PARIBASA SUNDA

  1. Abang-abang lambe= Ukur ngagenahkeun batur wungkul.
  2. Abong biwir teu diwengku, abong letah teu tulangan= Ngomong henteu dipikir heula, tungtungna matak pikanyerieun batur.
  3. Adat kakurung ku iga= Laku lampah kurang hade ami hese di-leungitkeunana.
  4. Adean ku kuda beureum= Ginding ku papakean/barang beunangnginjeum, atawa agul ku banda batur.
  5. Adigung-adiguna= Gede hulu, boga rasa leuwih punjul ti batur,kaciri dina laku lampah jeung omonganana.
  6. Agul ku payung butut =Jalma nu sok agul nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula, sanajan ayeuna hirupna taya kaboga.
  7. Akal koja =Pinter dina kagorengan.
  8. Aki-aki tujuh mulud =Geus kolot pisan.
  9. Aku-aku angga= Ngan saukur ngaku ngarasa nu boga, padahal saenyana mah milik batur.
  10. Alak paul= Kacida jauhna.
  11. Alak-alak cumampaka Niru-niru atawa hayang nyaruaan saluhureun; pupujieun; ieu aing.
  12. Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa.
  13. Along-along bagja Teu tulus meunang bagja.
  14. Alus laur hade ome =Tegep dedeg pangadegna.
  15. Alus panggung= Hade dedeg pangadegna.
  16. Ambek nyedek tanaga midek= Kacida ambekna ngan teu bisa ngalawan lantaran moal pikuateim.
  17. Ambek sadu santa budi =Saleh hate, lemes budi, sabar darana.
  18. Ambekna sakulit bawang = Babari ambek rosa.
  19. Ambon sorangan =Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
  20. Amis budi =Hade budi parangi, someah, mun nyarita sok dibarung ku imut.
  21. Amis daging =Babari pisan katerap kasakit
  22. Anak dua keur gumunda =Awewe nu karek boga anak dua, keur meujeuhna tegep, pikabogoheun.
  23. Anak hiji keur gumeulis =Awewe" nu karek boga anak hiji, katenjona teh sok beuki geulis bae, komo nu bisa ngurus awak mah.
  24. Anak merak kukuncungan =Kahadean atawa kagorengan anak ngala ka indung-bapana.
  25. Anak tilu keur kumusut =Upama geus boga anak tilu, awewe nu teu bisa ngurus awak katenjona sok karusut, geus teu pati luis.
  26. Anggeus-anggeusan= Bebeakan.
  27. Anjing ngagogogan kalong =Mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun.
  28. Apal cangkem= Apal tapi teu nyaho hartina.
  29. Aridiarah supana, kudu dijaga catangna =Ari aya barang nu diala hasilna kudu daek ngurusna.
  30. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed =Najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora.
  31. Asa aing uyah kidul=Boga rasa panggindingna, pangkasepna, pangtegepna atawa pangpunjulna.
  32. Asa bucat bisul =Ngarasakeun lugina sanggeus ngarengsekeun pagawean anu beurat, atawa sanggeus lesot tina kasusah.
  33. Asa dijual teu payu =Cuang-cieung euvveuh batur lantaran ditinggalkeun di panyabaan ku anu ngajakna.
  34. Asa dipopokan tai =Ngarasa pohara diwiwirangna.
  35. Asa dipupuk birus= Ngarasa tibra hate.
  36. Asa ditonjok congcot =Kacida atohna, bungah meunang rejeki nu teu disangka-sangka.
  37. Asa euweuh beungeutan= Kacida erana.
  38. Asa kabur pangacian =Kacida reuwasna, nepi ka teu puguh cabak; asa leungit sumanget
  39. Asa kagunturah madu kaurugan menyan putih =Kacida bungahna jeung kacida bagjana.
  40. Asa katindihan langit= Henteu aya harepan.
  41. Asa kiamat= Pohara sedihna jeung susah luar biasa.
  42. Asa mobok manggih gorowong= Kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.
  43. Asa nyanghulu ka jarian =Teu ngeunah rasa lantaran kudu nga-dunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna.
  44. Asa peunggas rancatan= Leungiteun batur nu sok nalang dina pagawean.
  45. Asa rawing daun ceuli= Mindeng ngadenge omongan anu henteu ngeunah.
  46. Asa tungkeb bumi =alam Kacida bingungna.
  47. Asak jeujeuhan= Dipikiran heula masing anteb.
  48. Asak warah= Hade atikan, basa jeung paripolahna merenah.
  49. Atah adol =Kurang ajar, kurang pangawarah.
  50. Atah anjang =Langka silih anjangan.
  51. Atah warah= Kurang atikan, sabalikna tina asak warah.
  52. Ateul biwir= Sok getek hayang bae ngomong sanajan teu perlu dicaritakeun.
  53. Ateul dampal leungeun= Gereget hayang nampiling.
  54. Ati mungkir beungeut nyanghareup =Caritaan jeung kalakuan henteu terus nepi kana hate, sabab di hareupeun hade di tukangeun ngagorengkeun.
  55. Atung eneh atung eneh= Kitu-kitu keneh.
  56. Aub payung sabet sapon saba-soba= Nuduhkeun wawatesan pakuwon.
  57. Awak kawas badawang =Jangkung gede teu matut.
  58. Awak sabeulah =Henteu boga salaki atawa pamajikan.
  59. Awak sampayan= Make pakean kumaha oge pantes bae.
  60. Awak satilas =Jangkung lenjang.
  61. Awet jaya=  Katenjona siga ngora bae.
  62. Awet-rajet= Dilarapkeun ka nu laki-rabi, lana tapi rea paceng-kadanana.
  63. Awewe mah dulang tinande =Awewe mah biasana kumaha lalaki/salaki.
  64. Awewe mah tara cari ka Batawi= Awewe mah tara nyiar kipayah.
  65. Awi sadapuran tara lempeng kabeh= Najan sarua saturunan, tapi perkara milik jeung rejeki mah tara sarua.
  66. Aya astana sajeungkal =Datangna ajal teu gumantung kana umur panjang. Naon-naon anu dianggap jajauheun, bisa wae kajadian.
  67. Aya bagja teu daulat= Rek meunang kauntungan atawa kabagjaan, tapi henteu tulus.
  68. Aya cukang  komo meuntas= Kabeneran aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
  69. Aya dina sihung maung= Dilarapkeun ka jelema nu loba hubungan jeung gegeden, jadi gampang meunang pitulung.
  70. Aya gantar kakaitan =Aya hal arm teu sapuk jeung hatena tapi teu dikedalkeun, henteu iklas pisan; atawa aya perkara atawa kajadian riaon-naon nu pasambung jeung kajadian anu ti heula.
  71. Aya jalan komo meuntas= Aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
  72. Aya jodo pakokolot= Bisa ngajodo sanggeus papada kolot.
  73. Aya jurig tumpak kuda =Datang milik anu henteu disangka-sangka.
  74. Ayakan tara meunang kancra =Jelema bodo moal sarua gajihna atawa panghasilanana jeung jelema pinter.
  75. Ayak-ayak beas, nu badag moncor nu lembut nyangsang =Nuduhkeun kaayaan anu teu sawajarna upamana bae anu dihukum teh anu teu pira kasalahanana, ari nu gede kasa-lahanana teu dihukum.
  76. Ayang-ayangan =Tumerap kana perkara anu rea rambat kamalena.
  77. Ayem tengtrem =Euweuh kaributan atawa bancang pakewuh.
  78. Ayeuh ngora =Tumerap kana turunan nu maraot ngora-ngora.
  79. Babalik pikir= Ngarobah lampah goreng kana hade.
  80. Babon kapurba ku jago= Awewe kudu nurut ka salaki.
  81. Bagja kamanyangan= Bagja gede.
  82. Bahe carek= Gampang nyarekan.
  83. Balabar kawat= Saembara.
  84. Baleg tampele =Mojang anu keur mangkat beger, tapi eraan keneh lamun panggih jeung lalaki.
  85. Bali geusan ngajadi =Lembur matuh, lemah cai, tempat lahir.
  86. Balik jarami =Ngagarap sawah anu kakara anggeus dipibuatan.
  87. Balik ngaran =Maot di lembur batur.
  88. Balung kulit kotok meuting =Kanyeri baheula ten leungit-leungit, henteu beresih pisan hatena, masih keneh ngunek-ngunek.
  89. Balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan= Rido, iklas, suka pisan.
  90. Bancang pakewuh= Pikasusaheun, picilakaeun.
  91. Banda sasampiran, nyawa gagaduhan =Ulah boga angkeuhan yen banda jeung nyawa bisa diatur ku urang.
  92. Banda tatalang raga =Leuwih hade ngorbankeun harta, tibatan cilaka awak.
  93. Bangkong kolentang =Sagala euweuh, teu boga duit pisan.
  94. Banteng ngamuk gajah meta= Kajadian atawa ririweuhan anu dipikasieun jeung dipikagigis.
  95. Banting tulang =Digawe popohoan.
  96. Bapa heman= Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadean.
  97. Batan kapok kalah gawok =Kalah beuki maceuh.
  98. Batok bulu eusi madu Henteu cocog jeung panenjo; siga bodo tapi pinter, siga miskin tapi beunghar jeung sajabana.
  99. Batok kohok piring semplek= Paparabotan nu taya hargana.
  100. Batu turun keusik naek =Cangkang sisindiran nu hartina itu purun kuring daek, dilarapkeun ka jalma anu sarua micintana.
  101. Batur ngaler ieu ngidul= Lain-lainna deui jeung nu keur diomongkeun ku batur.
  102. Bau-bau sinduk =Baraya keneh sanajan laer.
  103. Beak dengkak= Geus beak tarekah.
  104. Bear budi =Gumbira.
  105. Bebek ngoyor di sagara, rek nginum neangan cai =Lubak-libuk tapi henteu bisa kapake lantaran lain hakna.
  106. Bedah bendungan= Kalah wowotan ku gogoda nu pohara.
  107. Bengkok tikoro= Teu kabagean kadaharan istimewa, lantaran teu datang atawa geus beakeun manten.
  108. Bengkung ngariung bongkok ngaronyok= Kajeun ripuh asal teu jauh jeung anak-incu.
  109. Bentik curuk balas nunjuk, capetang balas miwarang= Kabisana ngan nitah, teu daek prak sorangan.
  110. Beungeut nyanghareup ati mungkir= Henteu terus jeung hate.
  111. Beunghar memeh boga =Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaandirina.
  112. Beurat birit =Hese ditutah-titah, kedul.
  113. Beurat nyuhun beurat nanggung= Kacida tumarimana.
  114. Beurat nyuhun beurat nanggung= Kacida narimakeunana kana kahadean batur, lantaran ditulungan dina waktu keur kacida butuhna.
  115. Beureum paneureuy =Hese pisan hasil maksud.
  116. Beuteung anjingeun =Beuteung anu gede ka luhur.
  117. Beuteung mutiktrik berekat meunang =Dahar seubeuh di nu hajat, ari balik mawa berekat.
  118. Beuteung si eta mah ruas bungbas =Teu aya kaseubeuhan.
  119. Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar =Jaman geus robah, jelema oge loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna.
  120. Bilatung ninggang dage= Jelema teu jujur meunang kadudukan atawa kasempetan anu matak nguntungkeun keur dirina.
  121. Birit aseupan =Jelema nu diukna teu daek cicing, nyanggeyeng ka ditu, nyanggeyeng ka dieu.
  122. Bisa ka bula ka bale =Bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan, atawa bisa gawe kasar jeung gawe lemes.
  123. Bisa lolondokan =Bisa nuturkeun adat sakarep batur supaya akur, bisa ula-ilu.
  124. Bisi aya ti cai ti geusan mandi =Bisi aya nu kasigeung atawa ka-toel mamaras rasana.
  125. Biwir nyiru rombengeun =Sagala dicaritakeun anu saenyana kudu dirasiahkeun.
  126. Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah= Darma nepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
  127. Bobo sapanon carang sapakan= Teu puguh undak-usukna, teu beres entep seureuhna; eta babasan sok dipake pamungkas carita, sasadu bisi salah pok-pokanana atawa pereleanana.
  128. Bobor karahayuan =Katarajang apes, cilaka, atawa meunang kasusah.
  129. Bobot pangayon, timbang taraju= Pangadilan, timbangan nu adil.
  130. Bodo alewoh= Bodo tapi daek tatanya.
  131. Bodo katotoloyoh= Tara daek tatanya, tara daek nurut kana nasehat batur.
  132. Boga pikir rangkepan= Henteu bolostrong, henteu ujug-ujug percaya kana omongan batur anu manis.
  133. Boga sawah saicak =Boga sawah saeutik.
  134. Bogoh nogencang =Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
  135. Bojo denok sawah ledok =Hirup senang lantaran boga pamajikan tegep jeung banda cukup.
  136. Bongkok meongeun =Semu bengkung ka tukang palebah cangken.
  137. Bonteng ngalawan kadu =Nu leutik ngalawan ka nu gede.
  138. Borangan ku surak= Eraan dina gempungan jalma rea.
  139. Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah =Jalma beunghar nepi ka barangteundeun teu puguh tempatna sabab barangna loba.
  140. Bubu ngawaregan cocok =Mere nasehat atawa nyieun aturan anu balukarna nguntungkeun sorangan.
  141. Buburuh nyatu diupah beas= Neangan pangarti bari meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan.
  142. Budak bau jaringao keneh =Budak can aya kanyaho, budak olol-leho.
  143. Budak olol leho keneh =Pamoyok ka jalma ngora nu tacan boga pangalaman dina pagawean.
  144. Budak rodek hulu= Budak can aya kanyaho.
  145. Budi santri legeg lebe, ari lampah euwah-euwah =Jelema anu omongan jeung kalakuanana kawas enya jelema bener, padahal saenyana mah jahat.
  146. Bujang jengglengan =Jajaka tulen sarta tegep.
  147. Bujang tarangna =Lalaki anu can kawin geus teu bujang deui.
  148. Bulan alaeun= Kakandungan anu geus nincak salapan bulan.
  149. Bulu taneuh= Tukang tani, patani.
  150. Buncir leuit loba duit= Beunghar, taya kakurang.
  151. Bungah amarwatasuta =Bungah sagede anak gunung, bungah pisan.
  152. Bungbulang tunda =Tunda talatah, dikeunakeun ka jalma nu dititah baranggawe tara prak ku sorangan, tapi kalah sok nitah deui ka batur.
  153. Buntu laku= Teu bisa neruskeun usaha atawa pagawean.
  154. Buntut kasiran =Koret, kumed, medit.
  155. Bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang= Hirup senang taya kakurang, salilana ginding.
  156. Burung palung dulur sorangan= Sanajan ngewa/ambek ka dulur/ baraya nu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu weleh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana,henteu ngantep.
