miskin atawa jalma leutik hayang nyaruaan nu beunghar.
- Ceplak pahang =Satarabasna teuing kajeun matak nyeri hate batur.
- Ceuli lentaheun= Sok sadenge-dengena, najan lain dengekeunana, atawa resep ngadengekeun kagorengan batur.
- Cikal bugang Cikal hirup, anu pangheulana gugur di medan perang.
- Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok =Awahing ku leukeun, laun-laun jadi bisa.
- Cilaka dua belas =Cilaka pohara.
- Ciri sabumi cara sadesa =Kabiasaan di unggal daerah beda-beda.
- Clik putih clak herang= Rido, iklas, kaluar tina hate anu beresih.
- Congo-congo ku amis, mun rek amis ge puhuna =Anak-anakna teu bageur, da kolotna oge henteu nyontoan.
- Cruk-crek= Gunta-ganti pamajikan.
- Cucuk rungkang= Perkara leutik atawa teu pira, tapi lamun diantep bisa ngaganggu kana urusan anu gede.
- Cueut ka hareup= Tereh maot, geus kolot.
- Cueut ka nu hideung, ponteng ka nu koneng =Teu adil, pilih kasih.
- Cukang tara neangan nu ngising= Nu hayang ditulungan sapantesna datang ku maneh kanu rek dipentaan tulung.
- Cukup belengur baraga naya =Resep mere ka batur, bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan.
- Cul dogdog tinggal igel =Ninggalkeun gawe baku lantaran ngalampahkeun pagawean sejen nu teu aya hasilna.
- Daek macok, embung dipacok =Jelema nu hayang meunang sorangan, daek menta embung dipenta.
- Dagang oncom rancatan emas =Modal nu kacida gedena, ari nu dijual jeung diarah batina teu sabaraha.
- Dah bawang dah kapas =Jual-beuli kontan.
- Dahar kawas meri =Uprat-apret jeung ngaremeh.
- Daharna sakeser daun =Daharna mindeng pisan.
- Datang katenjo tarang, undur katenjo pun-duk =Tatakrama nu amit-amitan, nembongkeun yen taya geuneuk maleukmeuk atawa teu serong salingkuh.
- Dedenge tara =Kadenge sawareh atawa dedengean anu teu pati tetela.
- Dengdek tapi maliding sanak= Pilih kasih, teu adil.
- Deukeut-deukeut anak taleus= Sakitu padeukeut teu nyaho yen baraya atawa aya kajadian penting di salah saurang di antara maranehanana.
- Deungeun-deungeun haseum= Taya baraya saeutik-eutik acan.
- Di bawah tangan =Teu make saksi ti pihak nu resmi.
- Dianakterekeun =Disapirakeun.
- Diangeuncareuhkeun= Diantep henteu didahar.
- Dibabuk lalay= Dibabukan kawas lalay, ngababukan ngenca-ngatuhu.
- Dibejerbeaskeun= Dieceskeun atawa dijentrekeun pisan.
- Dibere sabuku menta sajeungkal, dibere sajeungkal menta sadeupa= Lantaran dibere wani saeutik, jadi beuki loba pamentana sarta nyalutak .
- Dibeuleum seuseur= Diburu-buru sina anggeus.
- Dibeuteungan nyusu =Dieureunan nyusu, dipesat.
- Dibeuweung diutahkeun= Dipikir dibulak-baHk.
- Dibilang peuteuy= Dibilang hiji-hiji.
- Didagoan ku seeng nyengsreng =Dipikabutuh ayeuna.
- Didago-dago tilewu =Hanas didagoan, ari pek teu datang.
- Didingding kelir =Dibuni-buni atawa dirusiahkeun.
- Dihin pinasti anyar pinanggih= Sagala nu kaalaman ayeuna saestuna geus ditangtukeun ti heula ku Pangeran.
- Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngepot= Teu beunang dijeujeuhkeun, tara eucreug bae.
- Dijieun lalab rumbah =Disapirakeun, henteu diajenan.
- Dikepung wakul buaya mangap =Dikepung ku musuh anu samakta ku pakarangna.
- Dikerid peuti =Dibawa kabeh saeusi imah atawa kampung.
- Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban =Ditambang, ditalak henteu, dinapakahan oge henteu; dipiara tapi teu diurus dahar-pakena.
- Diperih pati turta gawe =Dibere papancen nu kacida beuratna, bisa jadi kudu nemahan pati.
- Dipiamis buah gintung= Disangka hade jeung batur, tapi nu saenyana man jahat.
- Dipisudi mere budi= Dipiharep kalah ngambek, ngabaeudan.
- Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang =Dihukum pati, dihukum beurat pisan.
- Disuhun dina embun-embunan= Ditarimakeun pisan.
- Disusul tepus =Diteangan terus, nepi ka beunang .
- Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi =Dianggap aneh atawa model.
- Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup Kekecapan keur awewe anu kacida geulisna, taya cawadeunana.
- Ditiung memeh hujan Kudu iatna samemeh cilaka. =Ditiung sanggeus hujan Kakara iatna sanggeus karuhan cilaka, lain samemehna nyegah picilakaeun.
- Dogdog pangrewong =Jalma nu mantuan pagawean tamba lumayan, teu boga tugas nu penting.
- Dosa salaput hulu= Dosa anu geus kacida lobana.
- Dug hulu pet nyawa= Usaha satekah polah meh taya eureunna.
- Dug tinetek atawa dug hulu pet nyawa Digawe beurat meh taya eureunna.
- Duum tinggi =Babagi henteu adil, aya nu meunang loba, jeung aya nu saeutik.
- Eleh deet =Ngelehan maneh.
- Elmu ajug= Jalma nu biasa mapatahan kahadean ka batur, ari sorangan henteu bisa ngamalkeunana.
- Elmu angklung= Joledar atawa patukang tonggong jeung kolot.
- Elmu kepek= Pituduh tina buku atawa kitab anu acan diprakkeun ku sorangan.
- Elmu sapi= Samiuk kana kagorengan, guyub dina hal nu kurang hade.
- Elmu tumbila =Pribumi ngarugikeun semah.
- Elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna= Hirup kudu nungtut nyiar elmu pikeun kasalametan dunya aherat sarta kudu siger tengah.
- Elok bangkong =Ampir sakarat.
- Era parada =Era ku lampah atawa omongan batur, nu matak aeb.
- Embung kakalangkangan Embung kaelehkeun.
- Endog sapataragan tara megar kabeh= Di antara dulur-dulur saindung-sabapa sok aya bae anu teu pati alus milikna.
- Galagah kacaahan= Nganteur atawa ngalajur napsu kabawa ku batur.
- Galak sinongnong= Lalaki nu mimiti aya sir ka awewe, tapi can wani adu hareupan.
- Galak timburu =Babari timburuan. Awewe nyangka nyelewer ka salakina atawa sabalikna.
- Galegeh gado= Someah, akuan, atawa darehdeh bisa nyarita, tapi teu terus kana hatena.
- Gancang pincang =Pagawean anu babari anggeus, tapi hasilna henteu nyugemakeun.
- Gantung denge= Ngarasa hanjakal sabab hayang keneh ngadengekeun, anggeus manten.
- Gantung teureuyeun =Ngarasa hanjelu sabab barangdahar can seubeuh, kapaksa dieureunkeun.
- Garo maling =Boleksek henteu dihaja, urut gagaro keur sare.
- Garo mengmengan =Euweuh kasabaran.
- Garo singsat= Peta awewe nu teu sabar ngadagoan nu can datang. Garo-garo teu ateul
- Gentel keak =Budak anu meh tara lesot ti indungna, mun dilesotkeun sok ceurik.
- Gede cahak manan cohok =Leuwih loba ngaluarkeun duit batan panghasilan.
- Gede gunung pananggeuhan =Adigung dumeh aya andelan atawa aya nu dipuntangan.
- Gede hulu= Adigung, sombong.
- Geledug ces =Ukur rame mimitina wungkul, ka dituna mah jadi tiiseun.
- Gemah ripah loh jinawi= Gegek cacah jiwana sarta raharja. Genteng-genteng ulah potong Sanajan hasilna teu sabaraha, keun bae tinimbang luput.
- Gereges-gedebug= Ngalampahkeun pagawean teu karana dipikir panjangheula.
- Gering nangtung ngalanglayung =Henteu gering parna, tapi sehat bener oge henteu ngalanglayung.
- Getas harupateun =Babari ambek.
- Geugeut manjahan =Ngogo ka budak tapi ari ambek gampang nyarekan, ngan henteu nepi ka meupeuh atawa neunggeul.
- Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma =Awewe anu rupana tegep, ngan dangongna dusun.
- Geus apal luar jerona= Geus nyaho kana kalakuan jeung tabeatna.
- Geus aya dina pesak =Geus nyaho pisan kana sarupaning perkara.
- Geus bijil bulu mayang =Geus mimiti baleg (ka lalaki).
- Geus cueut ka hareup =Geus kolot, geus liwat satengah tuwuh.
- Geus cumarita= Geus kawin sarta imah-imah sorangan, geus misah ti kolot.
- Geus labuh bandera =Perkara anu geus diputus.
- Geus nyanghulu ngaler =Geus maot.
- Gindi pikir belang bayah= Goreng hate, resep nyilakakeun batur.
- Ginding bangbara =Resep gigindingan jeung royal ngarah katenjo ku batur, tapi di imah kekerehet
- Ginding kekempis =Jelema ginding tapi teu boga duit.
- Giri lungsi tanpaingan = Ulah ngahina sanajan ka nu lemah atawa nu leutik.
- Goong nabeuh maneh= Ngagulkeun diri sorangan.
- Goong saba karia =Datang ka nu hajatan bari teu diondang, maksudna sangkan kaarah gawe tur seubeuh baranghakan.
- Goreng sisit =Goreng milik.
- Goreng sopak= Jelema goreng patut.
- Gugon tuhon= Kukuh, boh ka dunungan, boh kana adat kabiasaan atawa kapercayaan.
- Gulak-giluk kari tuur, herang-herang kari mata, teuas-teuas kari bincurang =Asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.
- Gunung hapitan sela Budak awewe nu boga lanceuk lalaki hiji jeung adi lalaki hiji (sabalikna tina sela hapitan gunung).
- Gunung luhur beunang diukur/ laut jero beunang diteuleuman, tapi hate jalma najan deet moal kakobet =Nganyahokeun eusi hate jelema anu dirasiahkeun mah kacida hesena.
- Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi =Taya wates wangenna, kacida legana, euweuh tungtungna.
- Gurat batu =Kukuh dina nyekel omongan atawa pamadegan, teguh tangtungan.
- Gurat cai= Babari ngarobah omongan/jangji nu geus diucapkeun. Cidera kana jangji. Sabalikna tina gurat batu.
- Guyur salelembur ear sajajagat=Pohara geunjleungna,
- Hade gogog hade tagog= Hade basa hade tata jeung hade
- paripolahna. Hade ku omong goreng ku omong= Sagala rupa perkara bisa disebut hade atawa goreng lantaran omonganana.
