Dewi Kunti Nalibrata

 










   Dewi Kunti Nalibrata teh Putri raja Kuntiboja ti nagara Mandura.
Dewi Kunti kagungan raka wastana Basudewa .
Dewi kunti teh kalintang saktina ,di antawisna tiasa nyumpingkeun para Dewa.
    Sateuacana nikah Dewi Kunti Nalibrata kakandungan kalayan teu wajar.
Ari margina anjeuna parantos ditung ku kekemben jimat dina waktos tengah dinten
Batara Surya anu kagungan dosana ,sanggem ngaluarkeun jabang bayi tina cepil Dewi Kunti.
Kumargi kitu wasta eta bayi teh Karna.
    Salami jadi prameswari Pandu Dewanata,Dewi Kunti kagungan putra tilu.
Nu cikal jenengana Darma kusumah,nu kadua wastana Bratasena,anu bungsu nyaeta Arjuna.
Janten Dewi Kunti teh kagungan putrana opat
Nyaeta Karna di Batara Surya.
  Sok sanaos dipangwayuhkeun ku Pandu,Dewi Kunti kalintang sabarna,Dewi Kunti estu jalmi utami,tetep samujud ka caroge.Sabda Dewi Madrim pupus ngiringlebuh tumangan sareng Pandu,putrana nyaeta Nakula sareng Sdewa diangken putra pribadi ku Dewi Kunti.
    Pienjingeunnana  Karna sareng Arjuna bade perang dina Brata Yuda,Dewi Kunti nepangan Karna.
Maksadna masihan terang ka Karna,rehna nu janten musuh teh Arjuna,nyaeta rayina kuanjeun.
Dewi Kunti kalintang ngangresna ,nalika Karna tetep palay perang ancur-ancuran.
margi kangge Dewi Kunti mah,boh Karna boh Arjuna tetep putra pituin,sami asihna sareng abotna
upami dikantunkeun pupus ku salah sawios putrana.
Adipati Karna pupus di panah ku Arjuna.Dewi Kunti kalintang sedihna,dikintun pupus ku Karna teh.
Margi Karna mah teu acan kantos kenging kaasih ti nu janten ibu.
     Sarengsena Barata Yuda,Dewi Kunti diboyong ku para Pandawa ti nagara Amarta ka Astina
Di Astina anjeuna sasarengan sareng raka carogena nyaeta Destarata miwah Dewi Anggandari (garwa Destarata).Kumargi Destarata sareng garwana teu betah di Astina,aranjeuna teras arangkat ka Alas Bandawasa maksadna bade tatapa.
Nya Dewi Kunti oge ngiring tatapa,dugi ka pupusna.

Katerangan
anjeuna=manehna
kekemben=karembong
prameswari=garwa raja nu nomer hiji(nu pangpayuna)
dipangwayuhkeun=dipangnyandungkeun=janten garwa nu sepuh
sabada=saparantosna
lebuh tumangan=ngiring pupus satia ka caroge ku jalan ngduruk anjeun
diwagel=dicarek=dicaram
kapapancenan=kapasihan tugas
ngangresna=sedihna
alas bandawasa=leuweung geledegan

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »
gholextrezz@gmail.com. Diberdayakan oleh Blogger.

Arsip Blog

Toad Jumping Up and Down

Pengikut