  157. Buta terong =Pamoyok ka jelema nu goreng patut, katurug-turug sagala beuki.
  158. Butatuli =Teu nyaho naon-naon.
  159. Caang bulan dadamaran =Migawe hal nu teu perlu deui.
  160. Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan =Rido pisan.
  161. Caang padang narawangan =Caang pisan atawa bisa nenjo ku panon batin ka tempat gaib.
  162. Cacah rucah atah warah =Somah nu dianggap taya ajenna sarta bodo.
  163. Cacarakan= Kakara diajar, tacan bisa bener.
  164. Cadu mungkuk haram dempak= Sumpah yen bener-bener embung, atawa moal ngalampahkeun salah sahiji perkara.
  165. Cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo= Sagala teu ngeunah lantaran keur susah atawa keur gering. Cai di hilir mah kumaha ti girangna Ra'yat leutik sok nyonto kalakuan parningpinna.
  166. Caina herang laukna beunang= Hasil maksud ku cara lantip bari teu aya pacengkadan.
  167. Campaka jadi di reuma= Nu geulis urang kampung/lembur lain pipanteseunana aya di pasisian. Campur kaya Tepung kaya atawa kaya reujeung kaya, harta banda babarengan nu rimbitan.
  168. Cangkir emas eusi delan =Jelema anu omonganana alus, tapi saenyana hatena goreng.
  169. Cara hurang, tai ka hulu-hulu =Bodo pisan.
  170. Carang takol= Jelema anu langka pisan ngomong, ari teu perlu-perlu teuing mah.
  171. Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket= Ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakewuh.
  172. Cecendet mande kiara, cileuncang  mande sagara= Nu miskin atawa jalma leutik hayang nyaruaan nu beunghar.
  173. Ceplak pahang =Satarabasna teuing kajeun matak nyeri hate batur.
  174. Ceuli lentaheun= Sok sadenge-dengena, najan lain dengekeunana, atawa resep ngadengekeun kagorengan batur.
  175. Cikal bugang Cikal hirup, anu pangheulana gugur di medan perang.
  176. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok =Awahing ku leukeun, laun-laun jadi bisa.
  177. Cilaka dua belas =Cilaka pohara.
  178. Ciri sabumi cara sadesa =Kabiasaan di unggal daerah beda-beda.
  179. Clik putih clak herang= Rido, iklas, kaluar tina hate anu beresih.
  180. Congo-congo ku amis, mun rek amis ge puhuna =Anak-anakna teu bageur, da kolotna oge henteu nyontoan.
  181. Cruk-crek= Gunta-ganti pamajikan.
  182. Cucuk rungkang= Perkara leutik atawa teu pira, tapi lamun diantep bisa ngaganggu kana urusan anu gede.
  183. Cueut ka hareup= Tereh maot, geus kolot.
  184. Cueut ka nu hideung, ponteng ka nu koneng =Teu adil, pilih kasih.
  185. Cukang tara neangan nu ngising= Nu hayang ditulungan sapantesna datang ku maneh kanu rek dipentaan tulung.
  186. Cukup belengur baraga naya =Resep mere ka batur, bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan.
  187. Cul dogdog tinggal igel =Ninggalkeun gawe baku lantaran ngalampahkeun pagawean sejen nu teu aya hasilna.
  188. Daek macok, embung dipacok =Jelema nu hayang meunang  sorangan, daek menta embung dipenta.
  189. Dagang oncom rancatan emas =Modal nu kacida gedena, ari nu dijual jeung diarah batina teu sabaraha.
  190. Dah bawang dah kapas =Jual-beuli kontan.
  191. Dahar kawas meri =Uprat-apret jeung ngaremeh.
  192. Daharna sakeser daun =Daharna mindeng pisan.
  193. Datang katenjo tarang, undur katenjo pun-duk =Tatakrama nu amit-amitan, nembongkeun yen taya geuneuk maleukmeuk atawa teu serong salingkuh.
  194. Dedenge tara =Kadenge sawareh atawa dedengean anu teu pati tetela.
  195. Dengdek tapi maliding sanak= Pilih kasih, teu adil.
  196. Deukeut-deukeut anak taleus= Sakitu padeukeut teu nyaho yen baraya atawa aya kajadian penting di salah saurang di antara maranehanana.
  197. Deungeun-deungeun haseum= Taya baraya saeutik-eutik acan.
  198. Di bawah tangan =Teu make saksi ti pihak nu resmi.
  199. Dianakterekeun =Disapirakeun.
  200. Diangeuncareuhkeun= Diantep henteu didahar.
  201. Dibabuk lalay= Dibabukan kawas lalay, ngababukan ngenca-ngatuhu.
  202. Dibejerbeaskeun= Dieceskeun atawa dijentrekeun pisan.
  203. Dibere sabuku menta sajeungkal, dibere sajeungkal menta sadeupa= Lantaran dibere wani saeutik, jadi beuki loba pamentana sarta nyalutak .
  204. Dibeuleum seuseur= Diburu-buru sina anggeus.
  205. Dibeuteungan nyusu =Dieureunan nyusu, dipesat.
  206. Dibeuweung diutahkeun= Dipikir dibulak-baHk.
  207. Dibilang peuteuy= Dibilang hiji-hiji.
  208. Didagoan ku seeng nyengsreng =Dipikabutuh ayeuna.
  209. Didago-dago tilewu =Hanas didagoan, ari pek teu datang.
  210. Didingding kelir =Dibuni-buni atawa dirusiahkeun.
  211. Dihin pinasti anyar pinanggih= Sagala nu kaalaman ayeuna saestuna geus ditangtukeun ti heula ku Pangeran.
  212. Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngepot= Teu beunang dijeujeuhkeun, tara eucreug bae.
  213. Dijieun lalab rumbah =Disapirakeun, henteu diajenan.
  214. Dikepung wakul buaya mangap =Dikepung ku musuh anu samakta ku pakarangna.
  215. Dikerid peuti =Dibawa kabeh saeusi imah atawa kampung.
  216. Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban =Ditambang, ditalak henteu, dinapakahan oge henteu; dipiara tapi teu diurus dahar-pakena.
  217. Diperih pati turta gawe =Dibere papancen nu kacida beuratna, bisa jadi kudu nemahan pati.
  218. Dipiamis buah gintung= Disangka hade jeung batur, tapi nu saenyana man jahat.
  219. Dipisudi mere budi= Dipiharep kalah ngambek, ngabaeudan.
  220. Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang =Dihukum pati, dihukum beurat pisan.
  221. Disuhun dina embun-embunan= Ditarimakeun pisan.
  222. Disusul tepus =Diteangan terus, nepi ka beunang .
  223. Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi =Dianggap aneh atawa model.
  224. Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup Kekecapan keur awewe anu kacida geulisna, taya cawadeunana.
  225. Ditiung memeh hujan Kudu iatna samemeh cilaka. =Ditiung sanggeus hujan Kakara iatna sanggeus karuhan cilaka, lain samemehna nyegah picilakaeun.
  226. Dogdog pangrewong =Jalma nu mantuan pagawean tamba lumayan, teu boga tugas nu penting.
  227. Dosa salaput hulu= Dosa anu geus kacida lobana.
  228. Dug hulu pet nyawa= Usaha satekah polah meh taya eureunna.
  229. Dug tinetek atawa dug hulu pet nyawa Digawe beurat meh taya eureunna.
  230. Duum tinggi =Babagi henteu adil, aya nu meunang loba, jeung aya nu saeutik.
  231. Eleh deet =Ngelehan maneh.
  232. Elmu ajug= Jalma nu biasa mapatahan kahadean ka batur, ari sorangan henteu bisa ngamalkeunana.
  233. Elmu angklung= Joledar atawa patukang tonggong jeung kolot.
  234. Elmu kepek= Pituduh tina buku atawa kitab anu acan diprakkeun ku sorangan.
  235. Elmu sapi= Samiuk kana kagorengan, guyub dina hal nu kurang hade.
  236. Elmu tumbila =Pribumi ngarugikeun semah.
  237. Elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna= Hirup kudu nungtut nyiar elmu pikeun kasalametan dunya aherat sarta kudu siger tengah.
  238. Elok bangkong =Ampir sakarat.
  239. Era parada =Era ku lampah atawa omongan batur, nu matak aeb.
  240. Embung kakalangkangan Embung kaelehkeun.
  241. Endog sapataragan tara megar kabeh= Di antara dulur-dulur saindung-sabapa sok aya bae anu teu pati alus milikna.
  242. Galagah kacaahan= Nganteur atawa ngalajur napsu kabawa ku batur.
  243. Galak sinongnong= Lalaki nu mimiti aya sir ka awewe, tapi can wani adu hareupan.
  244. Galak timburu =Babari timburuan. Awewe nyangka nyelewer ka salakina atawa sabalikna.
  245. Galegeh gado= Someah, akuan, atawa darehdeh bisa nyarita, tapi teu terus kana hatena.
  246. Gancang pincang =Pagawean anu babari anggeus, tapi hasilna henteu nyugemakeun.
  247. Gantung denge= Ngarasa hanjakal sabab hayang keneh ngadengekeun, anggeus manten.
  248. Gantung teureuyeun =Ngarasa hanjelu sabab barangdahar can seubeuh, kapaksa dieureunkeun.
  249. Garo maling =Boleksek henteu dihaja, urut gagaro keur sare.
  250. Garo mengmengan =Euweuh kasabaran.
  251. Garo singsat= Peta awewe nu teu sabar ngadagoan nu can datang. Garo-garo teu ateul
  252. Gentel keak =Budak anu meh tara lesot ti indungna, mun dilesotkeun sok ceurik.
  253. Gede cahak manan cohok =Leuwih loba ngaluarkeun duit batan panghasilan.
  254. Gede gunung pananggeuhan =Adigung dumeh aya andelan atawa aya nu dipuntangan.
  255. Gede hulu= Adigung, sombong.
  256. Geledug ces =Ukur rame mimitina wungkul, ka dituna mah jadi tiiseun.
  257. Gemah ripah loh jinawi= Gegek cacah jiwana sarta raharja. Genteng-genteng ulah potong Sanajan hasilna teu sabaraha, keun bae tinimbang luput.
  258. Gereges-gedebug= Ngalampahkeun pagawean teu karana dipikir panjangheula.
  259. Gering nangtung  ngalanglayung =Henteu gering parna, tapi sehat bener oge henteu ngalanglayung.
  260. Getas harupateun =Babari ambek.
  261. Geugeut manjahan =Ngogo ka budak tapi ari ambek gampang nyarekan, ngan henteu nepi ka meupeuh atawa neunggeul.
  262. Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma =Awewe anu rupana tegep, ngan dangongna dusun.
  263. Geus apal luar jerona= Geus nyaho kana kalakuan jeung tabeatna.
  264. Geus aya dina pesak =Geus nyaho pisan kana sarupaning perkara.
  265. Geus bijil bulu mayang =Geus mimiti baleg (ka lalaki).
  266. Geus cueut ka hareup =Geus kolot, geus liwat satengah tuwuh.
  267. Geus cumarita= Geus kawin sarta imah-imah sorangan, geus misah ti kolot.
  268. Geus labuh bandera =Perkara anu geus diputus.
  269. Geus nyanghulu ngaler =Geus maot.
  270. Gindi pikir belang bayah= Goreng hate, resep nyilakakeun batur.
  271. Ginding bangbara =Resep gigindingan jeung royal ngarah katenjo ku batur, tapi di imah kekerehet
  272. Ginding kekempis =Jelema ginding tapi teu boga duit.
  273. Giri lungsi tanpaingan = Ulah ngahina sanajan ka nu lemah atawa nu leutik.
  274. Goong nabeuh maneh= Ngagulkeun diri sorangan.
  275. Goong saba karia =Datang ka nu hajatan bari teu diondang, maksudna sangkan kaarah gawe tur seubeuh baranghakan.
  276. Goreng sisit =Goreng milik.
  277. Goreng sopak= Jelema goreng patut.
  278. Gugon tuhon= Kukuh, boh ka dunungan, boh kana adat kabiasaan atawa kapercayaan.
  279. Gulak-giluk kari tuur, herang-herang kari mata, teuas-teuas kari bincurang =Asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.
  280. Gunung hapitan sela Budak awewe nu boga lanceuk la­laki hiji jeung adi lalaki hiji (sabalikna tina sela hapitan gu­nung).
  281. Gunung luhur beunang diukur/ laut jero beunang diteuleuman, tapi hate jalma najan deet moal kakobet =Nganyahokeun eusi hate  jelema anu dirasiahkeun mah kacida hesena.
  282. Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi =Taya wates wangenna, kacida legana, euweuh tungtungna.
  283. Gurat batu =Kukuh dina nyekel omongan atawa pamadegan, teguh tangtungan.
  284. Gurat cai= Babari ngarobah omongan/jangji nu geus diucapkeun. Cidera kana jangji. Sabalikna tina gurat batu.
  285. Guyur salelembur ear sajajagat=Pohara geunjleungna,
  286. Hade gogog hade tagog= Hade basa hade tata jeung hade
  287. paripolahna. Hade ku omong goreng ku omong= Sagala rupa perkara bisa disebut hade atawa goreng lantaran omonganana.
  288. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe =Kahadean nu geus sakitu lilana, leungit ku ngalampahkeun kagorengan sakali.
  289. Hambur bacot murah congcot =Babari nyarekan, tapi berehan.
  290. Hampang birit =Daekan, sabalikna beurat birit.
  291. Hampang leungeun= Gampang neunggeul.
  292. Handap lanyap =Hade basa, puguh entep-seureuhna, tapi nu saenyana mah ngunghak atawa ngahina; hormat tapi matak nyentug kana hate.
  293. Handap asor =Daek ngahormat ka batur.
  294. Hantang hantung hantigong hantriweli= Kalah ka hade rupa hade tagog, tapi taya araheunana.
  295. Haok hamprong =Beuki hahaok.
  296. Hapa heman =Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadean. bandingkeun Nu asih dipulang sengit.
  297. Hapa-hapa oge ranggeuyan =Sanajan teu boga harta banda leuheung keneh sabab boga salaki.
  298. Harewos bojong =Omongan anu diharewoskeun, tapi kadenge ku nu deukeut ka nu diharewosan.
  299. Harelung jangkung =Kacida jangkungna.
  300. Harigu manukeun =Dada jelema nu nonjol ka hareup.
  301. Haripeut ku teuteureuyeun =Totorosol pisan kana urusan pirejekieun.
  302. Hams omong batan goong =Beja mah sok babari pisan sumebarna.
  303. Haseum budi =Leuwih mindeng baeud jeung camberut tibatan seuri.
  304. Haseum kawas cuka bibit= Kuraweud haseum, teu me're budi pi­san.
  305. Hatur tangis =Ngabejakeun kanyeri ati.
  306. Hawara biwir =Resep ngabejakeun perkara anu tacan tangtu bakal dilaksanakeun atawa hal anu lila keneh kana waktu dilaksanakeunana.