- Halodo sataun lantis ku hujan sapoe =Kahadean nu geus sakitu lilana, leungit ku ngalampahkeun kagorengan sakali.
- Hambur bacot murah congcot =Babari nyarekan, tapi berehan.
- Hampang birit =Daekan, sabalikna beurat birit.
- Hampang leungeun= Gampang neunggeul.
- Handap lanyap =Hade basa, puguh entep-seureuhna, tapi nu saenyana mah ngunghak atawa ngahina; hormat tapi matak nyentug kana hate.
- Handap asor =Daek ngahormat ka batur.
- Hantang hantung hantigong hantriweli= Kalah ka hade rupa hade tagog, tapi taya araheunana.
- Haok hamprong =Beuki hahaok.
- Hapa heman =Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadean. bandingkeun Nu asih dipulang sengit.
- Hapa-hapa oge ranggeuyan =Sanajan teu boga harta banda leuheung keneh sabab boga salaki.
- Harewos bojong =Omongan anu diharewoskeun, tapi kadenge ku nu deukeut ka nu diharewosan.
- Harelung jangkung =Kacida jangkungna.
- Harigu manukeun =Dada jelema nu nonjol ka hareup.
- Haripeut ku teuteureuyeun =Totorosol pisan kana urusan pirejekieun.
- Hams omong batan goong =Beja mah sok babari pisan sumebarna.
- Haseum budi =Leuwih mindeng baeud jeung camberut tibatan seuri.
- Haseum kawas cuka bibit= Kuraweud haseum, teu me're budi pisan.
- Hatur tangis =Ngabejakeun kanyeri ati.
- Hawara biwir =Resep ngabejakeun perkara anu tacan tangtu bakal dilaksanakeun atawa hal anu lila keneh kana waktu dilaksanakeunana.
- Hayang leuwih jadi leweh= Hayang untung kalah rugi.
- Hayang utah iga =Ngarasa kacida sebelna.
- Hejo cokor badag sambel =Dusun pisan.
- Hejo tihang= Resep pipindahan, gunta-ganti pagawean.
- Herang-herang kari mata, teuas-teuas kari bincurang =Asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.
- Hese cape teu kapake =Hanas ceuk rarasaan mah digawe soson-soson, ari heg dianggap salah ku dunungan atawa hasilna mubadir.
- Henteu asa jeung jiga= Geus loma pisan.
- Henteu gedag bulu salambar= Henteu sieun atawa henteu gimir saeutik-eutik acan.
- Henteu jingjing henteu bawa =Henteu mawa naon-naon keur oleh-oleh ka nu dijugjug.
- Heunceut ucingeun =Babari reuneuh.
- Heuras genggerong =Caritaanana sugal jeung garihal, teu bisa ngangeunahkeun hate batur ku omongan.
- Heuras letah =Omonganana matak nyugak atawa teu ngeunaheun batur.
- Heureut pakeun pungsat bahan =Teu rea kaboga, saeutik panghasilan.
- Heurin ku letah =Teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur, lantaran bisi aya matakna ka ditu ka dieu.
- Hideung ngabangbara= Hideung meles sarta herang.
- Hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho di mangsa= Hirup di dunya teh bakal ditungtungan ku maot anu datangna teu bisa dipastikeun ti anggalna.
- Hirup ku ibun, gede ku poe= Hirup balangsak, sasat euweuh nu ngurus, hirup kalantar.
- Hirup ku panyukup gede ku pamere= Jelema anu hirupna ukur ngandelkeun pamere ti batur.
- Hirup ngabangbara= Jelema anu tempat matuhna keur leutik teh teu tumaninah, tapi ari sakalieun barangpake mani kacida gindingna.
- Hirup teu neut, paeh teu hos= Terus-terusan gering ripuh, tapi teu maot.
- Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja =Laku lampah kudu bageur supaya alus kacaritakeunana.
- Huap hiji diduakeun= Ngirit-ngirit sagala kaperluan sapopoe, supaya bisa nyumponan kaperluan anak atawa saha bae anu perlu dibelaan.
- Hujan cipanon= Ceurik balilihan, loba nu ceurik.
- Hulu gundul dihihidan =Nu keur untung tambah untung.
- Hulu peutieun =Jelema nu leutik sirahna henteu surup jeung awakna.
- Hurip gusti, waras abdi =Jaman peodal, upama raja senang sarta mulya, rayat cageur.
- Hurung nangtung siang leumpang =Beunghar sarta dipake ngaginding.
- Hutang hatong= Satengah heureuy, nyapirakeun kana hutang, daek bayar, henteu entong.
- Hutang salaput hulu =Loba pisan hutang, nepi ka samar kabayar.
- Hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri bayar nyeri =Males kanyeri atawa kajahatan ku hukuman nu sarua atawa saimbang.
- Ieu aing -Jelema nu ngarasa luhur, hade, pinter, gagah jeung sajabana ti dinya atawa adigung.
- Ilang-along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana , nyerenkeun= Masrahkeun sagala-galana, ilaharna diucapkeunana waktu rek ngawin-keun atawa satutasna nyerahkeun.
- Indit sirib= Indit sarerea saeusi imah.
- Indung hukum bapa darigama =Papagon, aturan agama jeung nagara.
- Indung lembu bapa banteng =Turunan jalma beunghar atawa menak.
- Indung peuting =Mega hideung anu sok tembong ti peuting.
- Indung suku ge moal dibejaan= Niat pageuh nyekel rasiah, baraya nu landes ge moal dibere nyaho.
- Inggis batan maut hinis, rempan batan mesat gobang= Kacida matak risina, paur pisan.
- Inggis ku bisi rempan ku sugan = Salempang aya naon-naon. Ipis biwir Epesmeer, babari ceurik.
- Ipis kulit beungeut =Eraan.
- Ipis wiwirang =Kandel kulit beungeut, kurang kaera.
- Iwak nangtang sujen =Ngadeukeutan pibahayaeun, neangan picilakaeun.
- Jabung tumalapung, sabda kumapalang =Milu nyarita bari ngarumasakeun taya kabisa, tapi alatan kapaksa.
- Jadi cikal bugang =Pangheulana kasambut di pangperangan.
- Jadi kembang carita= Loba nu nyaritakeun.
- Jadi kulit jadi daging =Jadi kabiasaan nu hese dipiceunna.
- Jadi sabiwir hiji =Geus jadi caritaan jelema rea, pada muji kahadeanana.
- Jadi senden kalemekan= Jadi kembang carita.
- Jadi Senen kalemekan= Ahad kacapangan Jadi kembang carita.
- Jajar pasar= Sedeng atawa meujeuhna (kana rupa).
- Jalma notorogan =Jalma nu boga laku-Iampah teu pantes, pikacuaeun.
- Jaman bedil sundut =Jaman baheula.
- Jaman cacing dua saduit =Jaman baheula pisan.
- Jaman tai kotok dilebuan= Jaman baheula.
- Jampana bugang =Pasaran, wadah paranti ngagotong mayit ka kuburan.
- Jampe pamake= Rupa-rupa jampe jeung tingkah laku pikeun ngahasilkeun maksud.
- Jampe pipahokan =Jampe atawa ajian nu maksudna supaya musuh teu nenjoeun ka urang kawas nu lolong.
- Janget kinatelon =Turunan hade ti indung-bapa.
- Jantungeun= Kawas anu kasima.
- Jati kasilih ku junti= Pribumi kaelehkeun ku semah.
- Jauh ka bedug, anggang ka dulag =Dusun henteu nyaho di adat, dusun pisan.
- Jauh tanah ka langit= Mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun; kacida pisan bedana.
- Jauh di jug jug anggang diteang= Jauh-jauh oge didatangan bae.
- Jauh-jauh panjang gagang =Hanas jauh-jauh oge dijugjug ari pek teu hasil maksud.
- Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana =Masyarakat di saban tempat boga tata cara sewang-sewangan.
- Jejeg ceker =Cape balas leumpang ka ditu ka dieu.
- Jelema balung tunggal= Jelema bedas pisan.
- Jelema pasesaan =Jelema nu kungsi gelo.
- Jeneng memeh pangkat= Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina.
- Jengkol mah aya usumna =Pikeun nyindiran nu loba ekol.
- Jiga tunggul kahuru= Goreng patut.
- Jodo pakokolot =Kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur ngora dina umur pakokolot. Tingali oge
- Jogjog neureuy buah loa= Mikahayang perkara anu moal kasorang.
- Jongjon bontos= Junun kana gawe, tara kabengbat ku naon-naon.
- Jual dedet =Ngajual barang satengah maksa.
- Ka cai diangir mandi, batu lempar panuusan =Lemah cai, bali geusan ngajadi.
- Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal =Hirup ati-ati make itungan.
- Ka luhur sieun gugur, ka handap sieun cacing =Taya kawani.
- Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran =Taya kamajuan minangka hukumullah ka jelema doraka atawa nu sok jail ka batur.
- Kabawa ku sakaba-kaba =Kabawakeun atawa kapangaruhan ku batur nu teu pati eucreug.
- Kabeureuyan mah tara ku tulang munding, tapi ku cucuk peda= Cilaka mah biasana tina mokahaan urusan leutik.
- Kacang poho ka lanjaran =Poho ka asal wiwitan, pindah pileumpangan.
- Kacanir bangban= Kawiwirangan, meunang kaera.
- Kacekel bagal buntutna= Katewak luluguna.
- Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria =Kamashur, sarerea pada nyaho.
- Kaciwit kulit kabawa daging= Kabawa goreng ku kalakuan baraya anu salah, atawa milu ngarasa teu ngeunah lantaran aya baraya dihina ku batur.
- Kaduhung tara ti heula =Ngarasa hanjakal mah geus tangtu moal samemeh migawe kasalahan.
- Kagok asor = Jangji nu geus kapalang disanggupan, nepi ka kapaksa kudu dilaksanakeun.
- Kahieuman bangkong =Siga beunghar lantaran katitipan banda batur.
- Kai teu kalis ku angin =Jelema mah tara senang salalawasna, hiji waktu pasti pinanggih jeung kasusah.
- Kajejek ku hakan= Hasil usaha beak ku kaperluan dahareun wungkul.
- Kajeun pait heula amis tungtung, manan amis heula pait tungtung =Leuwih hade bejaan heula nu banggana, ti batan dibibitaan heula ku untungna, bisi ahirna kaduhung.
- Kajeun panas tonggong, batan tiis beuteung= Kajeun teuing cape digawe oge, asal bisa dahar kalawan cukup, teu kakurangan.
- Kakeueum ku cai toge =Eleh pisan ku pamajikan, nepi ka dipangnyelewerkeun oge cicing bae.
- Kalah ka ingkig= Usaha ka ditu ka dieu teu hasil.
- Kalah ka ngahuntu =Ngan bisa nyarita atawa pidato wungkul.
- Kalapa bijil ti cungap= Muka rusiah sorangan kalawan teu dihaja.
- Kaliung kasiput= Loba baraya nu baleunghar, sasat kalingkung.