  307. Hayang leuwih jadi leweh= Hayang untung kalah rugi.
  308. Hayang utah iga =Ngarasa kacida sebelna.
  309. Hejo cokor badag sambel =Dusun pisan.
  310. Hejo tihang= Resep pipindahan, gunta-ganti pagawean.
  311. Herang-herang kari mata, teuas-teuas kari bincurang =Asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.
  312. Hese cape teu kapake =Hanas ceuk rarasaan mah digawe soson-soson, ari heg dianggap salah ku dunungan atawa hasilna mubadir.
  313. Henteu asa jeung jiga= Geus loma pisan.
  314. Henteu gedag bulu salambar= Henteu sieun atawa henteu gimir saeutik-eutik acan.
  315. Henteu jingjing henteu bawa =Henteu mawa naon-naon keur oleh-oleh ka nu dijugjug.
  316. Heunceut ucingeun =Babari reuneuh.
  317. Heuras genggerong =Caritaanana sugal jeung garihal, teu bisa ngangeunahkeun hate batur ku omongan.
  318. Heuras letah =Omonganana matak nyugak atawa teu ngeunaheun batur.
  319. Heureut pakeun pungsat bahan =Teu rea kaboga, saeutik panghasilan.
  320. Heurin ku letah =Teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur, lantaran bisi aya matakna ka ditu ka dieu.
  321. Hideung ngabangbara= Hideung meles sarta herang.
  322. Hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho di mangsa= Hirup di dunya teh bakal ditungtungan ku maot anu datangna teu bisa dipastikeun ti anggalna.
  323. Hirup ku ibun, gede ku poe= Hirup balangsak, sasat euweuh nu ngurus, hirup kalantar.
  324. Hirup ku panyukup gede ku pamere= Jelema anu hirupna ukur ngandelkeun pamere ti batur.
  325. Hirup ngabangbara= Jelema anu tempat matuhna keur leutik teh teu tumaninah, tapi ari sakalieun barangpake mani kacida gindingna.
  326. Hirup teu neut, paeh teu hos= Terus-terusan gering ripuh, tapi teu maot.
  327. Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih  beja =Laku lampah kudu bageur supaya alus kacaritakeunana.
  328. Huap hiji diduakeun= Ngirit-ngirit sagala kaperluan sapopoe, supaya bisa nyumponan kaperluan anak atawa saha bae anu perlu dibelaan.
  329. Hujan cipanon= Ceurik balilihan, loba nu ceurik.
  330. Hulu gundul dihihidan =Nu keur untung tambah untung.
  331. Hulu peutieun =Jelema nu leutik sirahna henteu surup jeung awakna.
  332. Hurip gusti, waras abdi =Jaman peodal, upama raja senang sarta mulya, rayat cageur.
  333. Hurung nangtung siang leumpang =Beunghar sarta dipake ngaginding.
  334. Hutang hatong= Satengah heureuy, nyapirakeun kana hutang, daek bayar, henteu entong.
  335. Hutang salaput hulu =Loba pisan hutang, nepi ka samar kabayar.
  336. Hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri bayar nyeri =Males kanyeri atawa kajahatan ku hukuman nu sarua atawa saimbang.
  337. Ieu aing -Jelema nu ngarasa luhur, hade, pinter, gagah jeung sajabana ti dinya atawa adigung.
  338. Ilang-along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana , nyerenkeun= Masrahkeun sagala-galana, ilaharna diucapkeunana waktu rek ngawin-keun atawa satutasna nyerahkeun.
  339. Indit sirib= Indit sarerea saeusi imah.
  340. Indung hukum bapa darigama =Papagon, aturan agama jeung nagara.
  341. Indung lembu bapa banteng =Turunan jalma beunghar atawa menak.
  342. Indung peuting =Mega hideung anu sok tembong ti peuting.  
  343. Indung suku ge moal dibejaan= Niat pageuh nyekel rasiah, baraya nu landes ge moal dibere nyaho.
  344. Inggis batan maut hinis, rempan batan mesat gobang= Kacida matak risina, paur pisan.
  345. Inggis ku bisi rempan ku sugan = Salempang aya naon-naon. Ipis biwir Epesmeer, babari ceurik.
  346. Ipis kulit beungeut =Eraan.
  347. Ipis wiwirang =Kandel kulit beungeut, kurang kaera.
  348. Iwak nangtang sujen =Ngadeukeutan pibahayaeun, neangan picilakaeun.
  349. Jabung tumalapung, sabda kumapalang =Milu nyarita bari ngarumasakeun taya kabisa, tapi alatan kapaksa.
  350. Jadi cikal bugang =Pangheulana kasambut di pangperangan.
  351. Jadi kembang carita= Loba nu nyaritakeun.
  352. Jadi kulit jadi daging =Jadi kabiasaan nu hese dipiceunna.
  353. Jadi sabiwir hiji =Geus jadi caritaan jelema rea, pada muji kahadeanana.
  354. Jadi senden kalemekan= Jadi kembang carita.
  355. Jadi Senen kalemekan= Ahad kacapangan Jadi kembang carita.
  356. Jajar pasar= Sedeng atawa meujeuhna (kana rupa).
  357. Jalma notorogan =Jalma nu boga laku-Iampah teu pantes, pikacuaeun.
  358. Jaman bedil sundut =Jaman baheula.
  359. Jaman cacing dua saduit =Jaman baheula pisan.
  360. Jaman tai kotok dilebuan= Jaman baheula.
  361. Jampana bugang =Pasaran, wadah paranti ngagotong mayit ka kuburan.
  362. Jampe pamake= Rupa-rupa jampe jeung tingkah laku pikeun ngahasilkeun maksud.
  363. Jampe pipahokan =Jampe atawa ajian nu maksudna supaya musuh teu nenjoeun ka urang kawas nu lolong.
  364. Janget kinatelon =Turunan hade ti indung-bapa.
  365. Jantungeun= Kawas anu kasima.
  366. Jati kasilih ku junti= Pribumi kaelehkeun ku semah.
  367. Jauh ka bedug, anggang ka dulag =Dusun henteu nyaho di adat, dusun pisan.
  368. Jauh tanah ka langit= Mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun; kacida pisan bedana.
  369. Jauh di jug jug anggang diteang= Jauh-jauh oge didatangan bae.
  370. Jauh-jauh panjang gagang =Hanas jauh-jauh oge dijugjug ari pek teu hasil maksud.
  371. Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana =Masyarakat di saban tempat boga tata cara sewang-sewangan.
  372. Jejeg ceker =Cape balas leumpang ka ditu ka dieu.
  373. Jelema balung tunggal= Jelema bedas pisan.
  374. Jelema pasesaan =Jelema nu kungsi gelo.
  375. Jeneng memeh pangkat= Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina.
  376. Jengkol mah aya usumna =Pikeun nyindiran nu loba ekol.
  377. Jiga tunggul kahuru= Goreng patut.
  378. Jodo pakokolot =Kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur ngora dina umur pakokolot. Tingali oge
  379. Jogjog neureuy buah loa= Mikahayang perkara anu moal kasorang.
  380. Jongjon bontos= Junun kana gawe, tara kabengbat ku naon-naon.
  381. Jual dedet =Ngajual barang satengah maksa.
  382. Ka cai diangir mandi, batu lempar panuusan =Lemah cai, bali geusan ngajadi.
  383. Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal =Hirup ati-ati make itungan.
  384. Ka luhur sieun gugur, ka handap sieun cacing =Taya kawani.
  385. Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran =Taya kamajuan minangka hukumullah ka jelema doraka atawa nu sok jail ka batur.
  386. Kabawa ku sakaba-kaba =Kabawakeun atawa kapangaruhan ku batur nu teu pati eucreug.
  387. Kabeureuyan mah tara ku tulang munding, tapi ku cucuk peda= Cilaka mah biasana tina mokahaan urusan leutik.
  388. Kacang poho ka lanjaran =Poho ka asal wiwitan, pindah pileumpangan.
  389. Kacanir bangban= Kawiwirangan, meunang kaera.
  390. Kacekel bagal buntutna= Katewak luluguna.
  391. Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria =Kamashur, sarerea pada nyaho.
  392. Kaciwit kulit kabawa daging= Kabawa goreng ku kalakuan baraya anu salah, atawa milu ngarasa teu ngeunah lantaran aya baraya dihina ku batur.
  393. Kaduhung tara ti heula =Ngarasa hanjakal mah geus tangtu moal samemeh migawe kasalahan.
  394. Kagok asor = Jangji nu geus kapalang disanggupan, nepi ka kapaksa kudu dilaksanakeun.
  395. Kahieuman bangkong =Siga beunghar lantaran katitipan banda batur.
  396. Kai teu kalis ku angin =Jelema mah tara senang salalawasna, hiji waktu pasti pinanggih jeung kasusah.
  397. Kajejek ku hakan= Hasil usaha beak ku kaperluan dahareun wungkul.
  398. Kajeun pait heula amis tungtung, manan amis heula pait tungtung =Leuwih hade bejaan heula nu banggana, ti batan dibibitaan heula ku untungna, bisi ahirna kaduhung.
  399. Kajeun panas tonggong, batan tiis beuteung= Kajeun teuing cape digawe oge, asal bisa dahar kalawan cukup, teu kakurangan.
  400. Kakeueum ku cai toge =Eleh pisan ku pamajikan, nepi ka dipangnyelewerkeun oge cicing bae.
  401. Kalah ka ingkig= Usaha ka ditu ka dieu teu hasil.
  402. Kalah ka ngahuntu =Ngan bisa nyarita atawa pidato wungkul.
  403. Kalapa bijil ti cungap= Muka rusiah sorangan kalawan teu dihaja.
  404. Kaliung kasiput= Loba baraya nu baleunghar, sasat kalingkung.
  405. Kandel kulit beungeut =Teu boga kaera, sabalikna tina ipis kulit beungeut
  406. Kapiheulaan ngaluluh taneuh =Hudang kabeurangan.
  407. Kapipit galih, kadudut kalbu= Kapincut, bogoh.
  408. Kapiring leutik= Kaisinan.
  409. Karawu kapangku= Sagala pagawean kacabak, tur hasilna hade; kalakon kumaha pait peuheurna, muga-muga turunan urang mah kari ngeunahna.
  410. Kasangga kalingga murda, katampi ku asta kalih Katarimakeun, sarta dinuhunkeun pisan.
  411. Kasep ngalenggereng koneng= Nya kasep nya ginding.
  412. Katempuhan buntut maung= Ngagantian kasusah batur.
  413. Kakeureut ku sieup, katindih ku kari-kari=Kasangka boga dosa.
  414. Katuliskeun jurig= Asal heureuy jadi enyaan.
  415. Kaum marhaen Somah, rayat biasa.= Kawas aul Sok ciciduh.
  416. Kawas aeud =Nya goreng budi nya bangor.
  417. Kawas anjing parebut tulang =Parasea marebutkeun barang anu teu pira.
  418. Kawas anjing tutung buntut= Berebet ka ditu berebet ka dieu, kawas nu samar polah; ijigimbrang teu daek cicing.
  419. Kawas anu teu dibedong= Kaluar-asup tara nutupkeun panto.
  420. Kawas awi sumaer di pasir= Luak-leok pikir teu pag'euh tangtungan.
  421. Kawas badak Cihea =Jelema nu leumpangna noyod siga nu degig.
  422. Kawas bayah kuda= Belel pisan, upamana samping.
  423. Kawas beubeulahan terong= Sarua pisan rupana, nu kembar.
  424. Kawas beusi atah beuleum =Geuneuk rupana bakat ku kacida ambekna.
  425. Kawas birit seeng =Hideung lestreng (kulit jelema).
  426. Kawas bodor reog= Jelema nu tingkah polahna pikaseurieun.
  427. Kawas bujur aseupan =Diuk teu daek cicing.
  428. Kawas carangka runtah =Jelema nu sagala beuki jeung gembul.
  429. Kawas careuh bulan= Diwedak kandel teuing.
  430. Kawas cucurut kaibunan =Goreng patut, sarta pikarunyaeun.
  431. Kawas dodol bulukan =Beungeut hideung diwedakan teu rata.
  432. Kawas durukan huut =Pibahayaeun nu teu kaciri, tapi beuki lila beuki gede.
  433. Kawas gateuw =Teu bisa liar lantaran kasakit, atawa geus rarempo, tapi ari awak lintuh.
  434. Kawas gula jeung peueu=t Kacida dalitna, tara pasea, silih asih.
  435. Kawas hayam keur kumahkar= Teu daek cicing lantaran hate kaweur, atawa geus teu sabar ngadagoan nu diarep-arep.
  436. Kawas kacang ninggang kajang =Norostos capetang.
  437. Kawas kedok bakal =Rupa jelema anu goreng patut kacida.
  438. Kawas kedok rautaneun =Kacida goreng patutna kawas kedok nu can anggeus.
  439. Kawas kuda leupas ti gedogan =Ngumbar kahayang lantaran geus euweuh nu ngahalangan.
  440. Kawas lauk asup kana bubu =Teu bisa ngundurkeun diri deui, lantaran geus kabeungkeut ku jangji atawa sumpah.
  441. Kawas leungeun nu palid =Leungeun nu teu daek cicing, ngopepang, sagala dirampa, sagala dicabak.
  442. Kawas nu keked =Teu bisa barangbawa.
  443. Kawas pantun teu jeung kacapi= Bisa mapatahan wungkul, teu bisa nyontoan.
  444. Kawas panyeupahan lalay =Lawon anu belel, kawas panyeupahan lalay.
  445. Kawas perah bedog rautaneun= Goreng patut.
  446. Kawas siraru jadi =Jelema loba nu riab ka mana-mana.
  447. Kawas tatah =Teu hideng sorangan, kudu dititah bae.
  448. Kawas toed =Budak beuki ngomong, celembeng.
  449. Kawas tunggul kahuru =Jelema goreng patut.
  450. Kawas ucing garong =Jelama jahat nu sok ngaranjah imah, sakapeung bari nandasa nu boga imah.
  451. Kawas ucing jeung anjing =Dua jelema anu teu daek akur, lamun paamprok kudu bae pasea.
  452. Kawas ucing kumareumbi =Jelema anu sok resep ruwal-rawel, siga ucing keur kumincir.
  453. Kawas ucing nyanding paisan =Deukeut kana pimaksiateun.
  454. Kejo asak, angeun datang =Sapagodos jeung maksud urang.
  455. Kelek jalan =Tempat anu teu gampang didatangan lantaran jauh ti jalan gede.
  456. Kebo mulih pakandangan =Balik ka lembur sorangan sabada lila ngumbara di lembur batur.
  457. Kembang buruan=Budak anu keur meujeuhna lucu sarta geus resep ulin di buruan.
  458. Kembang carita= Jadi bahan carita nu narik perhatian dina riungan- riungan.
  459. Kembang mata = Nu dipikanyaah atawa dipikaasih.
  460. Keuna ku aen=Meunang cocoba lantaran ku "panenjo" batur (loba teuing nu muji).
  461. Keuna ku lara teu keuna ku pati= Bisa jadi eleh atawa tatu, tapi moal maot.
  462. Keur bentang surem= Keur apes, keur goreng milik.
  463. Keur meujeuhna bilatung dulang =Keur meujeuhna parabaneun , keur meujeuhna beuki dahar.
  464. Keur meujeuhna buta tulnng buta daging= Keur meujeuhna bedas.
  465. Keur meujeuhna hejo lembok, rambay carita =Keur meujeuhna lubak-libuk, euweuh kakurang.
  466. Keuyeup apu =Jelema anu elehan jeung euweuh kahayang; kodomoyo, leuleumeuyeu.
  467. Kiceupna sabedug sakali =Jelema anu kacida lungguhna.
  468. Kiruh di girang, kiruh di hilir =Lamun nu di luhurna geus teu balener, tangtu nu di handapna oge sarua kitu.
  469. Kokod monongeun =Teu daekeun asak, lantaran mindeng dicabakan (bubuahan nu dipeuyeum).
  470. Kokolot begog= Ngomong teu merenah kawas kolot.
  471. Kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran= Makmak mekmek, kokomoan barangdahar atawa ngumpulkeun barang nepi ka poho kana kautamaan.
  472. Kokoro nyoso malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam =Jelema anu kacida masakatna, sagala teu boga..
  473. Kolot dapuran =Pernah kolot nurutkeun pancakaki, sanajan umur leuwih ngora.
  474. Kolot dina beuheung munding =Kolot tapi teu loba kanyaho.
  475. Kolot kolotok =Kolot tapi euweuh kanyaho, kosong tina elmu pangaweruh.
  476. Koreh-koreh cok= Usaha buruh leutik, hasilna ngan cukup saharitaeun.
  477. Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang =Jelema anu pipilueun kana hiji urusan lantaran ukur kabawakeun ku batur, lain karepna sorangan.
  478. Kudu bisa ngeureut pakeun =Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mapahat.
  479. Kudu boga pikir rangkepan= Ulah ujug-ujug percaya kana omongan batur aim manis.
  480. Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak= Sagala rupa tingkah laku kudu luyu jeung kaayaan diri sorangan.
  481. Kukuh Ciburuy =Teu bisa diongget-qngget, teu daek nurut kana paham batur nu leuwih bener.
  482. Kukuk sumpung dilawanan dada leway= Sarua gorengna; nu ngambek dilawan ngambek, nu burung dilawan nu gelo.
  483. Kulak canggeum = Milik hade atawa goreng geus ditangtukeun ku Gusti Nu Mahasuci.
  484. Kumaha bule hideungna = Kumaha engke bae buktina.
  485. Kumaha ceuk nu dibendo bae= Kumaha ceuk nu mingpin di luhur bae.
  486. Kumaha ramena pasar =Ula-ilu, kumaha guyubna batur
  487. Kumambang kana kersa= Pangersa Pasrah kana takdir.
  488. Kumeok memeh dipacok =Wegah memeh ngajalankeun pagawean,
  489. Kurang jeujeuhan= Kurang ati-ati, kurang itungan.
  490. Kurang saeundan =Jelema nu teu patig jejeg pikiranana, rada gelo.
  491. Kuru aking ngajangjawing =Pohara kuruna.
  492. Kuru cileuh kentel peujit= Ngurangan sare, ngurangan dahar (tirakat), lantaran ay a nu dimaksud.
  493. Kuru kurulang-kuriling= Lara sangsara kadungsang-dungsang.
  494. Kurung batok =Teu daek lunta ti lembur, jalma nu tara ka mana-mana, jadi teu loba kanyaho.
  495. Labuh diuk, tiba neundeut= Sarua salahna atawa sarua cilakana.
  496. Ladang kesang= Rejeki ti Allah lantaran usaha sorangan.
  497. Laer gado =Sok kabitaan ku kadaharan nu aya di batur.
  498. Lain palid ku cikiih, lain datang ku cileuncang =Lain jalma andar andar, tapi datang ku sabab boga tujuan anu tangtu.
  499. Lalaki kembang kamangi =Lalaki nu teu bisa nyukup kabutuhan rumah tangga.
  500. Lalaki langit lalanang jagat= Lalaki anu kasep sarta gagah perkasa.
  501. Lali rabi, tegang pati= Poho ka pamajikan jeung tega kana nyawa pikeun ngabelaan nagara jeung bangsa.
  502. Lanca-linci luncat mulang =Jalir jangji, udar subaya.
  503. Landung kandungan laer aisan= Cede tinimbangan, asak hampura.
  504. Langkung saur bane carek= Nyarita nu matak nyentug atawa anu matak nyeri kana hate batur.
  505. Lantip budi= Gancang ngarti kana maksud atawa kahayang batur sanajan henteu diucapkeun.
  506. Lasminingrat= Nu panggeulisna di sakuliah dunya.
  507. Lauk buruk mihi mijah, piritan milu endogan =Pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupaning urusan.
  508. Legeg lebe budi santri, ari lampah euwah-euwah= Jalma jahat bisa nipu ku tindak-tanduk nu sopan.
  509. Lelengkah halu = diajar leumpang salengkah-salengkah.
  510. Lengkah kapiceun =Indit-inditan bari aya nu dimaksud tapi teu hasil, henteu beubeunangan.
  511. Lentah darat =Jelema nu sok nginjeumkeun duit make renten gede.
  512. Lesang kuras= Henteu bisa nyekel duit, sok beak bae.
  513. Letah leuwih seukeut manan pedang= Raheut hate ku omongan leuwih peurih karasana tibatan raheut biasa.
  514. Legok tapak genteng kadek =Loba kanyaho, loba luang pangalaman.
  515. Leleyep asu= Acan sare enya.
  516. Lembur matuh panglayungan, banjar karang pamidangan, nagara ancik-ancikan= Lembur tempat matuh atawa cicing.
  517. Lembur singkur, mandala singkah= Tempat anu nyumput sarta jauh.
  518. Lengkeh lege= Jelema buheukeu, euweuh cangkengan bawaning ku lintuh.
  519. Leubeut buah hejo daun =Keur meujeuhna lubak-libuk, euweuh kakurang.
  520. Leuleus awak =Gampang dititah.
  521. Leuleus kejo poena =Mimitina bengis, tapi beuki lila beuki hade.
  522. Leumpang sakaparan-paran =Teu puguh nu dijugjug.
  523. Leumpeuh yuni= Babari kapangaruhan, tara kuat nahan gogoda.
  524. Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana =Leungit euweuh urutna jeung teu puguh sababna, teu matak kaharti.
  525. Leutik burih= Borangan.
  526. Leutik pucus =Euweuh kawani.
  527. Leutik ringkang gede bugang =Sipat jalma, upamana maot loba uruseunana, sumawonna mun nepi ka ajal di panyabaan.
  528. Leutik-leutik ngagalatik =Leutik waruga tapi wanian, loba kabisa.
  529. Leuweung ganggong simagonggong, leuweung sisumenem jati= Leuweung geueuman pikakeueungeun.
  530. Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet =Pikiran jelema mah hese" dikira-kirana, boh hadena, boh gorengna.
  531. Lieuk euweuh ragap taya =Teu boga naon-naon, malarat, taya kaboga.
  532. Lir nu ngababad pacing =Tumerap ka nu ngelehkeun pirang-pirang musuh ku pedang.
  533. Loba catur tanpa bukur= Kalah ka omong, buktina euweuh.
  534. Loba teuing jaksa =Loba teuing nu mere tinimbangan atawa nasehat.
  535. Lodong kosong ngelentrung =Jelema bodo nu loba omong, boga laga nurutan nu pinter.
  536. Lolondokan =Bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan lingkungan atawa jeung kahayang jaman.
  537. Luhur kokopan =Gumede.
  538. Luhur kuta gede dunya =Beunghar sarta gede pangaruh.
  539. Luhur tincak =Kalakuanana sok nurutan nu luhur (pangkatna) atawa nu beunghar.
  540. Luncat mulang =Omonganana teu puguh dicekel, teu bisa dipercaya.
  541. Lungguh tutut bodo keong, sawah sakotak kaider kabeh =Siga lungguh katenjona padahal bangor.
  542. Mabok pangkat= Adigung, ieu aing jeneng.
  543. Macan biungan =Jelema anu teu akur jeung batur salembur.
  544. Mageuhan cangcut tali wanda =Saged rek bajoang.
  545. Maju jurang mundur jungkrang= Taya piliheun, ka ditu ka dieu pibalaieun. 
  546. Malengpeng pake! ku munding, ngajul bulan ku asiwung =Ngalampahkeun perkara nu moal pihasileun.
  547. Maliding sanak =Pilih kasih.
  548. Malik ka temen= Asal babanyolan tuluyna jadi enyaan.
  549. Malik mepeh =Gulang-guling lantaran henteu kuat nahan kanyeri atawa keur sakarat.
  550. Malikkeun pangali= Nu diserenan pagawean kawajibanana, kalah nempuhkeun ka nu nyerenkeunana.
  551. Manan leweh mending waleh =Tinimbang matak susah sorangan, mending nyarita satarabasna.
  552. Manasina sambel jahe, top top tewewet= Moal ujug-ujug kaala hasilna, kudu sabar.
  553. Mandi getih =Baloboran getih lantaran tatu.
  554. Mandi oray =Mandi ngan sakilat, mandi ngan sakecebes, teu make sabun.
  555. Mangkok emas eusi madu =Jelema anu omongna, lampahna, nepi ka hatena oge hade.
  556. Mangpengkeun kuya ka leuwi =Nu dititah ka lembur asalna kari-kari ngalelep teu balik deui.
  557. Manis lambe= Jangji sanggup naon-naon tapi ngan omong wungkul (kalah ka omong)
  558. Manuk hiber ku jangjangna= Jelema hirup ku akalna.
  559. Maot ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja =Sing bener waktu keur hirup, supaya ulah diomongkeun upama geus maot.
  560. Mapatahan naek ka monyet =Mapatahan ka nu leuwih pinter.
  561. Mapatahan ngojay ka meri= Mapatahan ka jalma nu leuwih loba kanyahona jeung pangalamanana.
  562. Mapay ka puhu leungeun =Kasalahan jelema sok mamawa goreng ka kolotna atawa ka saluhureunana.
  563. Maras miris= Teu pati wani.
  564. Marebutkeun balung tanpa eusi= Marebutkeun perkara anu teu aya gunana.
  565. Marebutkeun paisan kosong= Marebutkeun perkara nu teu aya gunana.
  566. Mata duiteun= Piduit pisan.
  567. Mata karanjang =Sadeuleu-deuleuna, bengbatan, biasana lalaki ku awewe.
  568. Mata simeuteun =Ngarasa heran, nepi ka olohok teu ngiceup-ngiceup.
  569. Matak andel-andeleun =Matak ngurangan kapercayaan nepi ka handeueul nu nitah.
  570. Matak ibur salelembur, matak ear sajajagat= Matak geunjleung, jadi carita di mana-mana.
  571. Matak pajauh huma= Matak hese silih anjangan atawa matak teu silih pikanyaah.
  572. Matak tibalik aseupan =Matak teu bisa nyangu.
  573. Maung ngamuk gajah meta= Bancang pakewuh.
  574. Maung ompong, bedil kosong, kareta kosong =Jalma nu boga komara man sanajan geus teu nyekel kakawasaan oge teu weleh dipikaserab.
  575. Maut ka puhu =Pasea budak mamawa ka kolot.
  576. Maut nyere ka congona =Asal beunghar, beuki kolot beuki kokoro; hirup susah pakokolot atawa ngarandapan kurang rejeki sanggeus kolot.
  577. Meber-meber totopong heureut =Ngajeujeuhkeun rejeki saeutik supaya mahi.
  578. Menta buntut= Menta deui.
  579. Mere langgir kalieun =Mere barang  nu kudu diakalan heula ku nu dibere, bari can tangtu hasilna.
  580. Medal sila =Ninggalkeun riungan lantaran ambek atawa wirang.
  581. Melengkung beukas nyalahan= Keur ngorana bageur, tapi ari geus kolot henteu eucreug; atawa nu ditaksir hade tapi goreng jadina.
  582. Melengkung umbul-umbulna, ngerab-ngerab banderana =Ngagambarkeun iring-iringan atawa kaayaan di tempat pesta.
  583. Mending kendor ngagembol tinimbang gancang pincang =Mending keneh lila tapi hasilna alus tibatan gancang tapi hasilna goreng.
  584. Mending pait ti heula tinimbang pait tungtungna =Dina urusan jual-beuli atawa usaha kudu asak heula badami, bisi jadi pacogregan di ahirna.
  585. Meuli teri meunang japuh= Kalawan teu disangka-sangka ti samemehna urang meunang milik anu leuwih gede.
  586. Meunang kopi pait =Digelendeng atawa dicarekan ku dunungan.
  587. Meunang luang tina burang =Meunang pangalaman pait lantaran cilaka heula.
  588. Meupeus keuyang= Ngabudalkeun kakeuheul atawa amarah ka nu teu tuah teu dosa, tampolana kana barang, lantaran ka nu boga kasalahanana mah teu wani ngambek.
  589. Miceun batok meunang coet =Miceun anu goreng ku sabab hayang meunang anu alus, tapi tungtungna mah kalah meunang nu goreng deuibae.
  590. Miceun beungeut =Ngabalieur, embung pateuteup lantaran ngewa atawa era.
  591. Mihape hayam ka heulang =Teu boga wiwaha, titip barang atawa harta banda ka nu geus katotol teu jujur.
  592. Mihapekeun maneh =Nyieun pikanyaaheun jeung pikaresepeun nu dicicingan atawa nu jadi dunungan.
  593. Milih-milih rabi, mindah-mindah rasa= Ganti pamajikan sugan leuwih ngarepok.
  594. Milik teu pahili-hili, bagja teu paala-ala= Rijki mah moal patukeur. Allah anu ngarijkian sakabeh mahluk-Na.
  595. Mindingan beungeut ku saweuy =Nyimbutan rasiah sorangan nu geus kanyahoan ku batur.
  596. Mipit kudu amit ngala kudu menta =Teu meunang cocorokot kana barang batur.
  597. Miyuni hurang, tai ka hulu-hulu= Bodo pisan.
  598. Miyuni hayam kabiri, ngeplek jawer ngandar jangjang, kumeok eleh ku bikang =Leutik burih, euweuh kawani. Tingali oge Ngeplek jawer ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri.
  599. Miyuni hui kamayung =Teu payaan, katoel saeutik ngambek.
  600. Moal aya haseup mun euweuh seuneu =Sagala rupa beja tangtu aya benerna, sanajan sok loba tambahna nu meunang ngareka.
  601. Moal ceurik menta eusi =Henteu maksa hayang dibere atawa dieusian.
  602. Moal ditarajean =Teu sieun, wani.
  603. Moal jauh laukna =Moal hese piuntungeunana.
  604. Moal mundur satunjang beas= Teu sieun teu gimir saeutik eutik acan.
  605. Moal ngabejaan indung suku =Rusiah pisan, moal dibeja-beja.
  606. Mobok manggih gorowong =Eukeur mah aya maksud, ari heg aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.
  607. Modal dengkul= Modal mangrupa kadaek jeung tanaga wungkul, teu make duit.
  608. Monyet kapalingan jagong =Nu maling kapalingan, tukang tipu katipu.
  609. Monyet ngagugulung kalapa =Nyaho luarna wungkul, teu apal kana jerona.
  610. Mopo memeh nanggung= Wegah memeh pek ngalaksanakeun pagawean.
  611. Moro julang ngaleupaskeun peusing =Ninggalkeun kauntungan nu geus tangtu, moro nu tacan puguh.
  612. Moro taya, tinggal kaya= Pakaya nu geus mukti ditinggalkeun, lantaran pindah ka tempat nu singsarwa euweuh.
  613. Muga sing ngarendekeh kawas sereh, ngarandakah manan manjah =Sing loba turunan.