- Kandel kulit beungeut =Teu boga kaera, sabalikna tina ipis kulit beungeut
- Kapiheulaan ngaluluh taneuh =Hudang kabeurangan.
- Kapipit galih, kadudut kalbu= Kapincut, bogoh.
- Kapiring leutik= Kaisinan.
- Karawu kapangku= Sagala pagawean kacabak, tur hasilna hade; kalakon kumaha pait peuheurna, muga-muga turunan urang mah kari ngeunahna.
- Kasangga kalingga murda, katampi ku asta kalih Katarimakeun, sarta dinuhunkeun pisan.
- Kasep ngalenggereng koneng= Nya kasep nya ginding.
- Katempuhan buntut maung= Ngagantian kasusah batur.
- Kakeureut ku sieup, katindih ku kari-kari=Kasangka boga dosa.
- Katuliskeun jurig= Asal heureuy jadi enyaan.
- Kaum marhaen Somah, rayat biasa.= Kawas aul Sok ciciduh.
- Kawas aeud =Nya goreng budi nya bangor.
- Kawas anjing parebut tulang =Parasea marebutkeun barang anu teu pira.
- Kawas anjing tutung buntut= Berebet ka ditu berebet ka dieu, kawas nu samar polah; ijigimbrang teu daek cicing.
- Kawas anu teu dibedong= Kaluar-asup tara nutupkeun panto.
- Kawas awi sumaer di pasir= Luak-leok pikir teu pag'euh tangtungan.
- Kawas badak Cihea =Jelema nu leumpangna noyod siga nu degig.
- Kawas bayah kuda= Belel pisan, upamana samping.
- Kawas beubeulahan terong= Sarua pisan rupana, nu kembar.
- Kawas beusi atah beuleum =Geuneuk rupana bakat ku kacida ambekna.
- Kawas birit seeng =Hideung lestreng (kulit jelema).
- Kawas bodor reog= Jelema nu tingkah polahna pikaseurieun.
- Kawas bujur aseupan =Diuk teu daek cicing.
- Kawas carangka runtah =Jelema nu sagala beuki jeung gembul.
- Kawas careuh bulan= Diwedak kandel teuing.
- Kawas cucurut kaibunan =Goreng patut, sarta pikarunyaeun.
- Kawas dodol bulukan =Beungeut hideung diwedakan teu rata.
- Kawas durukan huut =Pibahayaeun nu teu kaciri, tapi beuki lila beuki gede.
- Kawas gateuw =Teu bisa liar lantaran kasakit, atawa geus rarempo, tapi ari awak lintuh.
- Kawas gula jeung peueu=t Kacida dalitna, tara pasea, silih asih.
- Kawas hayam keur kumahkar= Teu daek cicing lantaran hate kaweur, atawa geus teu sabar ngadagoan nu diarep-arep.
- Kawas kacang ninggang kajang =Norostos capetang.
- Kawas kedok bakal =Rupa jelema anu goreng patut kacida.
- Kawas kedok rautaneun =Kacida goreng patutna kawas kedok nu can anggeus.
- Kawas kuda leupas ti gedogan =Ngumbar kahayang lantaran geus euweuh nu ngahalangan.
- Kawas lauk asup kana bubu =Teu bisa ngundurkeun diri deui, lantaran geus kabeungkeut ku jangji atawa sumpah.
- Kawas leungeun nu palid =Leungeun nu teu daek cicing, ngopepang, sagala dirampa, sagala dicabak.
- Kawas nu keked =Teu bisa barangbawa.
- Kawas pantun teu jeung kacapi= Bisa mapatahan wungkul, teu bisa nyontoan.
- Kawas panyeupahan lalay =Lawon anu belel, kawas panyeupahan lalay.
- Kawas perah bedog rautaneun= Goreng patut.
- Kawas siraru jadi =Jelema loba nu riab ka mana-mana.
- Kawas tatah =Teu hideng sorangan, kudu dititah bae.
- Kawas toed =Budak beuki ngomong, celembeng.
- Kawas tunggul kahuru =Jelema goreng patut.
- Kawas ucing garong =Jelama jahat nu sok ngaranjah imah, sakapeung bari nandasa nu boga imah.
- Kawas ucing jeung anjing =Dua jelema anu teu daek akur, lamun paamprok kudu bae pasea.
- Kawas ucing kumareumbi =Jelema anu sok resep ruwal-rawel, siga ucing keur kumincir.
- Kawas ucing nyanding paisan =Deukeut kana pimaksiateun.
- Kejo asak, angeun datang =Sapagodos jeung maksud urang.
- Kelek jalan =Tempat anu teu gampang didatangan lantaran jauh ti jalan gede.
- Kebo mulih pakandangan =Balik ka lembur sorangan sabada lila ngumbara di lembur batur.
- Kembang buruan=Budak anu keur meujeuhna lucu sarta geus resep ulin di buruan.
- Kembang carita= Jadi bahan carita nu narik perhatian dina riungan- riungan.
- Kembang mata = Nu dipikanyaah atawa dipikaasih.
- Keuna ku aen=Meunang cocoba lantaran ku "panenjo" batur (loba teuing nu muji).
- Keuna ku lara teu keuna ku pati= Bisa jadi eleh atawa tatu, tapi moal maot.
- Keur bentang surem= Keur apes, keur goreng milik.
- Keur meujeuhna bilatung dulang =Keur meujeuhna parabaneun , keur meujeuhna beuki dahar.
- Keur meujeuhna buta tulnng buta daging= Keur meujeuhna bedas.
- Keur meujeuhna hejo lembok, rambay carita =Keur meujeuhna lubak-libuk, euweuh kakurang.
- Keuyeup apu =Jelema anu elehan jeung euweuh kahayang; kodomoyo, leuleumeuyeu.
- Kiceupna sabedug sakali =Jelema anu kacida lungguhna.
- Kiruh di girang, kiruh di hilir =Lamun nu di luhurna geus teu balener, tangtu nu di handapna oge sarua kitu.
- Kokod monongeun =Teu daekeun asak, lantaran mindeng dicabakan (bubuahan nu dipeuyeum).
- Kokolot begog= Ngomong teu merenah kawas kolot.
- Kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran= Makmak mekmek, kokomoan barangdahar atawa ngumpulkeun barang nepi ka poho kana kautamaan.
- Kokoro nyoso malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam =Jelema anu kacida masakatna, sagala teu boga..
- Kolot dapuran =Pernah kolot nurutkeun pancakaki, sanajan umur leuwih ngora.
- Kolot dina beuheung munding =Kolot tapi teu loba kanyaho.
- Kolot kolotok =Kolot tapi euweuh kanyaho, kosong tina elmu pangaweruh.
- Koreh-koreh cok= Usaha buruh leutik, hasilna ngan cukup saharitaeun.
- Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang =Jelema anu pipilueun kana hiji urusan lantaran ukur kabawakeun ku batur, lain karepna sorangan.
- Kudu bisa ngeureut pakeun =Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mapahat.
- Kudu boga pikir rangkepan= Ulah ujug-ujug percaya kana omongan batur aim manis.
- Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak= Sagala rupa tingkah laku kudu luyu jeung kaayaan diri sorangan.
- Kukuh Ciburuy =Teu bisa diongget-qngget, teu daek nurut kana paham batur nu leuwih bener.
- Kukuk sumpung dilawanan dada leway= Sarua gorengna; nu ngambek dilawan ngambek, nu burung dilawan nu gelo.
- Kulak canggeum = Milik hade atawa goreng geus ditangtukeun ku Gusti Nu Mahasuci.
- Kumaha bule hideungna = Kumaha engke bae buktina.
- Kumaha ceuk nu dibendo bae= Kumaha ceuk nu mingpin di luhur bae.
- Kumaha ramena pasar =Ula-ilu, kumaha guyubna batur
- Kumambang kana kersa= Pangersa Pasrah kana takdir.
- Kumeok memeh dipacok =Wegah memeh ngajalankeun pagawean,
- Kurang jeujeuhan= Kurang ati-ati, kurang itungan.
- Kurang saeundan =Jelema nu teu patig jejeg pikiranana, rada gelo.
- Kuru aking ngajangjawing =Pohara kuruna.
- Kuru cileuh kentel peujit= Ngurangan sare, ngurangan dahar (tirakat), lantaran ay a nu dimaksud.
- Kuru kurulang-kuriling= Lara sangsara kadungsang-dungsang.
- Kurung batok =Teu daek lunta ti lembur, jalma nu tara ka mana-mana, jadi teu loba kanyaho.
- Labuh diuk, tiba neundeut= Sarua salahna atawa sarua cilakana.
- Ladang kesang= Rejeki ti Allah lantaran usaha sorangan.
- Laer gado =Sok kabitaan ku kadaharan nu aya di batur.
- Lain palid ku cikiih, lain datang ku cileuncang =Lain jalma andar andar, tapi datang ku sabab boga tujuan anu tangtu.
- Lalaki kembang kamangi =Lalaki nu teu bisa nyukup kabutuhan rumah tangga.
- Lalaki langit lalanang jagat= Lalaki anu kasep sarta gagah perkasa.
- Lali rabi, tegang pati= Poho ka pamajikan jeung tega kana nyawa pikeun ngabelaan nagara jeung bangsa.
- Lanca-linci luncat mulang =Jalir jangji, udar subaya.
- Landung kandungan laer aisan= Cede tinimbangan, asak hampura.
- Langkung saur bane carek= Nyarita nu matak nyentug atawa anu matak nyeri kana hate batur.
- Lantip budi= Gancang ngarti kana maksud atawa kahayang batur sanajan henteu diucapkeun.
- Lasminingrat= Nu panggeulisna di sakuliah dunya.
- Lauk buruk mihi mijah, piritan milu endogan =Pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupaning urusan.
- Legeg lebe budi santri, ari lampah euwah-euwah= Jalma jahat bisa nipu ku tindak-tanduk nu sopan.
- Lelengkah halu = diajar leumpang salengkah-salengkah.
- Lengkah kapiceun =Indit-inditan bari aya nu dimaksud tapi teu hasil, henteu beubeunangan.
- Lentah darat =Jelema nu sok nginjeumkeun duit make renten gede.
- Lesang kuras= Henteu bisa nyekel duit, sok beak bae.
- Letah leuwih seukeut manan pedang= Raheut hate ku omongan leuwih peurih karasana tibatan raheut biasa.
- Legok tapak genteng kadek =Loba kanyaho, loba luang pangalaman.
- Leleyep asu= Acan sare enya.
- Lembur matuh panglayungan, banjar karang pamidangan, nagara ancik-ancikan= Lembur tempat matuh atawa cicing.
- Lembur singkur, mandala singkah= Tempat anu nyumput sarta jauh.
- Lengkeh lege= Jelema buheukeu, euweuh cangkengan bawaning ku lintuh.
- Leubeut buah hejo daun =Keur meujeuhna lubak-libuk, euweuh kakurang.
- Leuleus awak =Gampang dititah.
- Leuleus kejo poena =Mimitina bengis, tapi beuki lila beuki hade.
- Leumpang sakaparan-paran =Teu puguh nu dijugjug.
- Leumpeuh yuni= Babari kapangaruhan, tara kuat nahan gogoda.
- Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana =Leungit euweuh urutna jeung teu puguh sababna, teu matak kaharti.
- Leutik burih= Borangan.
- Leutik pucus =Euweuh kawani.
- Leutik ringkang gede bugang =Sipat jalma, upamana maot loba uruseunana, sumawonna mun nepi ka ajal di panyabaan.
- Leutik-leutik ngagalatik =Leutik waruga tapi wanian, loba kabisa.
- Leuweung ganggong simagonggong, leuweung sisumenem jati= Leuweung geueuman pikakeueungeun.
- Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet =Pikiran jelema mah hese" dikira-kirana, boh hadena, boh gorengna.
- Lieuk euweuh ragap taya =Teu boga naon-naon, malarat, taya kaboga.
- Lir nu ngababad pacing =Tumerap ka nu ngelehkeun pirang-pirang musuh ku pedang.
- Loba catur tanpa bukur= Kalah ka omong, buktina euweuh.
- Loba teuing jaksa =Loba teuing nu mere tinimbangan atawa nasehat.
- Lodong kosong ngelentrung =Jelema bodo nu loba omong, boga laga nurutan nu pinter.
- Lolondokan =Bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan lingkungan atawa jeung kahayang jaman.
- Luhur kokopan =Gumede.
- Luhur kuta gede dunya =Beunghar sarta gede pangaruh.
- Luhur tincak =Kalakuanana sok nurutan nu luhur (pangkatna) atawa nu beunghar.
- Luncat mulang =Omonganana teu puguh dicekel, teu bisa dipercaya.
- Lungguh tutut bodo keong, sawah sakotak kaider kabeh =Siga lungguh katenjona padahal bangor.
- Mabok pangkat= Adigung, ieu aing jeneng.
- Macan biungan =Jelema anu teu akur jeung batur salembur.
- Mageuhan cangcut tali wanda =Saged rek bajoang.
- Maju jurang mundur jungkrang= Taya piliheun, ka ditu ka dieu pibalaieun.
- Malengpeng pake! ku munding, ngajul bulan ku asiwung =Ngalampahkeun perkara nu moal pihasileun.
- Maliding sanak =Pilih kasih.
- Malik ka temen= Asal babanyolan tuluyna jadi enyaan.
- Malik mepeh =Gulang-guling lantaran henteu kuat nahan kanyeri atawa keur sakarat.
- Malikkeun pangali= Nu diserenan pagawean kawajibanana, kalah nempuhkeun ka nu nyerenkeunana.
- Manan leweh mending waleh =Tinimbang matak susah sorangan, mending nyarita satarabasna.
- Manasina sambel jahe, top top tewewet= Moal ujug-ujug kaala hasilna, kudu sabar.
- Mandi getih =Baloboran getih lantaran tatu.
- Mandi oray =Mandi ngan sakilat, mandi ngan sakecebes, teu make sabun.
- Mangkok emas eusi madu =Jelema anu omongna, lampahna, nepi ka hatena oge hade.
- Mangpengkeun kuya ka leuwi =Nu dititah ka lembur asalna kari-kari ngalelep teu balik deui.
- Manis lambe= Jangji sanggup naon-naon tapi ngan omong wungkul (kalah ka omong)
- Manuk hiber ku jangjangna= Jelema hirup ku akalna.
- Maot ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja =Sing bener waktu keur hirup, supaya ulah diomongkeun upama geus maot.
- Mapatahan naek ka monyet =Mapatahan ka nu leuwih pinter.
- Mapatahan ngojay ka meri= Mapatahan ka jalma nu leuwih loba kanyahona jeung pangalamanana.
- Mapay ka puhu leungeun =Kasalahan jelema sok mamawa goreng ka kolotna atawa ka saluhureunana.
- Maras miris= Teu pati wani.
- Marebutkeun balung tanpa eusi= Marebutkeun perkara anu teu aya gunana.
- Marebutkeun paisan kosong= Marebutkeun perkara nu teu aya gunana.
- Mata duiteun= Piduit pisan.
- Mata karanjang =Sadeuleu-deuleuna, bengbatan, biasana lalaki ku awewe.
- Mata simeuteun =Ngarasa heran, nepi ka olohok teu ngiceup-ngiceup.
- Matak andel-andeleun =Matak ngurangan kapercayaan nepi ka handeueul nu nitah.
- Matak ibur salelembur, matak ear sajajagat= Matak geunjleung, jadi carita di mana-mana.
- Matak pajauh huma= Matak hese silih anjangan atawa matak teu silih pikanyaah.
- Matak tibalik aseupan =Matak teu bisa nyangu.
- Maung ngamuk gajah meta= Bancang pakewuh.
- Maung ompong, bedil kosong, kareta kosong =Jalma nu boga komara man sanajan geus teu nyekel kakawasaan oge teu weleh dipikaserab.
- Maut ka puhu =Pasea budak mamawa ka kolot.
- Maut nyere ka congona =Asal beunghar, beuki kolot beuki kokoro; hirup susah pakokolot atawa ngarandapan kurang rejeki sanggeus kolot.
- Meber-meber totopong heureut =Ngajeujeuhkeun rejeki saeutik supaya mahi.
- Menta buntut= Menta deui.
- Mere langgir kalieun =Mere barang nu kudu diakalan heula ku nu dibere, bari can tangtu hasilna.
- Medal sila =Ninggalkeun riungan lantaran ambek atawa wirang.
- Melengkung beukas nyalahan= Keur ngorana bageur, tapi ari geus kolot henteu eucreug; atawa nu ditaksir hade tapi goreng jadina.
- Melengkung umbul-umbulna, ngerab-ngerab banderana =Ngagambarkeun iring-iringan atawa kaayaan di tempat pesta.
- Mending kendor ngagembol tinimbang gancang pincang =Mending keneh lila tapi hasilna alus tibatan gancang tapi hasilna goreng.
- Mending pait ti heula tinimbang pait tungtungna =Dina urusan jual-beuli atawa usaha kudu asak heula badami, bisi jadi pacogregan di ahirna.
- Meuli teri meunang japuh= Kalawan teu disangka-sangka ti samemehna urang meunang milik anu leuwih gede.
- Meunang kopi pait =Digelendeng atawa dicarekan ku dunungan.
- Meunang luang tina burang =Meunang pangalaman pait lantaran cilaka heula.
- Meupeus keuyang= Ngabudalkeun kakeuheul atawa amarah ka nu teu tuah teu dosa, tampolana kana barang, lantaran ka nu boga kasalahanana mah teu wani ngambek.
- Miceun batok meunang coet =Miceun anu goreng ku sabab hayang meunang anu alus, tapi tungtungna mah kalah meunang nu goreng deuibae.
- Miceun beungeut =Ngabalieur, embung pateuteup lantaran ngewa atawa era.
- Mihape hayam ka heulang =Teu boga wiwaha, titip barang atawa harta banda ka nu geus katotol teu jujur.
- Mihapekeun maneh =Nyieun pikanyaaheun jeung pikaresepeun nu dicicingan atawa nu jadi dunungan.
- Milih-milih rabi, mindah-mindah rasa= Ganti pamajikan sugan leuwih ngarepok.
- Milik teu pahili-hili, bagja teu paala-ala= Rijki mah moal patukeur. Allah anu ngarijkian sakabeh mahluk-Na.
- Mindingan beungeut ku saweuy =Nyimbutan rasiah sorangan nu geus kanyahoan ku batur.
- Mipit kudu amit ngala kudu menta =Teu meunang cocorokot kana barang batur.
- Miyuni hurang, tai ka hulu-hulu= Bodo pisan.
- Miyuni hayam kabiri, ngeplek jawer ngandar jangjang, kumeok eleh ku bikang =Leutik burih, euweuh kawani. Tingali oge Ngeplek jawer ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri.
- Miyuni hui kamayung =Teu payaan, katoel saeutik ngambek.
- Moal aya haseup mun euweuh seuneu =Sagala rupa beja tangtu aya benerna, sanajan sok loba tambahna nu meunang ngareka.
- Moal ceurik menta eusi =Henteu maksa hayang dibere atawa dieusian.
- Moal ditarajean =Teu sieun, wani.
- Moal jauh laukna =Moal hese piuntungeunana.
- Moal mundur satunjang beas= Teu sieun teu gimir saeutik eutik acan.
- Moal ngabejaan indung suku =Rusiah pisan, moal dibeja-beja.
- Mobok manggih gorowong =Eukeur mah aya maksud, ari heg aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.
- Modal dengkul= Modal mangrupa kadaek jeung tanaga wungkul, teu make duit.
- Monyet kapalingan jagong =Nu maling kapalingan, tukang tipu katipu.
- Monyet ngagugulung kalapa =Nyaho luarna wungkul, teu apal kana jerona.
- Mopo memeh nanggung= Wegah memeh pek ngalaksanakeun pagawean.
- Moro julang ngaleupaskeun peusing =Ninggalkeun kauntungan nu geus tangtu, moro nu tacan puguh.
- Moro taya, tinggal kaya= Pakaya nu geus mukti ditinggalkeun, lantaran pindah ka tempat nu singsarwa euweuh.
- Muga sing ngarendekeh kawas sereh, ngarandakah manan manjah =Sing loba turunan.
- Mukti wibawa =Hirup senang sarta pada ngambeuan jeung pada ngahormat lantaran boga pangaruh.
- Mulih ka jati mulang ka asal= Maot, asal ti Alloh balik deui ka Alloh.
- Mun di lembur kayu randu, mun di leuweung kayu dangdeur, dipake pamikul bengkung, dipake pangeret bingkeng, dipake pancar teu ruhay, dipake tihul teu hurung =Jelema anu taya pupurieunana atawa araheunana, lantaran sagala pugag atawa taya kabisa.
- Mun kiruh ti girang, komo ka hilirna= Lamun pamingpin lampahna kurang hade/ komo nu dipingpinna.
- Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu ngoprek moal nyapek=Lamun teu usaha/ digawe moal boga dahareun.
- Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan =Balik ti pangumbaraan ka tempat asal sarta teu niat ingkah deui.
- Mupugkeun tai kanjut =Kariaan leuwih gede ti biasa, lantaran ku ijiran moal rek kariaan deui.
- Murag bulu bitis =Teu betah cicing di imah, karesepna ngan nyaba bae.
- Murah sandang murah pangan =Teu kakurangan, loba pakeeun jeung dahareun
- Muriang teu kawayaan =Kalah wowotan, teu kuat nyangga lara ati, upamana anu keur kabungbulengan
- Mustika pagulingan =Wanoja geulis pisan.
- Musuh kabuyutan= Musuh ti baheula nepi ka ayeuna, atawa musuh turunan kawas ucing jeung anjing.