  614. Mukti wibawa =Hirup senang sarta pada ngambeuan jeung pada ngahormat lantaran boga pangaruh.
  615. Mulih ka jati mulang ka asal= Maot, asal ti Alloh balik deui ka Alloh.
  616. Mun di lembur kayu randu, mun di leuweung kayu dangdeur, dipake pamikul bengkung, dipake pangeret bingkeng, dipake pancar teu ruhay, dipake tihul teu hurung =Jelema anu taya pupurieunana atawa araheunana, lantaran sagala pugag atawa taya kabisa.
  617. Mun kiruh ti girang, komo ka hilirna= Lamun pamingpin lampahna kurang hade/ komo nu dipingpinna.
  618. Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu ngoprek  moal nyapek=Lamun teu usaha/ digawe moal boga dahareun.
  619. Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan =Balik ti pangumbaraan ka tempat asal sarta teu niat ingkah deui.
  620. Mupugkeun tai kanjut =Kariaan leuwih gede ti biasa, lantaran ku ijiran moal rek kariaan deui.
  621. Murag bulu bitis =Teu betah cicing di imah, karesepna ngan nyaba bae.
  622. Murah sandang murah pangan =Teu kakurangan, loba pakeeun jeung dahareun
  623. Muriang teu kawayaan =Kalah wowotan, teu kuat nyangga lara ati, upamana anu keur kabungbulengan
  624. Mustika pagulingan =Wanoja geulis pisan.
  625. Musuh kabuyutan= Musuh ti baheula nepi ka ayeuna, atawa musuh turunan kawas ucing jeung anjing.
  626. Naheun bubu pahareup-hareup =Pahutang-hutang nepi ka pada kagok nagih
  627. Najan dibawa ka liang cocopet, moal burung nuturkeun =Dibawa ka mana-mana oge daek
  628. Nanggung bugang= Ditinggalkeun maot ku lanceuk jeung ku adi.
  629. Nangkeup mawa euyeub= Mawa cilaka ka nu dipentaan tulung.
  630. Nangtung di kariungan, ngadeg di karageman Kumpulan barempug , musawarah.
  631. Nembongkeun sihung =Nembongkeun kapunjul dirina sangkan dipikaserab atawa dipikasieun batur.
  632. Neneh bonteng =Ngogo ka budak, tapi ari ambek gampang neunggeul.
  633. Nepakeun jurig pateuh= Mindahkeun kagorengan ka batur sangkan sorangan salamet.
  634. Nete akar ngeumbing jangkar =Seseleket ka nu hese, nyorang wewengkon anu rumpil.
  635. Nete porot ngeumbing lesot= Sagala ihtiar teu hasil.
  636. Nete semplek nincak semplak= Kitu salah kieu salah; sagala rupa ihtiar teu hasil.
  637. Nete taraje nincak hambalan =Kudu merenah, kudu puguh pereleanana (ti handap heula).
  638. Nepak cai malar ceret =Ngagunakeun akal, supaya batur nyaritakeun perkara anu ku urang keur ditalungtik.
  639. Nepak dada =Ngagulkeun jasa diri sorangan.
  640. Nepi ka nyanghulu ngaler =Nepi ka paeh.
  641. Nepi ka pakotrek iteuk =Nepi ka pakokolot pisan (nu awet lakirabi ti keur pada ngora).
  642. Nepung-nepung bangkelung =Ngaraketkeun babarayaan ku jalan bebesanan.
  643. Neukteuk curuk dina pingping= Nyilakakeun baraya atawa batur sagolongan.
  644. Neukteuk leukeur meulah jantung, geus lain-lainna deui =Teu hayang dibalikan deui
  645. Neukteuk mere anggeus =Mutuskeun hubungan.
  646. Neundeun hate =Aya kahayang nu henteu dikedalkeun.
  647. Neundeun piheuleut nunda picela= Neangan lantaran supaya jadi goreng atawa bengkah.
  648. Ngabejaan bulu tuur =Ngabejaan perkara nu geus teu aneh keur nu dibejaan, da geus nyahoeun.
  649. Ngabeungeutan =Nembongkeun kagetolan jeung kasatiaan dina mimiti kumawula wungkul.
  650. Ngaboretekeun liang tai di pasar= Nyaritakeun rasiah sorangan nu matak aeb.
  651. Ngabudi ucing =Kawas nu teu karep, api-api teu hayang, padahal ngadagoan batur bongoh.
  652. Ngabudian= Nembongkeun pasemon ngewa, buad-baeud.
  653. Ngabuntut bangkong =Teu bisa mere katerangan nepi ka eces pisan, atawa teu sanggup nganggeuskeun pagawean.
  654. Ngacak-ngebur= Mangpang-meungpeung sabab sagala geus nyampak.
  655. Ngadek sacekna, nilas saplasna=Nyarita satarabasna, teu direka.
  656. Ngadeupaan linear= Karalang-kuriling deukeut imah nu keur hajat ngarah diaku atawa diondang.
  657. Ngadu angklung= Parebut omong atawa parea-rea omong nu taya gunana
  658. Ngadu bako =Ngobrol ngaler-ngidul bari teu puguh jejerna.
  659. Ngadu-ngadu rajawisuna= Ngahudangkeun amarah batur ngarah parasea.
  660. Ngagandong kejo, susah nyatu= Loba titaheun ngan hanjakal ku hese nitahna, lantaran euweuh nu daekeun.
  661. Ngagedag bari mulungan= Nanyakeun hiji perkara anu manehna sorangan teu nyaho jawabanana, susuganan bisa terus nyaho tina jawaban ti anu ditanyana.
  662. Ngahihileudan =Ngahalang-halang jadina hiji perkara ku jalan ngagogoreng, nyingsieunan atawa mitenah.
  663. Ngahuntu kala =Paselang nu luhur jeung nu handap dina jajaran.
  664. Ngahurun balung ku tulang= Jelema nu diuk bari nangkeup tuur lantaran keur susah atawa keur bingung.
  665. Ngalalakon= Nyieun peta nu matak ngahesekeun.
  666. Ngalambang sari =Awewe atawa lalaki nu geus boga salaki atawa pamajikan ngalakukeun hubungan seks di luar nikah; jinah.
  667. Ngalamot curuk =Teu beubeunangan, teu hasil.
  668. Ngalap hate =Ngagenahkeun hate batur sangkan nyaaheun ka urang.
  669. Ngalenghoy lir ma can teu nangan =Awewe nu leumpang ngalenghoy atawa ngalanggeor.
  670. Ngaletak ciduh =Teu tulus atawa ngabatalkeun omongan.
  671. Ngalebur tapak = Ngaleungitkeun lampah goreng, supaya migawe nu hade.
  672. Ngaliarkeun taleus ateul =Resep ngucah-ngaceli kagorengan batur.
  673. Ngalingling ngadeuleu maling= Nenjo bari susulumputan da embung kanyahoan ku nu ditenjo atawa ku batur.
  674. Ngalintuhan maung kuru= Neangan pibahayaeun.
  675. Ngalungkeun kuya ka leuwi =Nempatkeun jelema  ka lemburna sorangan.
  676. Ngan ukur saoleseun =Ngan ukur keur kaulinan atawa keur saheulaanan, lain rek enya-enya dijieun pamajikan nu bener.
  677. Ngandung hate =Ngunek-ngunek, boga hate goreng hayang males kanyeri; rasa teu ngeunah dina hate anu can leungit-leungit.
  678. Nganjuk kudu naur, ngahutang kudu mayar =Pihutang, tagihan, sabalikna tina hutang-hatong.
  679. Nganyam samak neukteukan bari motongan =Neang anak ngadeukeutan popotongan.
  680. Ngarah ngarinah= Ngarugikeun batur ku jalan ngabobodo, nipu,jste.
  681. Ngarah sahuap-sakopeun= Usaha leuleutikan, neangan rejeki saharitaeun.
  682. Ngaraja dewek =Marentah nagara nurutkeun kahayang sorangan.
  683. Ngarangkay koja= Robah adat, tina hade kana goreng, ngan henteu ngadadak, tapi lila.
  684. Ngarawu ku siku =Hayang loba panghasilan ku rupa-rupa usaha nu tungtungna teu kaurus, sabalikna tina karawu kapangku.
  685. Ngarujak sentul =Nu keur paguneman pahare-hare, batur ka kidul ieu ka kaler.
  686. Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam= Mere maweh ka deungeun-deungeun ari ka baraya joledar.
  687. Ngawurkeur\wijen kana keusik =Pagawean nu mubadir.
  688. Ngeplek jawer ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri =Kecing,borangan, elehan.
  689. Ngebutkeun totopong =Ngetrukkeun elmu-pangabisa.
  690. Ngeduk cikur kudu mihatur, nyokel jahe kudu micarek, ngagegel kudu bewara =Kudu menta idin heula ka nu bogana.
  691. Ngembang wera= Beureum beungeut lantaran ambek atawa era (asal tina wera).
  692. Ngembat-ngembat nyatang pinang= Kacida panjangna, iring iringan, aleutan.
  693. Ngepung meja =Dariuk sakurilingeun meja, rek dalahar.
  694. Ngeunah angen ngeunah angeun =Senang hate jeung ngeunah barangdahar.
  695. Ngeunah Eon teu ngeunah Ehe =Hayang ngeunah sorangan bae, teu ngingetkeun kaperluan batur, teu adil lantaran nu sapihak pinter kodek.
  696. Ngeunah nyandang ngeunah nyanding =Hirup senang lantaran cukup pake jeung nyandingkeun pamajikan nu satia.
  697. Ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup= Neangan akal pikeun nyilakakeun dunungan.
  698. Ngeupeul ngahuapan maneh =Mere nasehat atawa nyieun aturan kalawan maksud nguntungkeun sorangan.
  699. Ngindung ka waktu, ngabapa ka mangsa= Nyurupkeun kalakuan kana kaayaan jaman.
  700. Ngijing sila bengkok sembah= Teu satia ka dunungan.
  701. Nginjeum sirit ka nu kawin =Nginjeum barang anu keur dipake ku nu bogana, jeung ngan sakitu-kituna.
  702. Ngodok Hang buntu =Geus hese cape, ari pek teh teu hasil sabab aya nu ngahalangan.
  703. Ngorbankeun jiwa jeung raga= Ngorbankeun sagala rupa nu dipibanda, sanajan nepi ka nyawa pisan.
  704. Ngotok ngowo =Cicing bae di imah, tara liar.
  705. Ngudag-ngudag kalangkang heulang= Ngarep-ngarep perkara anu samar kalaksanakeun.
  706. Ngukur baju sasereg awak =Hirup saeukeurna, dina papait jeung mamanis teu daek pacorok jeung batur.
  707. Ngukur ka kujur nimbang ka awak =Diluyukeun jeung kaayaan atawa pangaboga.
  708. Ngusap birit bari indit =Ninggalkeun pasamoan tanpa pamit heula.
  709. Nilik bari ngeusi =Babanda ngumpulkeun parabot imah henteu disakalikeun, tapi ditungtut saeutik-saeutik.
  710. Nimu luang tina burang =Meunang pangalaman lantaran cilaka heula.
  711. Ninggalkeun hayam dudutaneun =Ninggalkeun pagawean nu can anggeus.
  712. Nini-nini dikeningan, ewe randa dihiasan =Ngararangkenan barang nu geus butut, najan dirias dihade-hade oge angger bae teu katenjo alus.
  713. Nini-nini leungit sapeuting, tai maung huisan =Katuding pedah aya patalina jeung kajadian nu jadi perkara.
  714. Nista, maja, utama =Sakali keun bae, dua kali dihampura keneh, ari katilu kali mah lain antepeun 
  715. Nongtot jodo =Geus aya anu ngalamar tapi bedo deui.
  716. Noong ka kolong =Leutik hate, pondok pikiran.
  717. Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha =Nu nyieun kahadean dibales ku kagorengan.
  718. Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan =Nu keur susah dipupuas atawa ditambahan kasusahna.
  719. Nu burung diangklungan, nu gelo didogdogan, nu edan dikendangan =Anu gedebul dihaminan supaya tambah maceuh.
  720. Nu geulis jadi werejit, nu lenjang jadi baruang Nu geulis bisa jadi matak ngabahlakeun (ngabahayakeun) ka lalaki .
  721. Nu titeuleum disimbeuhan =Nu keur cilaka dipupuas. Ilikan oge Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan.
  722. Nuju hurup ninggang wirahma= Pasehat tur ngeunah laguna (nu ngaji).
  723. Numbuk di sue =Meneran keur sue sawatara kali.
  724. Nunggul pinang =Geus teu boga baraya.
  725. Nungtut bari ngeusi =Usaha ngulik elmu atawa ngumpulkeun rejeki saeutik-saeunk nepi ka aya buktina.
  726. Nurub cupu =Ngarepok, sarua alusna.
  727. Nutup lobang ngali lobang =Mayar hutang ku duit meunang nginjeum.
  728. Nuturkeun indung suku =Leumpang sakaparan-paran, henteu puguh anu dijugjug.
  729. Nya di hurang, nya di keuyeup= Boh di menak boh di kuring, wiwirang atawa kateungeunahan hate mah sarua bae.
  730. Nya picung nya hulu maung= Hare-hare, batur ngaler ieu ngidul .
  731. Nyaah dulang =Nyaahna ka anak ngan ngurus dahar pakena, hen­teu nguruskeun atikanana.
  732. Nyaeuran gunung ku taneuh, nyaeuran sagara ku uyah= Mere atawa nambahan kauntungan ka anu geus beunghar.
  733. Nyaho lautanana =Nyaho karesep jeung kateuresepna.
  734. Nyair hurang meunang kancra= Kabeneran meunang untung gede ku usaha leuleutikan.
  735. Nyakrawati bahu denda =Marentah, ngaheuyeuk nagara.
  736. Nyaliksik ka buuk leutik =Barangpenta atawa ngarah kauntungan ku rupa-rupa jalan ti raya.
  737. Nyalindung di caangna =Ngahaja meres rayat supaya meunang kauntungan nu leuwih gede, ku jalan ngajual nga-ran pamarentah, pangagung, atawa dunungan.
  738. Nyalindung ka gelung= Lalaki nu cicing, ari awewe digawe. Atawa lalaki teu boga, boga pamajikan ka nu beunghar.
  739. Nyandang tatali =Ditalian atawa dibarogol lantaran boga dosa.
  740. Nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, suku genteng belokeun =Masrahkeun maneh pikeun dihukum lan­taran rumasa boga dosa.
  741. Nyanggakeun buukna salambar, getihna satetes= Pokpokan lalaki nu nyerenkeun pamajikanana ka mitoha dina waktu nyerahkeun.
  742. Nyanghulu ka jarian =Ngadunungan ka jelema nu sahandapeun martabatna.
  743. Nyaur kudu diukur, nyabda kudu dtungang= Omongan kudu ditimbang-timbang heula bisi nyentug kana hate batur.
  744. Nyecepo ka nu rarempo =Ngahinakeun ka jalma anu teu boga.
  745. Nyekel sabuk milang tatu =Ngadu jajaten, gelut atawa perang.
  746. Nyeri beuheung sosonggeteun =Geus lila ngadagoan nu kuduna geus datang.
  747. Nyeri peurih geus kapanggih, lara wirang geus kasorang =Sagala dodoja hirup geus kaalaman.
  748. Nyeungeut damar di suhunan= Nembongkeun kabeungharan ata­wa mere maweh ka deungeun-deungeun ngarah pamuji.
  749. Nyeungseurikeun upih murag =Nyeungseurikeun batur padahal ku mariehna bakal kasorang.
  750. Nyiar batuk pibaraheun, nyieun piheueuh =Neangan pipanyakiteun.
  751. Nyiar teri meunang japuh =Meunang untung gede ti batan nu diharepkeun.
  752. Nyiduh ka langit =Mapatahan ka saluhureun .
  753. Nyieun catur taya dapur =Ngarang carita teu puguh galurna.
  754. Nyieun piandel =Ngatur carita bohong ngarah dipercaya.
  755. Nyieun pucuk ti girang =Nyieun jalan pipaseaeun.
  756. Nyiruan teu resepeun nyeuseup nu pait-pait =Kalumrahanana jelema mah teu resepeun cacampuran jeung nu miskin.
  757. Nyokot lesot, ngeumbing porot= Sagala rupa ihtiar atawa tarekah teu hasil.
  758. Nyolok mata buncelik= Ngalampahkeun naon-naon di hareupeun hiji jelema, kalayan maksud nganyenyeri kana hate eta jelema.
  759. Nyolong bade= Siga bageur tapi jahat.
  760. Nyoo gado =Ngunghak, ngaheureuykeun.
  761. Nyukcruk leuwi malar cai, nyiar seuneu kundang damar =Nyusul-nyusul pituduh batur nu jauh gara-gara teu waspada ka nu nyampak di pribadina.
  762. Ombak banyuan =Buuk nu gating ombak-ombakan.
  763. Omong harus batan goong =Beja gampang nerekabna, jeung biasana sok pada ngaleuwihan tina buktina.
  764. Oray nyampeurkeun paneunggeul= Nyampeurkeun atawa ngadeukeutan pibahlaeun atawa pibahayaeun.
  765. Owah akal =Teu jejeg pikiranana.
  766. Owah gingsir= Henteu tetep dina hiji pamadegan.
  767. Paanteur-anteur julang =Nu tas dianteurkeun, nganteurkeun deui nu tas nganteurkeunana.
  768. Pabalik (ti balik) letah =Barangbere tapi dipenta deui.
  769. Pacikrak ngalawan merak =Rayat leutik ngalawan menak atawa nu keur kuasa, nu lemah ngalawan nu kuat.
  770. Pada rubak sisi samping =Pada gede hampura, atawa pada loba luang pangalaman.
  771. Padaringan kebek =Repok nu alus, bakal moal kakurangan rejeki.
  772. Paeh pikir =Teu boga karep.
  773. Paeh poso =Meakeun kadaek, tisusut tidungdung.
  774. Paeh teu hos, hirup teu neut =Gering ngalanglayung, hirup tapi teu eureun-eureun gering.
  775. Pagede-gede urat rengge =Patarik-tarik nyoara .
  776. Pageuh kancing loba anjing =Taki-taki mageuhan tulak, bisi aya bancang pakewuh.
  777. Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian =Pada hayang leuwih ti babaturan dina jalan usaha, teu daek sapapait-samamanis,teu daek silih tulungan.
  778. Paheuyeuk-heuyeuk leungeun Babarengan, sauyunan.
  779. Pait daging pahang tulang =Mulus awak langka katerap kasakit.
  780. Pait paria Pait ngeunah.
  781. Pajauh huma =Pegat babarayaan.
  782. Pakait pikir =Jangji rek ngahiji.
  783. Pakokolot supa =Padeukeut umurna, henteu sabaraha ganjor.
  784. Pamuka lawang =Oleh-oleh, kiriman.
  785. Panasbaran =Babari ambek.
  786. Panas leungeun =Teu jadian pepelakan, sabalikna tina His leungeun.
  787. Panday tara boga bedog =Nyindiran tukang nyieun sarupaning barang, nu teu bogaeun eta barang nu sok dijieunna.
  788. Pangeran mah tara nanggeuy ti bongkokna =Ilikan Alloh mah tarananggeuy ti bongkokna.
  789. Pangeprak reumis= Purah diutah-etah, ngajalankeun pagawean nu lumayan.
  790. Panjang ingetan =Teu babari poho.
  791. Panjang lengkah =Jauh panyabaan, henteu kagok indit-inditan.
  792. Panjang leungeun =Cocorokot, sok pulang-paling.
  793. Panon keongeun =Panon nu caian bae.
  794. Panonna kandar ka sisi= Resep ngareretan nu kasep .
  795. Papadon los ka kolong =Nu jangji tara jadi; pasini geus asak pisan, tuluyna bolay.
  796. Papais-pais paray= Pateep kawas paray nu dipais, bari ngahuntu kala.
  797. Paraji ukur malar saji =Dukun palsu, ngan ngarah buruhan wungkul.
  798. Pardu kasambut sunat kalampah =Ngalakukeun anu wajib bari sakalian anu sunat.
  799. Pareumeun obor =Teu nyaho saha-sahana nu jadi baraya atawa karuhun lantaran euweuh nu ngabejaan.
  800. Pariuk manggih kekeb =Papada meunangkeun nu goreng patut.
  801. Pasini jangji pasang subaya =Nyieun perjangjian.
  802. Pasrah arit =Pasrah teu terus jeung hate.
  803. Pat-pat gulipat =Kalakuan licik, teu jujur.
  804. Perang urat sarap =Perang teu make pakarang.
  805. Perlaya ing yuda=Kasambut di pangperangan.
  806. Petot bengo dulur sorangan =Sanajan ngewa atawa ambek ka dulur atawa ka baraya anu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu weleh hayang nulungan, jeung ngahampura kasalahanana, henteu tega ngantep
  807. Peujit koreseun= Isuk-isuk keneh geus kudu barangdahar, elat meueusan sok nyalingit beuteung.
  808. Peunggas rancatan= Beak modal, tepi ka jadi pugag usaha, atawa ditinggalkeun maot ku anu jadi andelan.
  809. Peureum hayam =Peureum meueusan, bisa keneh nenjo atawa api-api peureum.
  810. Peureum kadeuleu, beunta katara = Ingetbae.
  811. Picung cibur =Saregepna digawe ngan mimiti bae
  812. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir =Mikahayang anu henteu layak pikeun dirina.
  813. Pindah cai dibawa tampianana =Aya di pangumbaraan, mageuhan adat kabiasaan sorangan.
  814. Pindah cai pindah tampian =Nyaluyukeun diri kana adat kabia­saan di tempat anyar.
  815. Pindah pileumpangan =Robah adat atawa robah kalakuan, tina hade jadi goreng.
  816. Pinter aling-aling bodo =Saenyana mah pinter, tapi embung kanyahoan ku batur, malah kalah sok nyeta-nyeta nu bodo.
  817. Pinter kabalinger =Ongkoh pinter, tapi katipu atawa ngayakeun aturan anu teu bener pikeun kapentingan sorangan.
  818. Pinter kodek= Licik, daek me"nta embung mere.
  819. Pipilih nyiar nu leuwih, koceplak meunang nu pecak =Hayang nu leuwih alus, kalah meunang nu goreng.
  820. Piruruhan dikatengah-imahkeun =Nu hina jadi mulya, tapi sanggeus mulya adatna jadi ningkah loba lelewa.
  821. Poek mongkleng buta radin =Poek pisan, teu katenjo nu legok legok, siga rata bae.
  822. Poho ka purwadaksina (wiwitan) =Pindah pileumpangan, robah adat jadi gede hulu.
  823. Pokrol bambu =Pangacara nu teu boga kaahlian dina widang hukum, ngan ukur boga pangalaman.
  824. Pondok catur panjang maksud =Caritaan anu ringkes tapi ngeusi.
  825. Pondok heureut= Kurang akal, teu daek mikir nu hese-hese.
  826. Pondok jodo =Teu awet laki-rabi.
  827. Pondok jodo panjang baraya =Sanajan pondok jodo sing nuluy jadi baraya.
  828. Pondok lengkah =Teu pati bebas lunta ti lembur.
  829. Pondok nyogok panjang nyugak =Omongan anu matak nyentug kana hate, garihal teu matak resep ngadengekeunana.
  830. Potol jarum =Awewe nu taya pisan boga pakaya.
  831. Potol teko =Lalaki nu taya pisan boga pakaya.
  832. Pucuk awian =Tara puguh pamadegan (jangji), luak-leok bae.
  833. Puguh entep seureuhna =Merele, sarta alus susunan basana.
  834. Pupulur memeh mantun= Menta diburuhan memeh prak digawe.
  835. Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak= Katideresa, katindih ku kari-kari, dituding boga dosa lantaran kabeneran aya di tempat kajadianana kajahatan.
  836. Pur manuk =Ngagawekeun jelema bari teu jeung disuguh, ngan diburuhan duit wungkul.
  837. Puraga tamba kadengda =Digawe asal jadi, tamba henteu, asal bae.
  838. Ranggaek memeh tandukan =Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina. Saharti jeung beunghar memeh boga atawajeneng memeh pangkat.
  839. Raweuy beuweungeun, rambay alaeun= Subur mamur loba dahareun hasil tani.
  840. Rea harta rea harti, rea ketan rea keton= Loba pare  jeung loba duit, taya kakurang.
  841. Rea rambat kamalena= Rea patula-patalina jeung perkara sejen.
  842. Rek dibeureum rek dihideung ge pasrah =Rek dikumahakeun oge moal ngalawan.
  843. Rek dijieun jimat parepeh= Rek didama-dama, awewe ku salakina nu kacida bogoheunana.
  844. Rejeki kaseser ku hakan =Rejeki beak ku dipake barangdahar atawa beak ku kaperluan dahareun wungkul.
  845. Rejeki maungeun =Rejeki gede anu datangna bleg-blegan, tapi langka pisan.
  846. Rempug jukung =Sauyunan, sahate, silihtulungan.
  847. Reuneuh munding= Awewe reuneuh leuwih ti salapan bulan.
  848. Reuntas ku tingkah =Turun harkat lantaran goreng laku lampah.
  849. Risi ku bisi, rempan ku sugan= Rea kasalempang dina waktu kurang aman.
  850. Rokrok pondokeun, peunggas harupateun= Babari ambek, babari anggeus-anggeusan.
  851. Rumbak caringin di buruan =Geus euweuh nu bakal ngingetan, ku sabab geus teu boga kolot saluhureun.
  852. Rup ku padung rap ku lemah, katuruban taneuh beureum =Geus maot, dikubur.
  853. Rusuh luput, gancang pincang, kajeun kendor dapon ngagembol= Sanajan gancang ari gaplah percumah, mending kendor tapi hasil.
  854. Saampar samak= Sagebleg jeung kaayaanana meh sarua, sakapat atawa satatar , disebutkeun kana sawah atawa tanah nu padeukeut atawa tepung wates jeung sawah atawa tanah batur.
  855. Saaub payung sacaang damar= Lahan atawa pakarangan heureut.
  856. Sabata sarimbagan, sabobot sapihanean= Layeut sauyunan, tara pasalia pikir
  857. Sabda pandita ratu =Pangandika raja kudu beunang dipercaya kawas sabda pandita, raja teu meunang cidra. 
  858. Sabuni-buni nu ngising= Sanajan dibuni-buni/dirasiahkeun, pagawean serong man awal ahir sok kanyahoan.
  859. Sacangreud pageuh, sagolek pangkek =Sagala omonganana ditedunan, tara jalir jangji, pageuh nyekel jangji, tara sulaya tina omonganana.
  860. Saciduh metu, saucap nyata =Sipat nu luhung elmuna, sagala rupa kasauranana aya buktina.
  861. Saciriking duit sakocopoking bogo= Rupa-rupa perkara anu boga daya tarik kana hate.
  862. Sadom araning baraja (braja), sakunang araning geni= Perkara (barang) anu bisa ngalantarankeun cilaka, sanajan teu pira .
  863. Saeutik mahi loba nyesa =Jelema anu bisa ngatur rejeki, najan ukur meunang saeutik, tapi bisa nyumponan pangabutuh.
  864. Saeutik patri =Najan saeutik tapi matak sugema lantaran alus.
  865. Saherang-herangna cibeas =Sabersih-bersihna hate jelema nu geus nganyenyeri moal beresih pisan.
  866. Sakeser daun =Babari lapar deui.
  867. Sakecap kadua gobang =Babari ambek, malah mun ambek bari sok ngagunakeun pakarang.
  868. Sakti mandraguna = Pohara saktina.
  869. Sakuru-kuruna lembu, saregeng-regengna banteng= Sakumaha teu bogana, jalma nu asalna beunghar, moal miskin-miskin teuing.
  870. Salieuk beh =Beunghar, sagala aya.
  871. Salisung garduh =Sapongkol (sakongkol).
  872. Saluhurna punduk, tara ngaliwatan hulu= Sakumaha pinterna murid (waktu harita), moal leuwih pinter ti guruna. Samagaha pikir (hate) Hirup bingung, baluweng mikiran kasusah.
  873. Sanajan nepi ka bisa ngukir langit =Sanajan sakumaha pinterna.
  874. Sangsara di geusan betah= Jelema anu kacida miskinna, tapi anehna teh ari hirup mah hayang keneh.
  875. Sapapait samamanis= Hirup rukun.
  876. Sapi anut ka banteng =Awewe ngawula ka salaki.
  877. Sapu nyere pegat simpay =Papisah sanggeus babarengan lila, lantaran pindah tempat.
  878. Sareundeuk saigel, sabobot (saketak) sapihanean, sabata sarimbagan =Rempug sauyunan, sabagja sacilaka, lulus runtut.
  879. Sari gunung =Tegep geulis katenjona ti kaanggangan ari ti kadeukeutan mah teu sabaraha.
  880. Sasieureun sabeunyeureun =Saeutik-eutikeun.
  881. Satalen tilu baru =Kitu-kitu keneh.
  882. Satengah buah leunca =Rada gelo, kurang ingetan.
  883. Sato busana daging, jalma busana elmu =Jelema mah minangka nu jadi papakeanana teh elmu, lain daging kawas sato.
  884. Saumur nyunyuhun hulu= Ti barang lahir, ti barang inget.
  885. Saungkab peundeuy= Omongan nu ringkes sarta rada janggal, upamana nu carang takol, ari rajeun ngomong saungkab peundeuy.
  886. Saur manuk =Ngajawab pertanyaan bareng sarta sarua, saperti ngucapkeun, "Mupakat, akur!"
  887. Sawaja sabeusi =Sarua harkatna, darajatna atawa rajakayana, sakupu (salaki jeung pamajikan).
  888. Sawan geureuh =Kawas nu reuwas ku digeunggeureuh-keun.
  889. Sawan kuya =Kawas kuya nangkarak teu bisa nangkub, dilarapkeun ka jalma nu naek teu bisa turun atawa nu hayang eureun tina pagawean nu geus dimimitian tapi teu bisa.
  890. Sengserang padung= Jelema geus kolot, ceuk taksiran geus deukeut kapaeh.
  891. Sengserang panon =Jajaka atawa parawan nu keur meujeuhna pikaresepeun, atawa keur meujeuhna resep nenjo nu tegep lantaran keur mangkat beger.
  892. Setan bungkeuleukan =Jelema anu kacida jahatna, taya rasrasan dina kadolimanana.
  893. Sela hapitan gunung =Budak lalaki nu boga lanceuk awewe hiji jeung adi awewe hiji.
  894. Selang-seling =Aya eling aya henteu (nu gering rada owah).
  895. Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat (beja) =Kabar angin atawa kabar tolok, nyaeta beja anu nyebarna ditatalepakeun, teu puguh sumberna.
  896. Sentak badakeun =Digawe rosa tapi ngan sajongjongan; digawena getol sakapeung, reureundahan.
  897. Sepi paling towong rampog =Aman kerta raharja.
  898. Serah bongkokan =Taluk, sanggeus ngarasa teter.
  899. Sereg di buana (panto), logor di liang jarum =Teu bisa atawa teu wani campur jeung jalma rea nu balener lantaran jahat loba dosa, biasana campurna di kalangan nu jarahat deui bari susulumputan.
  900. Seukeut ambeu seukeut panon= Loba mata-matana.