- Naheun bubu pahareup-hareup =Pahutang-hutang nepi ka pada kagok nagih
- Najan dibawa ka liang cocopet, moal burung nuturkeun =Dibawa ka mana-mana oge daek
- Nanggung bugang= Ditinggalkeun maot ku lanceuk jeung ku adi.
- Nangkeup mawa euyeub= Mawa cilaka ka nu dipentaan tulung.
- Nangtung di kariungan, ngadeg di karageman Kumpulan barempug , musawarah.
- Nembongkeun sihung =Nembongkeun kapunjul dirina sangkan dipikaserab atawa dipikasieun batur.
- Neneh bonteng =Ngogo ka budak, tapi ari ambek gampang neunggeul.
- Nepakeun jurig pateuh= Mindahkeun kagorengan ka batur sangkan sorangan salamet.
- Nete akar ngeumbing jangkar =Seseleket ka nu hese, nyorang wewengkon anu rumpil.
- Nete porot ngeumbing lesot= Sagala ihtiar teu hasil.
- Nete semplek nincak semplak= Kitu salah kieu salah; sagala rupa ihtiar teu hasil.
- Nete taraje nincak hambalan =Kudu merenah, kudu puguh pereleanana (ti handap heula).
- Nepak cai malar ceret =Ngagunakeun akal, supaya batur nyaritakeun perkara anu ku urang keur ditalungtik.
- Nepak dada =Ngagulkeun jasa diri sorangan.
- Nepi ka nyanghulu ngaler =Nepi ka paeh.
- Nepi ka pakotrek iteuk =Nepi ka pakokolot pisan (nu awet lakirabi ti keur pada ngora).
- Nepung-nepung bangkelung =Ngaraketkeun babarayaan ku jalan bebesanan.
- Neukteuk curuk dina pingping= Nyilakakeun baraya atawa batur sagolongan.
- Neukteuk leukeur meulah jantung, geus lain-lainna deui =Teu hayang dibalikan deui
- Neukteuk mere anggeus =Mutuskeun hubungan.
- Neundeun hate =Aya kahayang nu henteu dikedalkeun.
- Neundeun piheuleut nunda picela= Neangan lantaran supaya jadi goreng atawa bengkah.
- Ngabejaan bulu tuur =Ngabejaan perkara nu geus teu aneh keur nu dibejaan, da geus nyahoeun.
- Ngabeungeutan =Nembongkeun kagetolan jeung kasatiaan dina mimiti kumawula wungkul.
- Ngaboretekeun liang tai di pasar= Nyaritakeun rasiah sorangan nu matak aeb.
- Ngabudi ucing =Kawas nu teu karep, api-api teu hayang, padahal ngadagoan batur bongoh.
- Ngabudian= Nembongkeun pasemon ngewa, buad-baeud.
- Ngabuntut bangkong =Teu bisa mere katerangan nepi ka eces pisan, atawa teu sanggup nganggeuskeun pagawean.
- Ngacak-ngebur= Mangpang-meungpeung sabab sagala geus nyampak.
- Ngadek sacekna, nilas saplasna=Nyarita satarabasna, teu direka.
- Ngadeupaan linear= Karalang-kuriling deukeut imah nu keur hajat ngarah diaku atawa diondang.
- Ngadu angklung= Parebut omong atawa parea-rea omong nu taya gunana
- Ngadu bako =Ngobrol ngaler-ngidul bari teu puguh jejerna.
- Ngadu-ngadu rajawisuna= Ngahudangkeun amarah batur ngarah parasea.
- Ngagandong kejo, susah nyatu= Loba titaheun ngan hanjakal ku hese nitahna, lantaran euweuh nu daekeun.
- Ngagedag bari mulungan= Nanyakeun hiji perkara anu manehna sorangan teu nyaho jawabanana, susuganan bisa terus nyaho tina jawaban ti anu ditanyana.
- Ngahihileudan =Ngahalang-halang jadina hiji perkara ku jalan ngagogoreng, nyingsieunan atawa mitenah.
- Ngahuntu kala =Paselang nu luhur jeung nu handap dina jajaran.
- Ngahurun balung ku tulang= Jelema nu diuk bari nangkeup tuur lantaran keur susah atawa keur bingung.
- Ngalalakon= Nyieun peta nu matak ngahesekeun.
- Ngalambang sari =Awewe atawa lalaki nu geus boga salaki atawa pamajikan ngalakukeun hubungan seks di luar nikah; jinah.
- Ngalamot curuk =Teu beubeunangan, teu hasil.
- Ngalap hate =Ngagenahkeun hate batur sangkan nyaaheun ka urang.
- Ngalenghoy lir ma can teu nangan =Awewe nu leumpang ngalenghoy atawa ngalanggeor.
- Ngaletak ciduh =Teu tulus atawa ngabatalkeun omongan.
- Ngalebur tapak = Ngaleungitkeun lampah goreng, supaya migawe nu hade.
- Ngaliarkeun taleus ateul =Resep ngucah-ngaceli kagorengan batur.
- Ngalingling ngadeuleu maling= Nenjo bari susulumputan da embung kanyahoan ku nu ditenjo atawa ku batur.
- Ngalintuhan maung kuru= Neangan pibahayaeun.
- Ngalungkeun kuya ka leuwi =Nempatkeun jelema ka lemburna sorangan.
- Ngan ukur saoleseun =Ngan ukur keur kaulinan atawa keur saheulaanan, lain rek enya-enya dijieun pamajikan nu bener.
- Ngandung hate =Ngunek-ngunek, boga hate goreng hayang males kanyeri; rasa teu ngeunah dina hate anu can leungit-leungit.
- Nganjuk kudu naur, ngahutang kudu mayar =Pihutang, tagihan, sabalikna tina hutang-hatong.
- Nganyam samak neukteukan bari motongan =Neang anak ngadeukeutan popotongan.
- Ngarah ngarinah= Ngarugikeun batur ku jalan ngabobodo, nipu,jste.
- Ngarah sahuap-sakopeun= Usaha leuleutikan, neangan rejeki saharitaeun.
- Ngaraja dewek =Marentah nagara nurutkeun kahayang sorangan.
- Ngarangkay koja= Robah adat, tina hade kana goreng, ngan henteu ngadadak, tapi lila.
- Ngarawu ku siku =Hayang loba panghasilan ku rupa-rupa usaha nu tungtungna teu kaurus, sabalikna tina karawu kapangku.
- Ngarujak sentul =Nu keur paguneman pahare-hare, batur ka kidul ieu ka kaler.
- Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam= Mere maweh ka deungeun-deungeun ari ka baraya joledar.
- Ngawurkeur\wijen kana keusik =Pagawean nu mubadir.
- Ngeplek jawer ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri =Kecing,borangan, elehan.
- Ngebutkeun totopong =Ngetrukkeun elmu-pangabisa.
- Ngeduk cikur kudu mihatur, nyokel jahe kudu micarek, ngagegel kudu bewara =Kudu menta idin heula ka nu bogana.
- Ngembang wera= Beureum beungeut lantaran ambek atawa era (asal tina wera).
- Ngembat-ngembat nyatang pinang= Kacida panjangna, iring iringan, aleutan.
- Ngepung meja =Dariuk sakurilingeun meja, rek dalahar.
- Ngeunah angen ngeunah angeun =Senang hate jeung ngeunah barangdahar.
- Ngeunah Eon teu ngeunah Ehe =Hayang ngeunah sorangan bae, teu ngingetkeun kaperluan batur, teu adil lantaran nu sapihak pinter kodek.
- Ngeunah nyandang ngeunah nyanding =Hirup senang lantaran cukup pake jeung nyandingkeun pamajikan nu satia.
- Ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup= Neangan akal pikeun nyilakakeun dunungan.
- Ngeupeul ngahuapan maneh =Mere nasehat atawa nyieun aturan kalawan maksud nguntungkeun sorangan.
- Ngindung ka waktu, ngabapa ka mangsa= Nyurupkeun kalakuan kana kaayaan jaman.
- Ngijing sila bengkok sembah= Teu satia ka dunungan.
- Nginjeum sirit ka nu kawin =Nginjeum barang anu keur dipake ku nu bogana, jeung ngan sakitu-kituna.
- Ngodok Hang buntu =Geus hese cape, ari pek teh teu hasil sabab aya nu ngahalangan.
- Ngorbankeun jiwa jeung raga= Ngorbankeun sagala rupa nu dipibanda, sanajan nepi ka nyawa pisan.
- Ngotok ngowo =Cicing bae di imah, tara liar.
- Ngudag-ngudag kalangkang heulang= Ngarep-ngarep perkara anu samar kalaksanakeun.
- Ngukur baju sasereg awak =Hirup saeukeurna, dina papait jeung mamanis teu daek pacorok jeung batur.
- Ngukur ka kujur nimbang ka awak =Diluyukeun jeung kaayaan atawa pangaboga.
- Ngusap birit bari indit =Ninggalkeun pasamoan tanpa pamit heula.
- Nilik bari ngeusi =Babanda ngumpulkeun parabot imah henteu disakalikeun, tapi ditungtut saeutik-saeutik.
- Nimu luang tina burang =Meunang pangalaman lantaran cilaka heula.
- Ninggalkeun hayam dudutaneun =Ninggalkeun pagawean nu can anggeus.
- Nini-nini dikeningan, ewe randa dihiasan =Ngararangkenan barang nu geus butut, najan dirias dihade-hade oge angger bae teu katenjo alus.
- Nini-nini leungit sapeuting, tai maung huisan =Katuding pedah aya patalina jeung kajadian nu jadi perkara.
- Nista, maja, utama =Sakali keun bae, dua kali dihampura keneh, ari katilu kali mah lain antepeun
- Nongtot jodo =Geus aya anu ngalamar tapi bedo deui.
- Noong ka kolong =Leutik hate, pondok pikiran.
- Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha =Nu nyieun kahadean dibales ku kagorengan.
- Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan =Nu keur susah dipupuas atawa ditambahan kasusahna.
- Nu burung diangklungan, nu gelo didogdogan, nu edan dikendangan =Anu gedebul dihaminan supaya tambah maceuh.
- Nu geulis jadi werejit, nu lenjang jadi baruang Nu geulis bisa jadi matak ngabahlakeun (ngabahayakeun) ka lalaki .
- Nu titeuleum disimbeuhan =Nu keur cilaka dipupuas. Ilikan oge Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan.
- Nuju hurup ninggang wirahma= Pasehat tur ngeunah laguna (nu ngaji).
- Numbuk di sue =Meneran keur sue sawatara kali.
- Nunggul pinang =Geus teu boga baraya.
- Nungtut bari ngeusi =Usaha ngulik elmu atawa ngumpulkeun rejeki saeutik-saeunk nepi ka aya buktina.
- Nurub cupu =Ngarepok, sarua alusna.
- Nutup lobang ngali lobang =Mayar hutang ku duit meunang nginjeum.
- Nuturkeun indung suku =Leumpang sakaparan-paran, henteu puguh anu dijugjug.
- Nya di hurang, nya di keuyeup= Boh di menak boh di kuring, wiwirang atawa kateungeunahan hate mah sarua bae.