  901. Seukeut tambang manan gobang =Sakumaha gagahna jelema lamun ngalawan ka pamarentah tangtu katangkep.
  902. Seuneu hurung dipancaran= Jelema nu keur ambek ditambahan piambekeuna na.
  903. Seuneu hurung, cai caah, ulah disorang= Jalma ami keur napsu ulah diladenan atawa diheureuyan.
  904. Seuri koneng Seuri maur, seuri bari rada era atawa nyeri, upamana tas ceurik atawa tas ngambek.
  905. Seuseut batan neureuy keueus= Kacida hesena.
  906. Si Cepot jadi raja =Jelema euweuh kabisa jadi pamingpin.
  907. Sibanyo laleur= Ledis pisan, teu nyesa saeutik-eutik acan.
  908. Siduru isuk= Nyunatan budak teu make raramean, sarta teu ondang-ondang.
  909. Sieun keplok jadi tamplok= Sieun rugi saeutik, tapi tungtungna rugi gede pisan.
  910. Sieun nyakclak jadi bahe= Sieun rugi tapi tungtungna jadi lapur.
  911. Siga bentang kabeurangan =Geulis pisan.
  912. Siga bungaok= Goreng patut pisan.
  913. Silih jenggut jeung nu gundul= Pakumaha-kumaha jeung batur nu pada teu boga nanaon.
  914. Siniger tengah= Sikep atawa pamadegan nu sedeng, biasana henteu biluk ka salahsahiji pihak.
  915. Sireum ateulan Teu adil dina babagi atawa teu sarua gedena dina barangjieun; teu sarua ukuranana.
  916. Sireum ngalawan kadal =Nu leutik ngalawan nu gede.
  917. Sirung ngaluhuran tunggul =Jelema nu darajatna atawa elmuna ngungkulan kolotna atawa guruna.
  918. Sisit kadal =Goreng milik.
  919. Sisit kancra= Alus milik.
  920. Soeh keuyeupeun =Soeh nyiku atawa masekon (baju, samping jsb).
  921. Sono bogoh geus kalakon, lara wirang geus kasorang =Geus cukup pangalaman ngarasakeun suka-duka.
  922. Sosoroh gawe =Menta digawekeun tanpa buruhan, asal dibere dahar.
  923. Sosoroh kojor= Milu perang nandonkeun nyawa, tapi miluna teu iklas, lantaran dipaksa.
  924. Suku sambung leumpang, biwir (letah) sambung lemek= Darma mangnepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
  925. Sulit ati belang bayah =Dilarapkeun ka jelema nu pundungan jeung goreng sangka ka batur.
  926. Suluh besem ari diasur-asur mah hurung= Jelema sabar oge ari hantem diangsonan mah piraku teu ngalawan.
  927. Sumput-salindung= Boga kalakuan anu ulah kanyahoan ku batur.
  928. Sundul ka langit =Kacida luhurna nepi ka kawas nu adek kana langit.
  929. Taarna teja mentrangan =Tarang anu alus kawas anu cahayaan.
  930. Tacan aya nu nganjang ka pageto= Can aya jelema nu nyaho naon anu bakal kajadian di ahir.
  931. Tai ka hulu-hulu =Tingali miyunihurang, taika hulu-hulu
  932. Taktak korangeun =Taktak leway kawas kempis.
  933. Tamba gado ngaburayot =Tamba cicing teu barangdahar, lumayan sanajan lain nu ngeunah.
  934. Tamiang meulit ka bitis =Malindes ka diri sorangan.
  935. Tamplok aseupan =Turun sagemblengna ka anak, boh dedeg-pangadegna boh tingkah lakuna.
  936. Tamplok batokeun =Berehan, balabah teuing nepi ka teu ngingetkeun kana kaperluan sorangan.
  937. Tangkal kai teu kalis ku angin= Unggal jelema kudu bae nyorang kasusah.
  938. Taraje nanggeuh dulang tinande =Sadia ngajalankeun parentah.
  939. Tatah wadung =Rajakaya anu dipiboga ku hiji jalma.
  940. Tawar gatra Nawaran dahar tamba henteu basa-basa acan.= Bandingkeun jeung Ajak jawa
  941. Taya dunya kinasihan =Sagala rupa dibikeun pikeun jalma nu dipikaasih mah.
  942. Taya genah panasaran =Geus ngarasa sugema, teu ngandung hate.
  943. Taya geusan pakumaha = Euweuh batur keur diajak badami.
  944. Taya halodo panyadapan= Taya eureunna pasea.
  945. Taya kabau= Sagala daek, sagala beuki.
  946. Taya tangan pangawasa =Leuleus, taya tanaga.
  947. Tembong gelor= Hiji barang atawa tempat anu katembongna mah deukeut padahal saenyana jauh.
  948. Teng manuk teng, anak merak kukuncungan= Ngala ka indung jeung ka bapa.
  949. Tebus purun paradah wani =Upama perlu daek nebus, sarta wanikatempuhan jeung wani tanggung jawab.
  950. Teguh pancuh= Teguh pamadegan.
  951. Teluh kejo =Tunduh lantaran seubeuh teuing dahar.
  952. Terusing ratu rembesing kusumah =Turunan raja-raja atawa menak.
  953. Teu asup kolem =Teu asup bilangan, teu kaaku golongan.
  954. Teu aya geuneuk maleukmeuk= Bersih hate, teu ngunek-ngunek.
  955. Teu hade gawe =Teu pantes bisa digawe.
  956. Teu basa teu carita =Teu aya beja pisan.
  957. Teu basa-basa acan =Teu ngedalkeun rasa bungah, sono atawa tumarima.
  958. Teu beunang dikoet ku nu keked= Jelema koret, teu beunang dipentaan tulung ku nu keur susah.
  959. Teu beunang disupa dulang =Teu beunang dibebenjokeun.
  960. Teu boga pikir rangkepan= Bolostrong, teu boga curiga, atawa teu boga rasa timburu.
  961. Teu boga tulang tonggong =Teu boga tatalang raga.
  962. Teu busik bulu salambar =Salamet atawa meunang kaunggulan, henteu kabeunangan ku musuh.
  963. Teu busik-busik acan =Salamet, henteu kabeunangan ku musuh. Babandingan teu busik bulu salambar.
  964. Teu cai herang-herang acan= Teu disuguhan naon-naon.
  965. Teu di hurang teu di keuyeup =Parasaan mah teu di cacah teu di menak, sarua bae.
  966. Teu diambeuan =Teu dihargaan, teu diajenan, teu dipikaserab, teu dipikaera, teu dipikasieun.
  967. Teu dibere cai atah =Teu diogo.
  968. Teu didingding kelir= Diceplakkeun satarabasna taya nu di-pinding-pinding.
  969. Teu dipiceun sasieur =Ceples, sarua pisan.
  970. Teu eleh geleng =Henteu eleh pangabisa.
  971. Teu elok teu embol =Teu katenjo datang atawa balikna, teu tembong-ternbong.
  972. Teu embut teu ciak= Teu mere beja saeutik-eutik acan.
  973. Teu gedag bulu salambar= Teu sieun saeutik-eutik acan ku ancaman musuh.
  974. Teu gugur teu angin =Teu aya lantaranana, teu aya sabab-musababna.
  975. Teu hir teu walahir =Teu baraya meueus-meueus acan.
  976. Teu inget sacongo buuk= Poho sama sakali.
  977. Teu jauh ti juru tihang, teu anggang ti tihang tengah =Geus goreng rupana teh goreng kalakuanana, sabab sok pulang-paling.
  978. Teu kabadanan =Teu katanagaan.
  979. Teu kakurung ku entik =Teu kaasup bilangan jelema anu kudu disuguhan/ dibere dahar.
  980. Teu kaur beunta/teu kaur buluan =Teu kaur aya kaboga, beak deui-beak deui.
  981. Teu lemek teu nyarek= Teu ngomong naon-naon.
  982. Teu mais teu meuleum =Teu pipilueun kana urusan nu jadi carita.
  983. Teu meunang cai atah =Teu dipangmeunangkeun.
  984. Teu nalipak maneh= Teu ngukur ka kujur, ngalampahkeun kalakuan nu teu saluyu jeung kaayaan dirina.
  985. Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan =Ngumbar napsu sahwat bari henteu pipilih heula.
  986. Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata= Nyaksian ku sorangan, lain beunang beja.
  987. Teu nyaho di alip bingkeng =Buta hurup, teu bisa ngejah-ngejah acan.
  988. Teu nyaho di hitut bau =Teu loba pangalaman, dusun.
  989. Teu nyaho di kaler-kidul =Linglung, kapaider.
  990. Teu pindo gawe T=eu ngabohong.
  991. Teu puguh alang ujurna = Teu puguh entep seureuhna, teu beres
  992. Teu puguh monyet hideungna= Teu puguh tungtungna.
  993. Teu sanak teu kadang =Teu boga baraya pisan.
  994. Teu tata pasini =Teu cacarita heula, teu badami heula.
  995. Teu tuah teu dosa= Teu boga kasalahan naon-naon.
  996. Teu uyahan= Rehe, teu lucu.
  997. Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang =Balukar tina teu wawuh, tangtu bakal jadi pajauh.
  998. Ti batan meunang pala anggur meunang palu =Ti batan meunang pujian atawa buruhan kalah ka dicarekan.
  999. Ti kikirik nepi ka jadi anjing =Ti bubudak  tepi ka sawawa (dewasa).
  1000. Ti nanggerang lila beurang ti nangkorek lila poek= Ti mana-mana, ti suklakna ti siklukna.
  1001. Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk= Ti bubudak nepi ka bongkok ku kakolotan.
  1002. Ti peuting kapalingan, ti beurang kasayaban =Karoroncodan leuwih ti sakali.
  1003. Tibalik pasangan= Lain kitu kuduna, tojaiah jeung nu bener.
  1004. Tibatan kapok, anggur gawok =Henteu kapok, anggur ngahanakeun.
  1005. Tiis ceuli herang mata =Ngarasa sugema, taya kahariwang, ngeunah tetenjoan.
  1006. Tiis dingin paripurna =Sampurnaning tiis pikir/ tibra sare, kacida ngarasa sugemana, taya kahariwang.
  1007. Tiis leungeun= Jadian pepelakan.
  1008. Tiis pikir =Senang hate.
  1009. Tiis-tiis jahe =Tenang-tenang wae, padahal rek nyanghareupan pagawean gede tur bangga.
  1010. Tikoro andon peso= Nyampeurkeun nu rek newak atawa ngahukum.
  1011. Tilas tepus= Ukur sacukupna bae.
  1012. Tinggar kalongeun= Tina mindeng teuing dicarekan atawa dilarang, tungtungna teu sieuneun.
  1013. Tipu keling, ragaji inggris= Pinter dina urusan kajahatan, pangpangna dina nipu atawa macikeuh deungeun.
  1014. Tisusut tidungdung =Digawe ti isuk nepi ka peuting teu eureun-eureun.
  1015. Titip diri sangsang badan =Mihapekeun maneh, kumawula supaya aya anu mere dahar jeung pake.
  1016. Titirah ngadon kanceuh =Neangan kasenangan, tapi kalah meunang kasusah.
  1017. Totopong heureut dibeber-beber kalah soek =Rejeki saeutik ari kaperluan loba, tungtungna timbul kasusah.
  1018. Trong kohkol morongkol, dur bedug murungkut =Dilarapkeun ka jelema nu kedul hudang subuh.
  1019. Tuang jinis =Jelema nu sok seuri ku carita atawa dongengna sorangan, ari batur mah euweuh nu seuri.
  1020. Tugur tundan cuntang gantang= Kawajiban nu leutik ngalampahkeun papagon nagara.
  1021. Tumpang sirang =Teu pantes barangpake, tumamu lantaran kararagok wae jeung nu dicicingan.
  1022. Tunggu tutung =Nu ngajaga atawa nu tunggu kapalingan ku lantaran lalawora.
  1023. Tunggul dirarud, catang dirumpak =Ngalajur napsu taya nu dihiding, euweuh kasieun, sagala dirumpak.
  1024. Tunggul kuras =Duit teu sabaraha anu ngahaja disesakeun, tamba kosong teuing pesak (dompet).
  1025. Tunggul sirungan catang supaan =Aya kajadian goreng di ahir nu matak teu ngeunah balukarna.
  1026. Tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan= Junun digawe henteu kabengbat ku pagawean sejen.
  1027. Turun ka ranjang =Kawin ka adi beuteung sanggeus jeung lanceukna kapegat ku ajal atawa pepegatan.
  1028. Turun tangis =Babarian ceurik.
  1029. Turunan Tumenggung sundung, patih arit =Lain turunan menak sanajan enya jeneng.
  1030. Tutung atahan =Pagawean atawa jijieunan anu alus sawareh.
  1031. Tuturut munding =Nurutan kalakuan batur bari teu ngarti kana maksudna.
  1032. Tutus langkung, kepang halang, bobo sapanon carang sapakan =Omongan atawa caritaan anu salah pok-pokanana atawa teu pati merenah.
  1033. Ubar puruluk= Omongan pikeun nengtremkeun pikir sakadarna, ulah ngarasula.
  1034. Ukur pulang modal= Henteu untung henteu rugi, balik jinis.
  1035. Ulah andelan ulah pidelan =Ulah percayaan teuing, tapi ulah teu percayaan teuing.
  1036. Ulah cara ka kembang malati, kudu cara ka picung= Ulah babari bosen, kudu mayeng kanyaah, kudu mimitina asih beuki lila beuki asih.
  1037. Ulah ieu aing uyah kidul= Ulah asa aing pangpunjulna.
  1038. Ulah incah balilahan =Entong pindah tempat.
  1039. Ulah sambat kaniaya =Ulah majar maneh dikaniaya, da bongan boga dosa.
  1040. Ulah tiis-tiis jahe= Ulah senang-senang atawa cicing-cicing bae samemeh sasadiaan pikeun ngalaksanakeun perkara nu disanghareupan.
  1041. Umur gagaduhan, banda sasampiran =Boh umur boh harta banda teu ngaboga-boga, sabab dina hakekatna mah sadayana oge kagungan Allah.
  1042. Uncal kaauban surak =Ngadenge beja tacan sidik tuluy diandel enya bae.
  1043. Uncal tara ridueun ku tanduk= Elmu moal matak ridu mamawa.
  1044. Undur kadeuleu punduk, datang kadeuleu tarang =Henteu ngaleos kitu bae, bebeja heula, basa rek indit saperti basa datang.
  1045. Unggah balewatangan =Katarik kana perkara kudu datang ka pangadilan, boh ukur jadi saksi boh jadi nu didakwa.
  1046. Urang curug ngebul= Jalma dusun ti nu jauh pisan ti kota.
  1047. Urang kampung bau lisung, cacah rucah atah warah =Jelema dusun.
  1048. Uteuk tongo dina tarang batur katenjo, ari gajah depa dina punduk teu karasa =Kagorengan batur sanajan saeutik kanyahoan, ari cacad awak sorangan masing gede oge teu karasa.
  1049. Uteuk tongo walang taga =Barang-barang atawa sasatoan anu panglaleutikna.
  1050. Uyah tara tees ka luhur =Sipat anak sok ngala ka indung-bapana.
  1051. Waspada permana tingal =Terus tingal, ilikan weruh sadurung winarvh.
  1052. Wawuh munding= Wawuh meueusan pedah sok panggih di jalan atawa dina pasamoan.
  1053. Weruh sadurung winarah =Nyaho memeh dibejaan.
  1054. Wiwirang di kolong catang, nya gede nya panjang= Wiwirang gede nu teu bisa dibunian.
  1055. Watang sinambungan= Nu pasea atawa nu boga perkara batur, tapi ari cekcokna jeung urang.
  1056. Yuni kembang= Jelema arm pasipatanana kawas kembang, pikaresepeun atawa pikalucueun.
  1057. Yuni tai =Jelema arm pasipatanana teu pikaresepeun atawa teu pikalucueun