- Nya picung nya hulu maung= Hare-hare, batur ngaler ieu ngidul .
- Nyaah dulang =Nyaahna ka anak ngan ngurus dahar pakena, henteu nguruskeun atikanana.
- Nyaeuran gunung ku taneuh, nyaeuran sagara ku uyah= Mere atawa nambahan kauntungan ka anu geus beunghar.
- Nyaho lautanana =Nyaho karesep jeung kateuresepna.
- Nyair hurang meunang kancra= Kabeneran meunang untung gede ku usaha leuleutikan.
- Nyakrawati bahu denda =Marentah, ngaheuyeuk nagara.
- Nyaliksik ka buuk leutik =Barangpenta atawa ngarah kauntungan ku rupa-rupa jalan ti raya.
- Nyalindung di caangna =Ngahaja meres rayat supaya meunang kauntungan nu leuwih gede, ku jalan ngajual nga-ran pamarentah, pangagung, atawa dunungan.
- Nyalindung ka gelung= Lalaki nu cicing, ari awewe digawe. Atawa lalaki teu boga, boga pamajikan ka nu beunghar.
- Nyandang tatali =Ditalian atawa dibarogol lantaran boga dosa.
- Nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, suku genteng belokeun =Masrahkeun maneh pikeun dihukum lantaran rumasa boga dosa.
- Nyanggakeun buukna salambar, getihna satetes= Pokpokan lalaki nu nyerenkeun pamajikanana ka mitoha dina waktu nyerahkeun.
- Nyanghulu ka jarian =Ngadunungan ka jelema nu sahandapeun martabatna.
- Nyaur kudu diukur, nyabda kudu dtungang= Omongan kudu ditimbang-timbang heula bisi nyentug kana hate batur.
- Nyecepo ka nu rarempo =Ngahinakeun ka jalma anu teu boga.
- Nyekel sabuk milang tatu =Ngadu jajaten, gelut atawa perang.
- Nyeri beuheung sosonggeteun =Geus lila ngadagoan nu kuduna geus datang.
- Nyeri peurih geus kapanggih, lara wirang geus kasorang =Sagala dodoja hirup geus kaalaman.
- Nyeungeut damar di suhunan= Nembongkeun kabeungharan atawa mere maweh ka deungeun-deungeun ngarah pamuji.
- Nyeungseurikeun upih murag =Nyeungseurikeun batur padahal ku mariehna bakal kasorang.
- Nyiar batuk pibaraheun, nyieun piheueuh =Neangan pipanyakiteun.
- Nyiar teri meunang japuh =Meunang untung gede ti batan nu diharepkeun.
- Nyiduh ka langit =Mapatahan ka saluhureun .
- Nyieun catur taya dapur =Ngarang carita teu puguh galurna.
- Nyieun piandel =Ngatur carita bohong ngarah dipercaya.
- Nyieun pucuk ti girang =Nyieun jalan pipaseaeun.
- Nyiruan teu resepeun nyeuseup nu pait-pait =Kalumrahanana jelema mah teu resepeun cacampuran jeung nu miskin.
- Nyokot lesot, ngeumbing porot= Sagala rupa ihtiar atawa tarekah teu hasil.
- Nyolok mata buncelik= Ngalampahkeun naon-naon di hareupeun hiji jelema, kalayan maksud nganyenyeri kana hate eta jelema.
- Nyolong bade= Siga bageur tapi jahat.
- Nyoo gado =Ngunghak, ngaheureuykeun.
- Nyukcruk leuwi malar cai, nyiar seuneu kundang damar =Nyusul-nyusul pituduh batur nu jauh gara-gara teu waspada ka nu nyampak di pribadina.
- Ombak banyuan =Buuk nu gating ombak-ombakan.
- Omong harus batan goong =Beja gampang nerekabna, jeung biasana sok pada ngaleuwihan tina buktina.
- Oray nyampeurkeun paneunggeul= Nyampeurkeun atawa ngadeukeutan pibahlaeun atawa pibahayaeun.
- Owah akal =Teu jejeg pikiranana.
- Owah gingsir= Henteu tetep dina hiji pamadegan.
- Paanteur-anteur julang =Nu tas dianteurkeun, nganteurkeun deui nu tas nganteurkeunana.
- Pabalik (ti balik) letah =Barangbere tapi dipenta deui.
- Pacikrak ngalawan merak =Rayat leutik ngalawan menak atawa nu keur kuasa, nu lemah ngalawan nu kuat.
- Pada rubak sisi samping =Pada gede hampura, atawa pada loba luang pangalaman.
- Padaringan kebek =Repok nu alus, bakal moal kakurangan rejeki.
- Paeh pikir =Teu boga karep.
- Paeh poso =Meakeun kadaek, tisusut tidungdung.
- Paeh teu hos, hirup teu neut =Gering ngalanglayung, hirup tapi teu eureun-eureun gering.
- Pagede-gede urat rengge =Patarik-tarik nyoara .
- Pageuh kancing loba anjing =Taki-taki mageuhan tulak, bisi aya bancang pakewuh.
- Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian =Pada hayang leuwih ti babaturan dina jalan usaha, teu daek sapapait-samamanis,teu daek silih tulungan.
- Paheuyeuk-heuyeuk leungeun Babarengan, sauyunan.
- Pait daging pahang tulang =Mulus awak langka katerap kasakit.
- Pait paria Pait ngeunah.
- Pajauh huma =Pegat babarayaan.
- Pakait pikir =Jangji rek ngahiji.
- Pakokolot supa =Padeukeut umurna, henteu sabaraha ganjor.
- Pamuka lawang =Oleh-oleh, kiriman.
- Panasbaran =Babari ambek.
- Panas leungeun =Teu jadian pepelakan, sabalikna tina His leungeun.
- Panday tara boga bedog =Nyindiran tukang nyieun sarupaning barang, nu teu bogaeun eta barang nu sok dijieunna.
- Pangeran mah tara nanggeuy ti bongkokna =Ilikan Alloh mah tarananggeuy ti bongkokna.
- Pangeprak reumis= Purah diutah-etah, ngajalankeun pagawean nu lumayan.
- Panjang ingetan =Teu babari poho.
- Panjang lengkah =Jauh panyabaan, henteu kagok indit-inditan.
- Panjang leungeun =Cocorokot, sok pulang-paling.
- Panon keongeun =Panon nu caian bae.
- Panonna kandar ka sisi= Resep ngareretan nu kasep .
- Papadon los ka kolong =Nu jangji tara jadi; pasini geus asak pisan, tuluyna bolay.
- Papais-pais paray= Pateep kawas paray nu dipais, bari ngahuntu kala.
- Paraji ukur malar saji =Dukun palsu, ngan ngarah buruhan wungkul.
- Pardu kasambut sunat kalampah =Ngalakukeun anu wajib bari sakalian anu sunat.
- Pareumeun obor =Teu nyaho saha-sahana nu jadi baraya atawa karuhun lantaran euweuh nu ngabejaan.
- Pariuk manggih kekeb =Papada meunangkeun nu goreng patut.
- Pasini jangji pasang subaya =Nyieun perjangjian.
- Pasrah arit =Pasrah teu terus jeung hate.
- Pat-pat gulipat =Kalakuan licik, teu jujur.
- Perang urat sarap =Perang teu make pakarang.
- Perlaya ing yuda=Kasambut di pangperangan.
- Petot bengo dulur sorangan =Sanajan ngewa atawa ambek ka dulur atawa ka baraya anu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu weleh hayang nulungan, jeung ngahampura kasalahanana, henteu tega ngantep
- Peujit koreseun= Isuk-isuk keneh geus kudu barangdahar, elat meueusan sok nyalingit beuteung.
- Peunggas rancatan= Beak modal, tepi ka jadi pugag usaha, atawa ditinggalkeun maot ku anu jadi andelan.
- Peureum hayam =Peureum meueusan, bisa keneh nenjo atawa api-api peureum.
- Peureum kadeuleu, beunta katara = Ingetbae.
- Picung cibur =Saregepna digawe ngan mimiti bae
- Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir =Mikahayang anu henteu layak pikeun dirina.
- Pindah cai dibawa tampianana =Aya di pangumbaraan, mageuhan adat kabiasaan sorangan.
- Pindah cai pindah tampian =Nyaluyukeun diri kana adat kabiasaan di tempat anyar.
- Pindah pileumpangan =Robah adat atawa robah kalakuan, tina hade jadi goreng.
- Pinter aling-aling bodo =Saenyana mah pinter, tapi embung kanyahoan ku batur, malah kalah sok nyeta-nyeta nu bodo.
- Pinter kabalinger =Ongkoh pinter, tapi katipu atawa ngayakeun aturan anu teu bener pikeun kapentingan sorangan.
- Pinter kodek= Licik, daek me"nta embung mere.
- Pipilih nyiar nu leuwih, koceplak meunang nu pecak =Hayang nu leuwih alus, kalah meunang nu goreng.
- Piruruhan dikatengah-imahkeun =Nu hina jadi mulya, tapi sanggeus mulya adatna jadi ningkah loba lelewa.
- Poek mongkleng buta radin =Poek pisan, teu katenjo nu legok legok, siga rata bae.
- Poho ka purwadaksina (wiwitan) =Pindah pileumpangan, robah adat jadi gede hulu.
- Pokrol bambu =Pangacara nu teu boga kaahlian dina widang hukum, ngan ukur boga pangalaman.
- Pondok catur panjang maksud =Caritaan anu ringkes tapi ngeusi.
- Pondok heureut= Kurang akal, teu daek mikir nu hese-hese.
- Pondok jodo =Teu awet laki-rabi.
- Pondok jodo panjang baraya =Sanajan pondok jodo sing nuluy jadi baraya.
- Pondok lengkah =Teu pati bebas lunta ti lembur.
- Pondok nyogok panjang nyugak =Omongan anu matak nyentug kana hate, garihal teu matak resep ngadengekeunana.
- Potol jarum =Awewe nu taya pisan boga pakaya.
- Potol teko =Lalaki nu taya pisan boga pakaya.
- Pucuk awian =Tara puguh pamadegan (jangji), luak-leok bae.
- Puguh entep seureuhna =Merele, sarta alus susunan basana.
- Pupulur memeh mantun= Menta diburuhan memeh prak digawe.
- Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak= Katideresa, katindih ku kari-kari, dituding boga dosa lantaran kabeneran aya di tempat kajadianana kajahatan.
- Pur manuk =Ngagawekeun jelema bari teu jeung disuguh, ngan diburuhan duit wungkul.
- Puraga tamba kadengda =Digawe asal jadi, tamba henteu, asal bae.
- Ranggaek memeh tandukan =Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina. Saharti jeung beunghar memeh boga atawajeneng memeh pangkat.
- Raweuy beuweungeun, rambay alaeun= Subur mamur loba dahareun hasil tani.
- Rea harta rea harti, rea ketan rea keton= Loba pare jeung loba duit, taya kakurang.
- Rea rambat kamalena= Rea patula-patalina jeung perkara sejen.
- Rek dibeureum rek dihideung ge pasrah =Rek dikumahakeun oge moal ngalawan.
- Rek dijieun jimat parepeh= Rek didama-dama, awewe ku salakina nu kacida bogoheunana.
- Rejeki kaseser ku hakan =Rejeki beak ku dipake barangdahar atawa beak ku kaperluan dahareun wungkul.
- Rejeki maungeun =Rejeki gede anu datangna bleg-blegan, tapi langka pisan.
- Rempug jukung =Sauyunan, sahate, silihtulungan.
- Reuneuh munding= Awewe reuneuh leuwih ti salapan bulan.
- Reuntas ku tingkah =Turun harkat lantaran goreng laku lampah.
- Risi ku bisi, rempan ku sugan= Rea kasalempang dina waktu kurang aman.
- Rokrok pondokeun, peunggas harupateun= Babari ambek, babari anggeus-anggeusan.
- Rumbak caringin di buruan =Geus euweuh nu bakal ngingetan, ku sabab geus teu boga kolot saluhureun.
- Rup ku padung rap ku lemah, katuruban taneuh beureum =Geus maot, dikubur.
- Rusuh luput, gancang pincang, kajeun kendor dapon ngagembol= Sanajan gancang ari gaplah percumah, mending kendor tapi hasil.
- Saampar samak= Sagebleg jeung kaayaanana meh sarua, sakapat atawa satatar , disebutkeun kana sawah atawa tanah nu padeukeut atawa tepung wates jeung sawah atawa tanah batur.
- Saaub payung sacaang damar= Lahan atawa pakarangan heureut.
- Sabata sarimbagan, sabobot sapihanean= Layeut sauyunan, tara pasalia pikir
- Sabda pandita ratu =Pangandika raja kudu beunang dipercaya kawas sabda pandita, raja teu meunang cidra.
- Sabuni-buni nu ngising= Sanajan dibuni-buni/dirasiahkeun, pagawean serong man awal ahir sok kanyahoan.
- Sacangreud pageuh, sagolek pangkek =Sagala omonganana ditedunan, tara jalir jangji, pageuh nyekel jangji, tara sulaya tina omonganana.
- Saciduh metu, saucap nyata =Sipat nu luhung elmuna, sagala rupa kasauranana aya buktina.
- Saciriking duit sakocopoking bogo= Rupa-rupa perkara anu boga daya tarik kana hate.
- Sadom araning baraja (braja), sakunang araning geni= Perkara (barang) anu bisa ngalantarankeun cilaka, sanajan teu pira .
- Saeutik mahi loba nyesa =Jelema anu bisa ngatur rejeki, najan ukur meunang saeutik, tapi bisa nyumponan pangabutuh.
- Saeutik patri =Najan saeutik tapi matak sugema lantaran alus.
- Saherang-herangna cibeas =Sabersih-bersihna hate jelema nu geus nganyenyeri moal beresih pisan.
- Sakeser daun =Babari lapar deui.
- Sakecap kadua gobang =Babari ambek, malah mun ambek bari sok ngagunakeun pakarang.
- Sakti mandraguna = Pohara saktina.
- Sakuru-kuruna lembu, saregeng-regengna banteng= Sakumaha teu bogana, jalma nu asalna beunghar, moal miskin-miskin teuing.
- Salieuk beh =Beunghar, sagala aya.
- Salisung garduh =Sapongkol (sakongkol).
- Saluhurna punduk, tara ngaliwatan hulu= Sakumaha pinterna murid (waktu harita), moal leuwih pinter ti guruna. Samagaha pikir (hate) Hirup bingung, baluweng mikiran kasusah.
- Sanajan nepi ka bisa ngukir langit =Sanajan sakumaha pinterna.
- Sangsara di geusan betah= Jelema anu kacida miskinna, tapi anehna teh ari hirup mah hayang keneh.
- Sapapait samamanis= Hirup rukun.
- Sapi anut ka banteng =Awewe ngawula ka salaki.
- Sapu nyere pegat simpay =Papisah sanggeus babarengan lila, lantaran pindah tempat.
- Sareundeuk saigel, sabobot (saketak) sapihanean, sabata sarimbagan =Rempug sauyunan, sabagja sacilaka, lulus runtut.
- Sari gunung =Tegep geulis katenjona ti kaanggangan ari ti kadeukeutan mah teu sabaraha.
- Sasieureun sabeunyeureun =Saeutik-eutikeun.
- Satalen tilu baru =Kitu-kitu keneh.
- Satengah buah leunca =Rada gelo, kurang ingetan.
- Sato busana daging, jalma busana elmu =Jelema mah minangka nu jadi papakeanana teh elmu, lain daging kawas sato.
- Saumur nyunyuhun hulu= Ti barang lahir, ti barang inget.
- Saungkab peundeuy= Omongan nu ringkes sarta rada janggal, upamana nu carang takol, ari rajeun ngomong saungkab peundeuy.
- Saur manuk =Ngajawab pertanyaan bareng sarta sarua, saperti ngucapkeun, "Mupakat, akur!"
- Sawaja sabeusi =Sarua harkatna, darajatna atawa rajakayana, sakupu (salaki jeung pamajikan).
- Sawan geureuh =Kawas nu reuwas ku digeunggeureuh-keun.
- Sawan kuya =Kawas kuya nangkarak teu bisa nangkub, dilarapkeun ka jalma nu naek teu bisa turun atawa nu hayang eureun tina pagawean nu geus dimimitian tapi teu bisa.
- Sengserang padung= Jelema geus kolot, ceuk taksiran geus deukeut kapaeh.
- Sengserang panon =Jajaka atawa parawan nu keur meujeuhna pikaresepeun, atawa keur meujeuhna resep nenjo nu tegep lantaran keur mangkat beger.
- Setan bungkeuleukan =Jelema anu kacida jahatna, taya rasrasan dina kadolimanana.
- Sela hapitan gunung =Budak lalaki nu boga lanceuk awewe hiji jeung adi awewe hiji.
- Selang-seling =Aya eling aya henteu (nu gering rada owah).
- Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat (beja) =Kabar angin atawa kabar tolok, nyaeta beja anu nyebarna ditatalepakeun, teu puguh sumberna.
- Sentak badakeun =Digawe rosa tapi ngan sajongjongan; digawena getol sakapeung, reureundahan.
- Sepi paling towong rampog =Aman kerta raharja.
- Serah bongkokan =Taluk, sanggeus ngarasa teter.
- Sereg di buana (panto), logor di liang jarum =Teu bisa atawa teu wani campur jeung jalma rea nu balener lantaran jahat loba dosa, biasana campurna di kalangan nu jarahat deui bari susulumputan.
- Seukeut ambeu seukeut panon= Loba mata-matana.
- Seukeut tambang manan gobang =Sakumaha gagahna jelema lamun ngalawan ka pamarentah tangtu katangkep.
- Seuneu hurung dipancaran= Jelema nu keur ambek ditambahan piambekeuna na.
- Seuneu hurung, cai caah, ulah disorang= Jalma ami keur napsu ulah diladenan atawa diheureuyan.
- Seuri koneng Seuri maur, seuri bari rada era atawa nyeri, upamana tas ceurik atawa tas ngambek.
- Seuseut batan neureuy keueus= Kacida hesena.
- Si Cepot jadi raja =Jelema euweuh kabisa jadi pamingpin.
- Sibanyo laleur= Ledis pisan, teu nyesa saeutik-eutik acan.
- Siduru isuk= Nyunatan budak teu make raramean, sarta teu ondang-ondang.
- Sieun keplok jadi tamplok= Sieun rugi saeutik, tapi tungtungna rugi gede pisan.
- Sieun nyakclak jadi bahe= Sieun rugi tapi tungtungna jadi lapur.
- Siga bentang kabeurangan =Geulis pisan.
- Siga bungaok= Goreng patut pisan.
- Silih jenggut jeung nu gundul= Pakumaha-kumaha jeung batur nu pada teu boga nanaon.
- Siniger tengah= Sikep atawa pamadegan nu sedeng, biasana henteu biluk ka salahsahiji pihak.
- Sireum ateulan Teu adil dina babagi atawa teu sarua gedena dina barangjieun; teu sarua ukuranana.
- Sireum ngalawan kadal =Nu leutik ngalawan nu gede.
- Sirung ngaluhuran tunggul =Jelema nu darajatna atawa elmuna ngungkulan kolotna atawa guruna.
- Sisit kadal =Goreng milik.
- Sisit kancra= Alus milik.
- Soeh keuyeupeun =Soeh nyiku atawa masekon (baju, samping jsb).
- Sono bogoh geus kalakon, lara wirang geus kasorang =Geus cukup pangalaman ngarasakeun suka-duka.
- Sosoroh gawe =Menta digawekeun tanpa buruhan, asal dibere dahar.
- Sosoroh kojor= Milu perang nandonkeun nyawa, tapi miluna teu iklas, lantaran dipaksa.
- Suku sambung leumpang, biwir (letah) sambung lemek= Darma mangnepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
- Sulit ati belang bayah =Dilarapkeun ka jelema nu pundungan jeung goreng sangka ka batur.
- Suluh besem ari diasur-asur mah hurung= Jelema sabar oge ari hantem diangsonan mah piraku teu ngalawan.
- Sumput-salindung= Boga kalakuan anu ulah kanyahoan ku batur.
- Sundul ka langit =Kacida luhurna nepi ka kawas nu adek kana langit.
- Taarna teja mentrangan =Tarang anu alus kawas anu cahayaan.
- Tacan aya nu nganjang ka pageto= Can aya jelema nu nyaho naon anu bakal kajadian di ahir.
- Tai ka hulu-hulu =Tingali miyunihurang, taika hulu-hulu
- Taktak korangeun =Taktak leway kawas kempis.
- Tamba gado ngaburayot =Tamba cicing teu barangdahar, lumayan sanajan lain nu ngeunah.
- Tamiang meulit ka bitis =Malindes ka diri sorangan.
- Tamplok aseupan =Turun sagemblengna ka anak, boh dedeg-pangadegna boh tingkah lakuna.
- Tamplok batokeun =Berehan, balabah teuing nepi ka teu ngingetkeun kana kaperluan sorangan.
- Tangkal kai teu kalis ku angin= Unggal jelema kudu bae nyorang kasusah.
- Taraje nanggeuh dulang tinande =Sadia ngajalankeun parentah.
- Tatah wadung =Rajakaya anu dipiboga ku hiji jalma.
- Tawar gatra Nawaran dahar tamba henteu basa-basa acan.= Bandingkeun jeung Ajak jawa
- Taya dunya kinasihan =Sagala rupa dibikeun pikeun jalma nu dipikaasih mah.
- Taya genah panasaran =Geus ngarasa sugema, teu ngandung hate.
- Taya geusan pakumaha = Euweuh batur keur diajak badami.
- Taya halodo panyadapan= Taya eureunna pasea.
- Taya kabau= Sagala daek, sagala beuki.
- Taya tangan pangawasa =Leuleus, taya tanaga.