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »

3 komentar

komentar
16 Januari 2016 pukul 21.24 delete

Anjeun kudu an injeuman urgent? anjeun dina utang? anjeun kudu injeuman urgent pikeun ngabiayaan Anjeun bisnis ?, geus geus nolak ku bank Anjeun, salempang teu leuwih, Services urang nu Gancang, Mudah & gajian aman ayeuna dina kaayaan naon bae. Nginjeum nepi ka $ 2.000 - $ 1,000.000 Dinten! Contact us gaduh leuwih seueur inpo injeuman di email ieu: noramildred.loan@hotmail.com

Catetan: Anjeun bakal ngaharepkeun jawaban penyisihan jeung babak waragad dina waktu 24 jam

Wasalam.
Ibu Nora

Reply
avatar
7 Juli 2016 pukul 08.29 delete

(Merithope6@gmail.com)

Hello Kami Bu, istighfar. a lender injeuman sah jeung dipercaya ka lender, er tawaran gajian imah, gajian mobil, gajian hotel, tawaran komérsial, nu kudu ngamutahirkeun sakabéh kaayaan finansial di dunya / pausahaan pikeun mantuan maranéhanana anu kadaptar duit lenders gajian pribadi, mortgages, gajian konstruksi , laju dipikaresep low 2% jsb modal, gajian bisnis jeung gajian kiridit goréng gawé, mimitian up. Urang ngabiayaan proyék di leungeun jeung sungut Anjeun / mitra jeung Abdi hoyong nawarkeun gajian pribadi ka klien maranéhanana ti USD $ 12.000 ka $ 8.000.000, euro jeung pon kitu wungkul. Kuring méré gajian bisnis,
gajian Personal, gajian mahasiswa, gajian mobil jeung gajian mayar tagihan. lamun
kudu injeuman geus maneh mun ieu kanggo Anjeun pikeun kontak kuring langsung
Dina: (merithope6@gmail.com)
Allah ngaberkahan anjeun.
tulus,
Ibu: istighfar Hope
Surélék: (merithope6@gmail.com)

Catetan: Sadaya response kudu dikirim ka: (merithope6@gmail.com). kontak urang via e-mail kanggo inpo nu leuwih

Reply
avatar
9 November 2016 pukul 15.51 delete

Wilujeng siang,
Ulah anjeun kudu an injeuman urgent pikeun ngajawab kaperluan finansial Anjeun, nyadiakeun injeuman
mimitian ti $ 3,000.00 ka $ 1000,000.00 Max, urang dipercaya, efisien,
saum sareng dinamis, jeung 100% dijamin injeuman ogé méré (euro, pon kitu
jeung dollar.) laju interest lumaku ka sadaya gajian geus (3%), lamun
museurkeun meunangkeun deui ka urang.
ngaliwatan (Geepeeloanfirm@gmail.com): Services disadiakeun di antarana:
* Pamutahiran Home
* Gajian manggih
* Konsolidasi Debt injeuman
* Gajian Business
* Gajian Personal.
kontak urang ayeuna jeung urang bungah pikeun ngalakukeun usaha jeung urang
email: Geepeeloanfirm@gmail.com

Reply
avatar
gholextrezz@gmail.com. Diberdayakan oleh Blogger.

Arsip Blog

Toad Jumping Up and Down

Pengikut