- Tembong gelor= Hiji barang atawa tempat anu katembongna mah deukeut padahal saenyana jauh.
- Teng manuk teng, anak merak kukuncungan= Ngala ka indung jeung ka bapa.
- Tebus purun paradah wani =Upama perlu daek nebus, sarta wanikatempuhan jeung wani tanggung jawab.
- Teguh pancuh= Teguh pamadegan.
- Teluh kejo =Tunduh lantaran seubeuh teuing dahar.
- Terusing ratu rembesing kusumah =Turunan raja-raja atawa menak.
- Teu asup kolem =Teu asup bilangan, teu kaaku golongan.
- Teu aya geuneuk maleukmeuk= Bersih hate, teu ngunek-ngunek.
- Teu hade gawe =Teu pantes bisa digawe.
- Teu basa teu carita =Teu aya beja pisan.
- Teu basa-basa acan =Teu ngedalkeun rasa bungah, sono atawa tumarima.
- Teu beunang dikoet ku nu keked= Jelema koret, teu beunang dipentaan tulung ku nu keur susah.
- Teu beunang disupa dulang =Teu beunang dibebenjokeun.
- Teu boga pikir rangkepan= Bolostrong, teu boga curiga, atawa teu boga rasa timburu.
- Teu boga tulang tonggong =Teu boga tatalang raga.
- Teu busik bulu salambar =Salamet atawa meunang kaunggulan, henteu kabeunangan ku musuh.
- Teu busik-busik acan =Salamet, henteu kabeunangan ku musuh. Babandingan teu busik bulu salambar.
- Teu cai herang-herang acan= Teu disuguhan naon-naon.
- Teu di hurang teu di keuyeup =Parasaan mah teu di cacah teu di menak, sarua bae.
- Teu diambeuan =Teu dihargaan, teu diajenan, teu dipikaserab, teu dipikaera, teu dipikasieun.
- Teu dibere cai atah =Teu diogo.
- Teu didingding kelir= Diceplakkeun satarabasna taya nu di-pinding-pinding.
- Teu dipiceun sasieur =Ceples, sarua pisan.
- Teu eleh geleng =Henteu eleh pangabisa.
- Teu elok teu embol =Teu katenjo datang atawa balikna, teu tembong-ternbong.
- Teu embut teu ciak= Teu mere beja saeutik-eutik acan.
- Teu gedag bulu salambar= Teu sieun saeutik-eutik acan ku ancaman musuh.
- Teu gugur teu angin =Teu aya lantaranana, teu aya sabab-musababna.
- Teu hir teu walahir =Teu baraya meueus-meueus acan.
- Teu inget sacongo buuk= Poho sama sakali.
- Teu jauh ti juru tihang, teu anggang ti tihang tengah =Geus goreng rupana teh goreng kalakuanana, sabab sok pulang-paling.
- Teu kabadanan =Teu katanagaan.
- Teu kakurung ku entik =Teu kaasup bilangan jelema anu kudu disuguhan/ dibere dahar.
- Teu kaur beunta/teu kaur buluan =Teu kaur aya kaboga, beak deui-beak deui.
- Teu lemek teu nyarek= Teu ngomong naon-naon.
- Teu mais teu meuleum =Teu pipilueun kana urusan nu jadi carita.
- Teu meunang cai atah =Teu dipangmeunangkeun.
- Teu nalipak maneh= Teu ngukur ka kujur, ngalampahkeun kalakuan nu teu saluyu jeung kaayaan dirina.
- Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan =Ngumbar napsu sahwat bari henteu pipilih heula.
- Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata= Nyaksian ku sorangan, lain beunang beja.
- Teu nyaho di alip bingkeng =Buta hurup, teu bisa ngejah-ngejah acan.
- Teu nyaho di hitut bau =Teu loba pangalaman, dusun.
- Teu nyaho di kaler-kidul =Linglung, kapaider.
- Teu pindo gawe T=eu ngabohong.
- Teu puguh alang ujurna = Teu puguh entep seureuhna, teu beres
- Teu puguh monyet hideungna= Teu puguh tungtungna.
- Teu sanak teu kadang =Teu boga baraya pisan.
- Teu tata pasini =Teu cacarita heula, teu badami heula.
- Teu tuah teu dosa= Teu boga kasalahan naon-naon.
- Teu uyahan= Rehe, teu lucu.
- Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang =Balukar tina teu wawuh, tangtu bakal jadi pajauh.
- Ti batan meunang pala anggur meunang palu =Ti batan meunang pujian atawa buruhan kalah ka dicarekan.
- Ti kikirik nepi ka jadi anjing =Ti bubudak tepi ka sawawa (dewasa).
- Ti nanggerang lila beurang ti nangkorek lila poek= Ti mana-mana, ti suklakna ti siklukna.
- Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk= Ti bubudak nepi ka bongkok ku kakolotan.
- Ti peuting kapalingan, ti beurang kasayaban =Karoroncodan leuwih ti sakali.
- Tibalik pasangan= Lain kitu kuduna, tojaiah jeung nu bener.
- Tibatan kapok, anggur gawok =Henteu kapok, anggur ngahanakeun.
- Tiis ceuli herang mata =Ngarasa sugema, taya kahariwang, ngeunah tetenjoan.
- Tiis dingin paripurna =Sampurnaning tiis pikir/ tibra sare, kacida ngarasa sugemana, taya kahariwang.
- Tiis leungeun= Jadian pepelakan.
- Tiis pikir =Senang hate.
- Tiis-tiis jahe =Tenang-tenang wae, padahal rek nyanghareupan pagawean gede tur bangga.
- Tikoro andon peso= Nyampeurkeun nu rek newak atawa ngahukum.
- Tilas tepus= Ukur sacukupna bae.
- Tinggar kalongeun= Tina mindeng teuing dicarekan atawa dilarang, tungtungna teu sieuneun.
- Tipu keling, ragaji inggris= Pinter dina urusan kajahatan, pangpangna dina nipu atawa macikeuh deungeun.
- Tisusut tidungdung =Digawe ti isuk nepi ka peuting teu eureun-eureun.
- Titip diri sangsang badan =Mihapekeun maneh, kumawula supaya aya anu mere dahar jeung pake.
- Titirah ngadon kanceuh =Neangan kasenangan, tapi kalah meunang kasusah.
- Totopong heureut dibeber-beber kalah soek =Rejeki saeutik ari kaperluan loba, tungtungna timbul kasusah.
- Trong kohkol morongkol, dur bedug murungkut =Dilarapkeun ka jelema nu kedul hudang subuh.
- Tuang jinis =Jelema nu sok seuri ku carita atawa dongengna sorangan, ari batur mah euweuh nu seuri.
- Tugur tundan cuntang gantang= Kawajiban nu leutik ngalampahkeun papagon nagara.
- Tumpang sirang =Teu pantes barangpake, tumamu lantaran kararagok wae jeung nu dicicingan.
- Tunggu tutung =Nu ngajaga atawa nu tunggu kapalingan ku lantaran lalawora.
- Tunggul dirarud, catang dirumpak =Ngalajur napsu taya nu dihiding, euweuh kasieun, sagala dirumpak.
- Tunggul kuras =Duit teu sabaraha anu ngahaja disesakeun, tamba kosong teuing pesak (dompet).
- Tunggul sirungan catang supaan =Aya kajadian goreng di ahir nu matak teu ngeunah balukarna.
- Tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan= Junun digawe henteu kabengbat ku pagawean sejen.
- Turun ka ranjang =Kawin ka adi beuteung sanggeus jeung lanceukna kapegat ku ajal atawa pepegatan.
- Turun tangis =Babarian ceurik.
- Turunan Tumenggung sundung, patih arit =Lain turunan menak sanajan enya jeneng.
- Tutung atahan =Pagawean atawa jijieunan anu alus sawareh.
- Tuturut munding =Nurutan kalakuan batur bari teu ngarti kana maksudna.
- Tutus langkung, kepang halang, bobo sapanon carang sapakan =Omongan atawa caritaan anu salah pok-pokanana atawa teu pati merenah.
- Ubar puruluk= Omongan pikeun nengtremkeun pikir sakadarna, ulah ngarasula.
- Ukur pulang modal= Henteu untung henteu rugi, balik jinis.
- Ulah andelan ulah pidelan =Ulah percayaan teuing, tapi ulah teu percayaan teuing.
- Ulah cara ka kembang malati, kudu cara ka picung= Ulah babari bosen, kudu mayeng kanyaah, kudu mimitina asih beuki lila beuki asih.
- Ulah ieu aing uyah kidul= Ulah asa aing pangpunjulna.
- Ulah incah balilahan =Entong pindah tempat.
- Ulah sambat kaniaya =Ulah majar maneh dikaniaya, da bongan boga dosa.
- Ulah tiis-tiis jahe= Ulah senang-senang atawa cicing-cicing bae samemeh sasadiaan pikeun ngalaksanakeun perkara nu disanghareupan.
- Umur gagaduhan, banda sasampiran =Boh umur boh harta banda teu ngaboga-boga, sabab dina hakekatna mah sadayana oge kagungan Allah.
- Uncal kaauban surak =Ngadenge beja tacan sidik tuluy diandel enya bae.
- Uncal tara ridueun ku tanduk= Elmu moal matak ridu mamawa.
- Undur kadeuleu punduk, datang kadeuleu tarang =Henteu ngaleos kitu bae, bebeja heula, basa rek indit saperti basa datang.
- Unggah balewatangan =Katarik kana perkara kudu datang ka pangadilan, boh ukur jadi saksi boh jadi nu didakwa.
- Urang curug ngebul= Jalma dusun ti nu jauh pisan ti kota.
- Urang kampung bau lisung, cacah rucah atah warah =Jelema dusun.
- Uteuk tongo dina tarang batur katenjo, ari gajah depa dina punduk teu karasa =Kagorengan batur sanajan saeutik kanyahoan, ari cacad awak sorangan masing gede oge teu karasa.
- Uteuk tongo walang taga =Barang-barang atawa sasatoan anu panglaleutikna.
- Uyah tara tees ka luhur =Sipat anak sok ngala ka indung-bapana.
- Waspada permana tingal =Terus tingal, ilikan weruh sadurung winarvh.
- Wawuh munding= Wawuh meueusan pedah sok panggih di jalan atawa dina pasamoan.
- Weruh sadurung winarah =Nyaho memeh dibejaan.
- Wiwirang di kolong catang, nya gede nya panjang= Wiwirang gede nu teu bisa dibunian.
- Watang sinambungan= Nu pasea atawa nu boga perkara batur, tapi ari cekcokna jeung urang.
- Yuni kembang= Jelema arm pasipatanana kawas kembang, pikaresepeun atawa pikalucueun.
- Yuni tai =Jelema arm pasipatanana teu pikaresepeun atawa teu pikalucueun
Tampilkan postingan dengan label Paribasa Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Paribasa Sunda. Tampilkan semua postingan
Langganan:
Postingan (Atom)
gholextrezz@gmail.com. Diberdayakan oleh Blogger.